Mamah
Wanci
janari. Keur anteng ngumbar impian. Kagareuwahkeun ku sora béker.
Koloyong, muru ka pawon. Nyangu, naheur cai jeung ngagoréng endog mata
sapi. Tatahar pikeun nu rék sarakola isuk-isuk. Ngong, adan. Gebrus,
mandi. Laju solat subuh. "Ujang, nyai, geura garugah tos siang!" Barudak
surti. Saged. Maké baju dines. Topi laken. Anduk leutik nyampay dina
beuheung. Celengok, kana taar budak nu dua. "Mamah angkat heula!"
Barudak ukur arunggeuk.
Geuleuyeung, angkot muru terminal. Pakasaban nu matuh saprak
ditinggalkeun ku nu jadi salaki. Panasna panon poé geus tara dirasa. Pon
kitu deui, haseup kenalpot anu pagaliwota jeung kokotor geus jadi
sobat dalit. Teu ieuh ngarasula. Nu penting barudak junun sakolana.
Wanci sareupna. Waktuna mulang deui. Kasampak barudak keur ngaderes
Qur'an. Pikayungyuneun. Rérés mandi. Gebeg. Dina méja geus nyampak black
forést. Teu rumasa meuli. Celepot kana pipi kénca katuhu. "Wilujeng
Hari Ibu, mah!" Ceuk si cikal. Nu bungsu ngagabrug. Tiluan
paungku-ungku.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar