Kamis, 26 September 2013

CARPON SUNDA

TANGKAL DUIT

 Ku Erwin Wahyudi



Ditaksir ku para ahli mah, umur éta tangkal nu ngabedega di tengah alun-alun téh

geus ratusan taun. Saking ku badagna, sabudeureun éta tempat kaiuhan pisan ku

dahanna nu ngarandakah.

Tangkal duit katelahna téh. Sabab, tina dahanna kalaluar duit lambaran jeung duit

kencring. Teu wudu, saban poéna téh alun-alun jadi pangdeugdeugan ti mana-mana.

Udaganana taya lian, rék ngaralaan duit nu jadi dina éta tangkal.

Aya nu bagéan beurang, aya ogé anu resep ngaralaan duit bagéan peuting.

Geus pada ngalarti sorangan lebah dinyana mah, pada-pada ngalarapkeun jeung

kamampuhna séwang-séwang.

Hiji poé. Wanci haneut moyan. Alun-alun jiga sasari geus riab ku jelema. Lalaki,

awéwé, kolot jeung barudak mamawa gantar. Tukang daragang ogé marilu dadasar.

Pagaliwota. Tumplek minuhan sabudeureun éta tempat.

Mang Dudu. Hiji lalaki tengah tuwuh.  Maneuh indit ti imahna saacan matapoé

meleték, bari teu poho memekel gantar nu jadi pakakas. Saragamna geus jadi ciri nu

mandiri. Kaos belél adumanis jeung calana sontog nu geus lalayu sekar, katambah

anduk leutik nu tara lésot mapaésan beuheungna.

"Pamugi dinten ieu mah kékéngingan téh sing rada mucekil, Gusti...,"

Selasa, 24 September 2013

CARPON SUNDA

PAMAJIKAN

Ku Erwin Wahyudi


Karék sataun digawé di ieu pausahaan téh, tutas di-phk ti pagawéan nu lila. Gedé

milik puguh ogé basa tiheula panggih jeung Si Réndi téh, sobat dalit jaman keur kuliah.

Waktu meredih ménta milu digawé téh, aya ku kabeneran, kantor pusat Bapana rék

muka kantor cabang di ieu kota.

Haté bungah kacida waktu nampa béja, yén kuring lulus tina tés panarimaan

karyawan téh. Lian ti tempat pagawéan nu deukeut ti imah, karék asup geus langsung jadi

ménéjer, duméh nempo pangalaman tiheula jadi supervisor jiganamah. Mobil inventaris.

Anakbuah euweuh nu baha. Tumaninah pisan.

Abong kéna kangaranan jelema, teu cicing dina hiji darajat. Kakeunaan ku owah

gingsir. Dibéré hiji hayang dua. Boga dua jorojoy hayang tilu. Terus... terus... terus... teu


CARPON SUNDA

LALAKON AHIR BULAN

Ku Erwin Wahyudi
.


Boni keur ngabaheuhay 'na korsi térlas. Pikiranana keur cus-cos ka ditu-ka dieu.

Tanggal kolot, duit 'na jero lokétna geus euweuh nu nyelap salambar-lambar acan.

Pasosoré basa tadi mulang digawé, kalah disampakkeun budi nu haseum ti

Késih, pamajikanana. Panyakit matuh saban almenak geus nincak tanggal lilikuran.

Di langit bulan taya némbongan. Béntang nu sasarina tingkaretip, kalah

nyarumput satukangeun méga hideung. Angin nu keur nebak hihiliwiran, teu bisa

niiskeun eusi polo Boni nu keur sumedeng ngahéab.

"Duit sakieu-kieuna, ari budak     merenyéng waé hayang bayaran sakola! Éra

cenah dicalukan waé ku guruna, Kang! Jaba nu boga kontrakan ménta dibérésan

sagancangna. Mun tulus dibayarkeun ka sakola, rék dahar naon atuh isukan?


FIKSIMINI

Operasi Sapu Jagat

Setatus siaga 1 di Batawi. Teu pira. Mr. Jansen. Incuna Wésterling. Pupuhu LSM ti nagara Walanda. Mosting dina wall fésbuk sobatna. Raheut Simintul. Anggota déwan. "Merdéka sudah 68 taun, koq rakyatna banyak yang melarat? Kasian, dékh, bangsanya jij...!" Kontan. Saeusi nagara jadi geunjleung. Harénghéng. Kausik hargadiri. Asa dicoo gado. Ku PBB dititah ménta hampura. Kalah nangtang. "Dasar bangsa inlander," pokna téh. Dina blog-na.
Pangagung nagara, nu sasarina leutik burih, harita mah dumadak témbong sipat jaluna. Sigep. Maréntahkeun angkatan perang pikeun sayaga. "Kita serang Belanda...!" Dina Twitter-na. Rahayat ngarojong pisan. Ti Sabang nepi Merauké jadi sabeungkeutan. Nyarumbangkeun hartana. Jangeun waragad ngajorag Walanda.
Operasi dimimitian. 50 batalyon nu diparéntahkeun ngagempur. Balabuh di Rotterdam. Perang campuh ampir sabulan lilana. Réwuan tentara musuh palastra. Walanda serah bongkokan. Istana karajaan. Bandara. Setatsion. Kanal-kanal. Kabéh bisa direbut. Bandéra beureum-bodas tingkélébét di sapanjang jalan. Ti harita. Nagri Tulip jadi bagian tina Énonésa.

FIKSIMINI

1 Syawal

Wanci tunggang gunung. Dipirig ku girimis ipis. Nété tétéan. Muru pasir tonggoheun erél karéta. Ngahaja rék munjungan ka Bapa. Saprak papisah sawatara mangsa. Bréh. Imah sagéwok. Hanjakal teu katowéksa. Jukut nu nyaliara. Témbokna lalukutan. Sawaréh marékplékan. Bati ngageuri. "Assalamu'alaikum..." Ngeleter. Uluk salam. Dijawab ku angin nu nebak dangdaunan. Deku. Taya tangan pangawasa. Ngagukguk. Kaduhung teu kungsi ngadeuheus. Saacan Bapa nyicingan imah anyarna.
Kakangen caah 'na jeroeun bayah. Hayang neueulkeun sirah kana hariguna. Seja masrahkeun cimata. Sugan ditukeuran ku pangampurana. Lian ti éta. Sono manco jiga bihari. Ngabandungan lalakon lawasna jaman keur ngora. Matak pogot. Sakalian rék ngiberan. Incu kameumeutna, kiwari geus nincak rumaja. Tada teuing bungaheunana.
Hawa nyecep tapak girimis nu tadi. Séah cai wahangan lebakeun pasir. Mapaésan wanci nu cunduk sareupna. Kelir simpé mingkin ngarandakah. Lantip ngabulen sabudeureun. Parat nepi kana lulurung haté. "Abdi wangsul, Pa..." Pamitan. Tutas adan Magrib nu munggaran di bulan Syawal. Ngalanglaeu. Ngajak sumerah.

FIKSIMINI

Puasa Poé Pamungkas

Add caption
Saprak indit ti imah. Amplop bodas jeroeun brankas. Tigin. Ngabeulit pikir nu keur dirangkul kabingung. Hulang-huleng. Tambuh laku. "Pésakan, lur...," ceuk haréwos goib. Kuniang. Gep. Leungeun ngeleper. Tingsariak. Gék deui. Amplop digolérkeun 'na méja. Ketug jajantung mingkin ratug. "Gusti...!" Ngarahuh. Ras inget. Si Jalu. Masantrén tadi peuting. Kantor pulisi. "Euweuh deui jalan! Gasik!" Geus ngaharéwos deui. Sora nu tadi. Rohangan kantor tambah nyongkab.
Matapoé. Anteng. Ngencar-ngencarkeun panas nu keur meujeuhna buringas. Haseup mulek. Kandaraan metet. Jelema riab. Pajejel-jejel di unggal toko. Tatahar. Marapag poé lebaran nu tinggal sakiceup deui. Anjog. Patugas pikét jeung kumendanna. Golosor. Sarangah-séréngéh. Budak digabrug. "Ampun, Pa..., moal sakali-kali deui," pokna. Nyegruk. Sirahna diusapan.
Hibar layung luhureun Galunggung. Sawah upluk-aplak anyar tandur. Wirahma cai pancuran. Mirig léngkah semu rusuh. Duaan. Mapay-mapay jalan lembur. Muru buka puasa nu pamungkas. "Sisinanteneun marapah, geuning?" Panalék ti saban tatangga. Nyéh seuri sorangan. Ngolémbar. Motor kameumeut. Nu tadi beurang diwadalkeun.

FIKSIMINI

Kolor Kang Wildan

Kang Wildan. Guligah. Teu kaop meuli kolor nu weuteuh, isukna sok tuluy leungit. Meunang béja. Cenah, dibikeunan ka dukun. Dipaké sarat. Ku Ceu Clarisa, pamajikanana sorangan, nu galak jeung timburuanana sagedé gunung. Beurang peuting manéhna nyidem kapanasaran. Teu wani pok. Ngarumasakeun. Gimir ku sajak, nu narapel 'na haok-polototna ingkang garwa.
Kajurung ku panasaran. Kang Wildan. Ngawani-wanikeun karep. Nalék pamajikanana najan bari rerempodan. "Dibikeunan ka saha kolor nu Papih téh, Mih...?" Sorana halon. Ngeleter. Ceu Clarisa. Bijil tanduk tina sirahna. Batan ngaku kalah napsu. "Najis aingah! Keur nanahaon kolor manéh...!" Néngtéréwélang. Piring jeung gelas ngarapung. Sapatu budak eunteup kana beungeutna. Jiga sasari. Kang Wildan. Ngarumpuyuk.
Ngadéngé nu brong-brang di tengah imah, Ma Dolis, mitohana Kang Wildan, kalah gogoléran di jero kamerna. Gegerendengan semu haroshos. Leungeunna ngeukeuweuk hiji barang, nu salila ieu remen diakukeun leungit ku minantuna. Sakapeung diteueul-teueulkeun kana hariguna. Sakapeung deui diseuseup jero naker. Panonna peureum beunta.

FIKSIMINI

Hayang Puasa Di Lembur

Wirahma sora adan Asar nu ngalanglaung 'na poé munggahan, dibarung hawa nu nyecep tapak hujan saméméhna, giak ngabagéakeun basa kuring anjog. Rada sabil rék terus asup téh. Kalah ngajanteng sajongjonan. Ngawur-ngawur panénjo ka sabudeureun pakarangan.
Tangkal sukun. Rambutan. Balingbing jeung nangka walanda. Angger kénéh ngabedega cara bihari. Babalongan. Nu dipapaés ku Aérmancur jeung patung awéwé ngéngélék gentong. Matak nyeblak. Metot panineungan.
Paromanna teu bérag nempo kuring datang téh. "Tara-tara ti sasari, apan biasana ogé sok maleman takbir ari mulang téh?" Daria naker. "Manawi diwidian, Ai hoyong saum di lembur, supados tiasa ngaréncangan Apa," cekéng. Ngeluk. Teu wasa males teuteupna nu seukeut lir balati. "Saukur rék reureuh sabulaneun? Ari geus Sawal?" Nalék deui. "Abdi téh...." Teu kebat. Ungkara kaburu nyarangked 'na tikoro. Nahan piceurikeun. "Percumah ari isuk pagéto rék dilakonan deui mah, Ai...," Sora Apa. Ngalimba. Terus ngaléos jeung korsiroda-na. Ninggalkeun kuring nu keur katalimbeng.

FIKSIMINI

Lalakon Asih Kuring

Wanci haneut moyan basa papisah jeung manéhna téh. Kuring dibikeun ka budakna dunungan. Ka sakola. Nyérését ngagerihan haté. Paanggang jeung nu jadi bébéné. Bagja teu daulat. Di jalan. Kuring kalah moncor tina saku calana saragamna. Gorolong! Gejebur! Solokan. Hideung. Bau. Metet ku runtah. "Tobat...!" Jejeritan. Roroésan. Nyeungceurikan nasib. Sieun reureuh salilana di ieu tempat. Saminggu. Sabulan. Can aya waé milik. Pikiran teu weléh nganteng. Ka si manéhna. Beubeureuh anu geus maneuh. Nu duka di mana boa. "Kabiruyungan dipanggihkeun deui, kitu...?" Gerentes saban waktu. Bray. Dunya jadi caang deui. Hiji lalaki nu keur beberesih. Ngarawatan kuring. Dibawa balik. Dimandian. Digaringkeun. Dibebeskeun kana liang nu heurin. Cring! "Aduh...," ceuk anu katindihan. Asa-asa. Dilieuk. Bréh.
"Akang...!"
"Nyai...!"
Ngembang kadu. Satengah teu percaya. Laju silih gabrug. Mudalkeun kasono nu ngagalura. Disaksian ku seuri bungah babaturan nu cikénéh tepung. "Nuhun, Gusti...! Dina jero céngcéléngan ieu, tali duriat kuring jeung manéhna nyambung deui."

FIKSIMINI

Duriat nu Nalaktak

Langit lénglang luhureun setadion Si Jalak Harupat, nu harita salin jinis jadi sagara biru. Kuring jeung manéhna. Ngaludeung-ludeung karep, sanajan dikeput rasa kahariwang. "Énjoy aja, lagih, ngapain mesti takut," ceuk manéhna, ngagedékeun haté. Bener ceuk sasaha, cinta mah lolong, tara nempo kasangtukang. Kalan-kalan ligarna ogé sok di tengah-tengah seuneu konflik. Loba nu nyarita, yén ieu kelir kayas téh teu parok. Ngondang picilakaeun. Pon kitu deui manéhna. "Korlap bilang, ini cinta haram," cenah, basa kamari balaka. Sabodo teuing, ah! Moal mikiran
Setadion asa rék runtuh ku ketakna rébuan bobotoh nu sakitu metetna. Aya nu nyeungeut flare. Nu niup tarompét pelastik. Nu éak-éakan bari ajrag-ajragan, jiga nu mupuas ka sabelas pamaén musuh gerot, nu harita keur nandangan wiwirang. Manéhna mah teu riuk-riuk paromanna téh. "Maaf, yah...," cekéng. Ngiceupan. Semu ogo. Bari seuri konéng, manéhna ngaharéwos, "Selamat...! Kamu menang." Bari memener samléh jékét biruna nu gombrang, nu nyumputkeun kaos oranyeu di jerona.

FIKSIMINI

Tangkal Duit

Aya hiji tangkal nu pohara jangkungna. Ditaksir ku para ahli, ceunah umurna geus ratusan taun. Loba jelema nu ngadeugdeug, maretakeun akalna pikeun ngalaan duit nu jaradi dina dahanna. Kaasup Ki Dirga. Ti isuk nepi ka surupna matapoé milu parebutan jeung batur, nyoéran duit kencring nu ngagarantung 'na dahan panghandapna.
Hiji waktu. Inyana reureuh sajongjonan. Ngumpulkeun deui tanaga bari nyérangkeun ketak baturna nu lian. Lolobana mah nu sarua keur nyoéran. Aya nu nérékél, bari mimindengna mah nyirorot deui kusabab leueur. Aya waé nu tuna kabisa, saukur tatanggahan. Aya ogé sakumpulan jelema arahéng nu maraké jas, nu leungeunna paranjang kacida. Hasilna leuwih mucekil, maranéhna bisa mipitan duit lambaran nu narapel dina dahan béh luhur. Ki Dirga tangka gogodeg.
"Isuk deui, ah," ceuk manéhna, basa wanci manjing sareupna. Aya gurat guligah katara dina paromanna. Mulang bari nyakuan duit hasil nyoéran nu teu sabaraha, alatan gantarna éléh panjang manan nu lian.

FIKSIMINI

Jakarta, Awal Taun 2025

Ki Dirga. Anteng nyawang layung nu keur hurung ngempur, tina jandéla beus nu ngajajap manéhna sapiri-umpi, mulang ka lembur nu méh kapopohokeun. Rus-ras. Ngumbar rébuan panineungan salila puluhan taun ngumbara, di puseur dayeuh nu mimiti ditaringgalkeun ku pangeusina. Kota Metropolitan nu ceuyah ku pangbibita, nu geus ngirut jeung ngabandang jutaan jelema, harita keur gering sahos-hoseun. Teu walakaya dihakan ku mangsa.
Sajeungkal demi sajeungkal, wewengkon Jakarta béak kakeueum, ditelegan ku laut kalér nu mingkin ngagalaksak. Cahya matapoé nu saban poé kabulen ku haseup kenalpot. Gedong-gedong nu ngagalebros. Gunung runtah nu ngubur walungan, katambah harga sakompan cai beresih nu papak jeung harga sa-gram emas.
Ki Dirga. Neuteup beungeut anak jeung pamajikanana nu keur ngageubra. Ngarahuh. Dina sela-sela rénghap napasna nu beurat, nyelap sababaraha rupa kelir pangharepan nu karék ligar. Seja mitembeyan lalakon anyar, di sarakan nu geus mangtaun-taun teu kasaba ku manéhna.

FIKSIMINI

Poé Pamustungan di Kaésong

Add caption
April 2013, katompérnakeun. Langit béngras. Haneutna matapoé anteb ngusapan kulit. Hareupeun taman nu dipapaés ku kembang forsythia jeung azaléa nu keur sumedeng laligar. Kaéndahan musim semi nu teu sabanding jeung kaayan haté sapada harita.
"Kacipta nyecepna spring taun payun mah, Mbi...," cekéng. Ngarahuh, bari ngararasakeun baseuhna tapak biwir anjeun nu karasa amis 'na tungtung létah. Anjeun mah kalah anteng nyérangkeun kukupu nu bangun jaligrah mapag usum. Katangén aya nu ngamalir 'na pipi anjeun. "Asih urang mah kahalangan dua polét bandéra, Kang Iyang...! Rék nepi iraha ngaran dua nagara urang maraké implik-implik kalér jeung kidul," ceuk anjeun. Dumareuda. Soré nyilihkeun beurang. Abrulan manuk laleutik mimiti naringgalkeun patamanan. Handapeun tangkal sansuyu, rangkulan beuki pageuh. "Najan isuk pagéto urang paanggang, haté mah salawasna silih anjangan, Kang...," haréwos anjeun nu gumeleter.
Aya nu ngepris jeroeun dada, waktu neuteup beungeut jeung gupay anjeun, dina jero beus nu ngajajap rombongan pamungkas ka tapel wates.

FIKSIMINI

Kapal Tanker ti Jepang

Add caption
Sagara Pasifik. Unit patroli laut keur ngaroris hiji kapal nu panjangna ampir 150 méter. Satengah jam katukang, ABK-na hariweusweus ngirimkeun kodeu S.O.S. Ngan, nu keur mariksa téh ngarasa dikeput kabingung. Salian teu manggihan jelema saurang-urang acan, maranéhna ogé ngarasa hémeng, basa nyaksian muatan kapal nu metet ku sabangsaning pakakas perang potongan kabiharian.
Komandanna kerang-kerung, waktu keur maca hiji buku nu kapanggih ti kamer kaptén kapal. "SHINKOKU MARU. 1944," gerentesna. Dua halisna méh tepung. "Dan! Boa-boa...," ceuk saurang anakbuahna. Can ogé béak kapanasaran, mesin kapal dumadak hirup sorangan, sedeng lampu nu aya di jero rohangan kalah reup-bray. Sajongjonan kalah silihpencrong. Komandanna laju nyorowok méré komando, "Mundur...!"
Geus aya sajamna, pasukan nu tujuhan téh kukurilingan di sabudeureun dinya-dinya kénéh, kalangsu 'na jero beuteung kapal ku lalangsé goib. Sapanjang palka jeung lulurung kapal, hawar-hawar kapireng haleuangna lagu Kimigayo, paselang jeung sora nu tingjarerit tanpa jirim.

FIKSIMINI

Riung Mungpulung Taun Kali

Taun ieu téh minangkana mah gelaran nu ka-limalas kalina. Pamilon geus kumpul ti sapoé saacanna. Tempatna saperti biasa dipuseurkeun di sabudeureun jambatan Semanggi. Tina sakabéh nu datang téh, euweuh nu robah saeutik-eutik acan jeung taun-taun nu geus kaliwat. Sorot panon anu kopong. Pasemon nu aralum. Kulit bocél tapak pélor, jeung awak nu garéhéng sésa kaduruk.
Wanci sareupna. Kabéh nu hadir euweuh nu nyora saurang-urang acan, basa panitia ngayakeun acara tongtonan. Bruh-bréh, rébuan gambar lalakon jaman harita, nu atra kagambar ti hiji adegan ka adegan. Babaungna sirineu. Gas airmata. Tingbarasatna témbakan. Getih seger nu maseuhan aspal, jeung seuneu nu ngahuru wangunan.
Acara lekasan. Dumadak awor ku sora ceurik jeung tingjareritna nu lalajo. Aweuhanana karasa ngageuri nyasaak bayah. Sisieun jambatan, kuring anteng nyérangkeun patalimarga jeung gedong-gedong nu lampuna tingkaretip, dibaturan ku sobat dalit jaman keur kuliah, Si Cin Lan. "Panggih deui taun hareup, lur...," ceuk manéhna, saacan hiber ka kidulkeun.

FIKSIMINI

Proyék Rusiah nu Burakrakan

Alarm teu eureun jejeritan. Kuring, Insinyur Asih katut Profesor Entis, buru-buru nyingkah ti rohangan. Teu lila laboraturium ngabaledug, ngancurkeun pakakasna nu harga jutaan Dollar. Di pakarangan, kuring jeung maranéhna olohok mata simeuteun, nyérangkeun kandang kobra nu legana tilu kalieun lapang méngbal geus rata jeung taneuh. Helikopter suwung, jalan hiji-hijina kaluar ti ieu pulo kudu nembus heula leuweung, nu kiwari tangtuna geus jadi karajaan oray hasil tina rékayasa génétik.
Ngarandeg sakeudeung. Silihpencrong. Sorot-sorot panon nu kebek ku kahariwang. "Pasti bisa...!" Cekéng. Rasa sebér minuhan uteuk séwang-séwang, duméh mindeng pisan nangénan oray nu naplok 'na dahan, jeung ngaléor 'na jukut. Wates antara hirup jeung paéh ipis kacida. Hanjakal, karék satengah jam nyorang lalampahan, nu duaan ngagoak méh bareng.
"Ah...! Tulung...!" Gubrag! Nyésa kuring sorangan.
Napas méh béak. Kudupruk, deku 'na keusik basisir. Reuwas pagalo jeung sieun, basa nempo kobra nu sagedé konténer. Matana hurung, létahna ngelél, hareupeun speedboat nu jadi harepan pamustungan.

FIKSIMINI

Ronda Malem Juma'ah

Pukul 01.30. Kuring kapapancénan bagéan mapayan lembur jeung sababaraha urang, ari nu sawaréh deui mah keur aranteng gapléh di pos kamling. Kawantu lembur perenahna di tutugan gunung. Pararoék, jempling, dibarung hawa tiis nu matak noroktok. Orokaya, sakitu loba batur ogé, asa keueung rarasaan téh peuting ieu mah. Sajajalan ngaludeung-ludeungkeun karep, najan ketug jajantung mingkin ngerepan.
Halimun mimiti ngandelan. Ngaléngkah ogé karasana asa leuwih beurat. Lebah tanjakan deukeut astana, Si Uju ngarandeg. "Mang, na teu kaangseu bau hanyir?" Sorana laun. "Gandéng, siah! Rék nyingsieunan déwék...?" Mang Ojo ngagebés, kituna téh irungna mah bari ungas-ingeus. "Cuang balik deui, wé, lah!" Si Kardi hemar-hemir.
"Ari nu ngaronda peuting ieu téh sabaraha urang, Mang?" Cekéng, ngawani-wanikeun manéh milu némpas.
"Dalapan urang!"
"Ari nu tugur di pos?"
"Opatan! Si Aup, Sirod, Abas jeung Si Encéng. Ku naon kitu, Jang...?"
"Cobaan itung ku Amang geura! Da ceuk uingah, ieu nu keur laleumpang teh aya limaan!"

FIKSIMINI

Telepon Tengah Peuting

Kring...! Kring...! Telepon imah. "Halow, saha atuh ieu téh?" ekéng, rada teugeug. "Pa..., tulungan abi...!" Sora budak lalaki 'na tungtung telepon. Can ogé dijawab deui, telepon kaburu dipegatkeun. Geus aya lima peuting kituna téh, saban jam dua belas. Ari diangkat, teu weléh nyidem kapanasaran. Budak saha atuh, nya? Pikasebeleun, matak nyiksa kana pikiran. Tapi dina geter sorana mah, jiga nu keur nyanghareupan kasieun, jeung jiga nu ménta panyalindungan.
Karék sabulan nyicingan imah dines ieu téh. Hégar katempona mah, tapi kabéhdieunakeun, asa mindeng pisan manggihan nu ararahéng. Kring...! Kring...! Telepon disada deui. "Hallow...!"
"Pa..., tulungan abi...!" geus pok deui waé sora budak lalaki téh. Tut... Tut... Angger, ngan sakitu-kituna, langsung dipareuman.
Béak déngkak, laju laporan ka 911 harita kénéh. Teu lila, patugas datang ka imah. Tapi kateranganana téh matak hémeng. Nurutkeun panalungtikan sinyal mah, telepon tengah peuting nu remen ngaganggu téh, datangna ti jero imah ieu kénéh.

FIKSIMINI

Lalaki 'na Tungtung Peuting

Nyanda luhureun dipan nu geus rerekétan. Panénjo ngarangsadan sakuliah rohangan nu kasinaran lampu 15 watt. Témbok pulas bodas. Panto. Jandéla katut sababaraha pangsaréan nu ngabaris ka gigir. Babaturan mah jigana geus talibra, ngan sakapeung kapireng tingjalegrohna batuk nu patémbalan. Sanasib kabéh ogé, pada-pada keur nyorang waktu, méakkeun sésa umur di ieu tempat.
Angin gunung. Tigin norobos tina sela-sela jalosi. Ngawurkeun hawa tiis, nyiwitan kulit nu kari pamungkus tulang. Ras inget ka barudak. Gusti...! Kuring téh nyidem kasono nu jero, tapi naha arinyana mah jiga nu haré-haré geuning? Méh sabulan campleng mani taya saurang-urang acan nu ngalongokan! Teungteuingeun. Bener-bener maranéhna mah nunda poho téh. Cumalimba.
Peuting téh karasana asa panjang pisan. Golédag. Sugan bisa ngerejep. Orokaya, pikiran kalah ngacacang. Bruh-bréh, lalakon kahirupan nu bihari kungsi kasorang, kalah murudul narémbongan. Bareng jeung ngalanglaungna adan awal, ngadak-ngadak kasakit eungap téh bet karasa deui. Dada asa kaheumpikan ku batu badag. Tikoro panas. Rénghap ranjug.

FIKSIMINI


Lalakon ti Aleppo

Ampir tilu jam kuring nyamuni di ieu tempat. Lanté 5. Apartemén nu geus ditaringgalkeun ku pangeusina. Simpé. Teu nyangka, kuring bakal milu ancrub kana dunya anyar modél kieu.
Sabulan katukang, kuring kaleungitan budak nu keur meujeuhna kembang buruan. Nyawana paragat alatan serangan udara. Selang dua poé ti harita, salaki gugur di Homs. Saha nu teu nalangsa ditinggalkeun ku nu jadi beubeulahan haté? Tapi, nyeungceurikan nasib mah euweuh hartina. Pikeun males kanyeri, antukna milu palatihan tempur. Teuneung. Ludeung. Ngagabung jeung Mujahidin Jabhah Nushrah. Kiwari, saragam loréng katut bedil jadi gaganti salaki jeung budak.
"Roméo 25, fight!" Sora tina manpack. Sigep. Ngintip satukangeun jandéla. Bréh, patroli infanteri tentara Nushairiyah. Posisi témbak. Congo SVD Dragunov ditojokeun ka jalan. Sabeulah panon museur 'na teleskop. Curuk nangkod 'na palatuk. Operasi munggaran. Ketug jajantung mingkin ratug. Demi nu geus mulang. "Bismillah." Dor! Kaliber 7,62x54 mmR. Nembus kana sirah komandanna, anu leumpang rada béh hareup. Gubrag! "Yéss...!"

FIKSIMINI

Sono Ka Si Papap

Tos lami pisan, Si Papap teu uih ka bumi. Naros Bibi, saurna ka Jakarta. Saur Mamang, nuju ka Bandung. Ari saur Aki, Papap téh nuju ka Surabaya. Mana atuh nu leres? Ka Mamah, Adé teu wantun naroskeun, bongan Mamahna nangis waé. Adé janten sedih, teu aya deui anu sok ngadongéng upami badé bobo, jabi bumi janten sepi, kantun Adé sareng Mamah. "Papap..., uih atuh! Adé sono...!"
Lami-lami mah, Si Mamah teh tos tara nangis deui, malihan mah sering nyarios ka Adé, "Ulah sok nanaroskeun waé Papap! Engké ogé uih."
Kamari, basa uih sakola, aya motor payuneun bumi. "Naha sami sareng nu Si Papap? Asiiikk...! Si Papap, uih ogé."
Lebet ka bumi, tapi teu aya geuning? Nu kakuping téh, Si Mamah nuju seuseurian di kamer. Panto kamer dibuka ku Adé. "Papap...!"
Ih, naha geuning sanés Si Papap? Jabi éta geura, Si Mamah...?!

FIKSIMINI

Nu Nyésa Ti Médan Perang

Tapak-tapak angkara murka, atra pisan katangen ku manéhna, satutasna perang campuh tujuh poé lilana. Haseup hideung nu ngelun ti unggal ruruntuk gedong, bangké soldadu balad jeung musuhna, ogé rahayat sipil patingsoléngkrah. Sedeng lebah parapatan, aya sababaraha hiji bugang téng waja ngabagug. Dayeuh jempling jeroeun jempling. Sakapeung nu kadéngé saukur oyagna dangdaunan nu katebak angin.
Gap, kana bedil anu nyampay 'na taktakna. Dérédéd... Déréded... Miceunan pélor ka awang-awang. "Aing geus teu butuh...!" Nyorowok bedas naker. Kudupruk! Deku 'na taneuh. Ras, inget ka kulawargana nu ditinggalkeun sabulan campleng. Laju ceurik balilihan. Haténa ngageremet, sabab cita-citana can waé laksana. Isuk pagéto, kahayangna mah geus embung mireng deui sora tina pakakas perang.
Ceurikna ngadadak jempé. Curinghak. Jung, nangtung. Culang-cileung. Kebat muru sora nu geus ngagétkeun manéhna. Rumanggieung. Nahan kanyeri tina hariguna nu tatu. Léngkahna ngarandeg. Deukeut kamalir walungan nu meulah kota, aya orok nu keur ngéar gigireun layon indungna.

FIKSIMINI

Persidén Anyar

Nagara geunjleung. Ceuk sakaol, kajadian caah déngdéng tina cimata para kaom ema di éta nagara, basa Ki Dirga, patandang anu dirojong ku partéy Sedep Malem, kapéto jadi persidén anyar. Inyana ngéléhkeun sababaraha patandang séjén, ngaliwatan pamilihan langsung. Naha Ki Dirga bisa kapilih? Horéng simanahoréng, aya hiji programna waktu kampanyeu, anu bisa ngabandang pamilih ti kaom lalaki.
UU Perkawinan anu lila, ku inyana baris dirobah. Dina prak-prakanna, saupamana nu jadi salaki masih kénéh ngarasa kayungyun ku pamajikanana
dina jero lima taun, éta pertikahan bisa diperpanjang, tangtuna ngaliwatan prosés daftar ulang. Tapi sabalikna, lamun salaki ngarasa geus teu sugema salila lima taun, pamajikanana bisa diserahkeun ka kolotna.
Kataji ku program éta, teu wudu loba kaom lalaki anu milih Ki Dirga.
Ti saprak harita, para kaom Ema leuwih soson-soson jeung daria dina ngurusan salakina. Sedeng kaom Bapa mah mingkin garedé hulu. Néangan lolongkrang

FIKSIMINI

Nu Hayang Hirup Sorangan

Kalacat, kana sédan weuteuh meunang ngaringkid ti diler. Geuleuyeung, mapay-mapay jalan. Patalimarga anu biasana pagaliwota, harita mah jempling, da geus puguh, peuting tadi sakabéh pangeusi dayeuh geus ngahiang. Ukur manéhna sorangan anu ditakdirkeun masih kénéh jumeneng. Haténa bungangang, luyu jeung cita-citana salila ieu nu hayang hirup sorangan bari henang-hening.
Sup, ka jero bank. Kaluar geus ngagandong duit sakarung. Bus, ka supermarkét. Bijil jadi ginding. Nempo toko emas, geuwat asup. Nu aya 'na jero étalaseu, geus pindah kana ranselna. "Aing senang...! Merdéka...!" Cocorowokan. Ajrag-ajragan. Blus, ka réstoran, basa beuteungna ménta eusi. Celebek, celebek. Ngalimed sosoranganan. Gidig, kaluar deui.
Wanci sareupna. Dayeuh jadi mongkléng. Manéhna karék ngarasa keueung. Ketug jajantungna tambah ratug. Luak-lieuk. Nu kajeueung saukur runtuyan simpé nu mingkin ngarandakah. Berebet, lumpat kaditu kadieu teu puguh jugjugan. Hayang panggih jeung dulur-dulurna, weléh teu manggihan. Parongpong. Awakna leuseuh. Ngalungsar di juru alun-alun. Ceurikna awor.

FIKSIMINI

Nu Hayang Panggih

Haténa rajét. Teu mangrupa. Ti saprak nyaksian ku panonna sorangan, kalakuan dua jelema nu salila ieu geus dianggap malaikat ku manéhna. Awahing nandangan kapeurih nu liwat saking, cimatana nepi ka teu nyésa sakeclak-keclak acan. Teuteupna kosong, lir nu jauh panineungan. Jorojoy dina haténa, hayang minangsaraya ka matapoé, sobat anyar nu sok remen diajak ngawangkong saban keur manceran. Gilig. Lunta ninggalkeun lembur. Berebet. Muru ka wétankeun. Meulah tapel wates dayeuh. Nyorang pirang-pirang jalan tarahal. "Aing kudu panggih jeung matapoé...!" Gorowokna saban waktu.
Sabulan. Sataun. Nepi ka sawindu. Masih kénéh lumpat. Sakapeung mah dampal sukuna méh teu napak kana taneuh. Buukna jadi ngarewig, kulitna lestreng bakating kapoé. Geus euweuh kaén nu napel dina awakna. Ngan dina héhérang panonna, aya sumanget nu teu weléh ngagedur. Manéhna ngarasa yakin, hiji waktu pasti bakal amprok jeung matapoé

FIKSIMINI


Lalakon Sampék Jeung Éngtay

Palabuhan Victoria. Sampék jeung Éngtay. Lalayaran. Diuk pagégéyé, lebah dék ferry. Nyampak botol Wuliangye jeung sloki-na, luhureun méja leutik nu aya hareupeun maranéhna. Aranteng nyérangkeun tingbarasatna cahya laser. Symphony of light. Kelir warna-warni mapaésan langit palabuhan, basa pagelaran kembang api dimimitian ti basisir. Peuting mingkin caang, tapi poék pikeun maranéhanana. "Peuting pamungkas pikeun urang duaan, junjunan..." ceuk Sampék. Halon. Éngtay. Ngarahuh. Panonna beueus, teuteupna ceuleuyeu. "Tos waktosna, Kang!" Pondok. Leungeun Sampék ngarongkong kana botol, laju nyicikeun eusina kana sloki. Song, dibikeun sagelas ka Éngtay. "Gong Xi Fat Coi..." Méh bareng. Tring! Sora gelas paadu. Leguk! Ampir satengah jam, Wuliangye geus teu nyésa.
Langit poék deui. Angin winter gumelebug. Cai laut milu oyag. Duanana silih teuteup. Euweuh nu nyora. Celepot! Laju parangkul-rangkul. Geugeut.
Ferry anjog di darmaga Cheung Chau. Rangkulan masih kénéh napel, nepi ka dipisahkeunana ku ABK. Dua layon diasupkeun kana kantong mayit.

FIKSIMINI

Érloji

Aya nu nyését kana haté. Peurih lir digerihan ku hinis, satutasna maca salambar surat nu karék katampa, ti anjeun. Aya nu dipénta, nu salila ieu can bisa waé kapimilik ku anjeun. Rét, kana érloji. Tawis ati nu dikirimkeun bareng jeung surat. Kapireng tuk-tek jarumna jiga nu keur ngaléléwé. Rap, dipakékeun. Kana leungeun nu kénca.
Wusss...! Gebeg! Jirim anjeun ujug-ujug geus aya hareupeun. Panon molotot. Hurung. Beungeut euceuy, lir beusi atah beuleum. Sesentak. Nyarékan laklak dasar. Tina létahna racleng jarum laleutik. Teu ieuh dilayanan, saukur bisa mencrong seukeut, ka jirim anu keur kahuru seuneu amarah. Rumasa teu dipaliré, anjeun mingkin rongkah. Lir maung ngamuk gajah meta. Jedak! Lomari ditajong lebah kacana. Prang...! Belingna mancawura. Gap, kana kalénder nu naplok 'na dingding. Béréwék. Dijojoét. "Tuh, deuleu! Panonpoé jeung bulan ogé aya mangsana...!" ceuk anjeun bari tutunjuk.
Uteuk mimiti ngahéab. Érloji diudar. Belewer! Meneran pisan kana tarangna. Les. Nu nyésa saukur haseup ipis.

FIKSIMINI

Panon

Ngaran anjeun geus euntreup dimana waé. Dina témbok, bantal, késing hapé jeung 'na érloji. Kitu deui kalangkang anjeun, salawasna nuturkeun sapanjang ngaléngkah. Sakali mangsa kungsi digebah. Batan nyingkah kalah ngabegégan. "Mangga ari tiasa mah, Kang!" ceuk kalangkang anjeun, semu nu ngajak ocon. Geus puguh ari imut anjeun mah, saban poé teu weléh ngaririwaan. Rék dahar, napel 'na piring. Rék nginum, nyangsaya 'na gelas. Rét ka langit. Imut nu kareueut téh ngabarak. Minuhan alak paul.
Haruuuh...! Kuring kasiksa! Hayang jiga bihari deui, tapi kumaha carana? Dukun lepus ditepungan, euweuh nu jétu. Dokter spesialis didatangan, angger teu mempan. Béak déngkak.
Ujug-ujug kaingetan. Gasik mawa obéng. Laju nangtung hareupeun kaca eunteung. Lalaunan ngudaran sababaraha sekrup nu napel jurueun panon. Trek! Polonyon, dua sikina lalésotan. Reup, bumi alam jadi poék. Simpé. Anjeun jeung sagala rupana ngahiang.

FIKSIMINI

Afkir

Duk..! Duk...! Duk...! Sora tina jero lomari. Mimitina mah lalaunan. Mingkin lila mingkin awor sorana. Braaaakkk...! Pantona jebol. Eusina ngaburudul. Paheula-heula. "Langab geuning di luar mah!" ceuk daster batik, bari babatek. "Najiiisss...! Teu kuat ku eungapna, uingah!" Gamis sutra bibirigidigan. "Geus poho wé, nyonyah téh jigana mah!" Kaos oblong kukulutus. "Uing sono hayang méjéng deui kawas bihari!" ceuk calana jin. Cumalimba. "Daaakkk...! Naha urang téh rék kieu waé? Betah kitu arilaing ngajedog dina lomari sayang cucunguk? Jaba bau hapeuk...!" ceuk jékét buludru, bari tipopolotot jeung tutunjuk. "Kudu kumaha atuh pikarepeun?" Kabaya beureum nanya. "Cuang lunta ayeuna kénéh, kumaha?"
"Sapuuukkk...!" Saurmanuk.
Ngabring. Keketeyepan. Muru ka luar. Kulutrak. Bray. Panto dibuka. Sakedapan silih pencrong. Semu nu beurat kudu papisah. "Sapu nyéré pegat simpay, luuurrr...!" Ceuk samping poléng ka baladna. Geus kitu mah, kabéhanana tingberebet. Malencar. Diteleg ku mongkléngna peuting.

FIKSIMINI

Mamah

Wanci janari. Keur anteng ngumbar impian. Kagareuwahkeun ku sora béker. Koloyong, muru ka pawon. Nyangu, naheur cai jeung ngagoréng endog mata sapi. Tatahar pikeun nu rék sarakola isuk-isuk. Ngong, adan. Gebrus, mandi. Laju solat subuh. "Ujang, nyai, geura garugah tos siang!" Barudak surti. Saged. Maké baju dines. Topi laken. Anduk leutik nyampay dina beuheung. Celengok, kana taar budak nu dua. "Mamah angkat heula!" Barudak ukur arunggeuk.
Geuleuyeung, angkot muru terminal. Pakasaban nu matuh saprak ditinggalkeun ku nu jadi salaki. Panasna panon poé geus tara dirasa. Pon kitu deui, haseup kenalpot anu pagaliwota jeung kokotor geus jadi sobat dalit. Teu ieuh ngarasula. Nu penting barudak junun sakolana.
Wanci sareupna. Waktuna mulang deui. Kasampak barudak keur ngaderes Qur'an. Pikayungyuneun. Rérés mandi. Gebeg. Dina méja geus nyampak black forést. Teu rumasa meuli. Celepot kana pipi kénca katuhu. "Wilujeng Hari Ibu, mah!" Ceuk si cikal. Nu bungsu ngagabrug. Tiluan paungku-ungku.

FIKSIMINI

2010-2012


2010. Haseup ngelun tina pakakas anu méh saban peuting diparaké mirunan bubuk barodas. Dina méja patulayah. Botol, kondom jeung jarum suntik. Pating cikikik saruka bungah. Pada-pada ngararasakeun éndahna nyorang lalakon dina buruan langit. Sosorodotan jeung silih udag dina katumbiri implengan. Jam dingding bati gogodeg, niténan polah para nonoman anu kaleungitan purnama dina haténa. Kaligrapi nu ngagantung dina témbok milu nyorowok, "Rék nepi ka iraha, satéh...!" Euweuh saurang ogé anu mireng. Cakcak jeung reungit pada mareungpeun carang, basa acara dipungkas ku silih rangsadan. Silih galéntoran. Nyacapkeun galura rasa anu sabenerna can payus dipilampah ku maranéhna.
2012. Lalakon geus robah. Purnama anu salila ieu leungit, mimiti némbongan dina haténa séwang-séwangan najan cahyana teu pati mabra. Geus euweuh waktu nu kapiceun. Pada-pada aktip ngokolakeun hiji yayasan. Mancén tugas pikeun méré nyaho ka balaréa, yén panyakit anu tumiba ka maranéhna, nu can kapaluruh naon obatna, saéstuna bisa disinglar ti anggalna.

FIKSIMINI

Seuneu

"Tim Audit ti pusat, enjing dongkapna, Pa!" Sekretaris ngabéjaan tadi beurang. Leng, pikiran muter. Teu puguh rarasaan. Saprak pamajikan remen loba kahayang. Ti mimiti Tas Angel Lélga, gamis Syahrini, berlian, jeung plesir ka Singapur. Waragadna timana deui ari lain tina hasil basilat. Gajih bulanan mah, saukur mahi jang kaperluan rumah tangga wungkul. Sapanjang jalan balik ka imah, haté norowéco sorangan. Bingung. Teu kasawang kumaha poé isuk.
"Wilujeng sonten, Pah!" Pamajikan ngabagéakeun. Teu dijawab. "Sapertos nu bingung?" Nanya deui. Gék, diuk dina sofa. "Tim Audit rék datang," cekéng bari nyeungeut roko. "Gara-gara mamah!" Ngarérét beungeutna. "Tenang heula atuh, Pah! Sok, cuang milari solusina!" Sorana halon. Sajongjonan euweuh nu nyora.
"Aha...! Mamah aya ideu." Semu ngagorowok. Tuluy ngaharéwos.
Isukna, ba'da Subuh geus indit ka kantor. Keketeyepan.
Wusss...!
Sajam ti harita. Puluhan patugas damkar cakah-cikih mareuman seuneu anu ngabebela ngalentab kantor.

FIKSIMINI

Yahudi


"Pah, artos Mamah kantun dua ratus rébu deui. Kamari dianggé bébérés ka sakola." Pamajikan ngarahuh isuk-isuk. Teu ieuh dijawab. Tibang unggeuk.
Nepi ka kantor. Kapikiran terus nu diomongkeun ku pamajikan. Pangabutuh beuki murudul, sedeng nampa gajih kana sapuluh poé deui. Jam sapuluh nampa SMS ti imah. "Mulih heula sakedap, PENTING !" Nepi ka imah geus loba warga nu ngagimbung. "Aya naon, Mah?" Nanya pamajikan. "Ceu Kenoh katohyan lebet ka kamar, nyandak artos mamah!" Kituna téh bari ngaharéwos.
"Saé na badé kumaha, Pa?" Ceuk Pa ér-té. "Ti abdi mah moal badé aya tungtutan nanaon, hawatos, jabi sanés sareng sasaha. Mung artos nu dua juta mah, ukeun diuihkeun deui," cekéng bari ngarérét Ceu Kenoh. Nu dirérét bati olohok. Anakna, Jang Oyib nyelengkeung. "Perkawis artos mah, wios tanggel waler abdi. Hapunten anu kasuhun ka Bapa miwah Ibu, wiréhna pun biang tos kumawantun."
Duit nu dua juta ditampa. Riungan lekasan.

FIKSIMINI

Carogé Si Tanteu


Pasosoré. Mulang nganteur si Tanteu ti mol. Lebah tempat parkir, karasa aya nu nepak taktak. Dilieuk. Jebrod...! Peureup nyayang dina beungeut. Awak ngabangkieung ka tukang. Getih kaluar tina liang irung. Katempo hiji dedegan lalaki jangkung badag. "Saha manéh?" Cekéng nanya. "Tong loba tatanya!" Kituna téh bari nyampeurkeun. Samléh baju dijéwang. Sakilat tuurna geus asup kana hulu angen. Gubrag! Alam dunya asa poék. Beuteung eungap.
"Nangtung siah kurang ajar! Wani-wani ngahéroan jikan batur...!" Sanajan geus teu walakaya, maksakeun hudang. Nangtung teu ieuh ajeg. Sirah lieur. Dina panon asa rabul ratusan cicika. "Dikarungan siah ku aing!" Sarérét katempo, beungeutna euceuy lir beusi atah beuleum. Huntuna kekerot.
Laju nyampeurkeun deui. Kusiwel ngaluarkeun Révolver tina jero jékétna. Congona diantelkeun kana tarang. Jantung ratug tutunggulan. "Gusti, jigana poé ieu panungtungan kanggo abdi...," gerentes haté. Panon dipeureumkeun. Pasrah sumerah nampa papastén nu bakal tumiba.
Dor...! Si jangkung badag nyuuh kana taneuh. Sirahna aya nu nu nembak.