Lalaki 'na Tungtung Peuting
Nyanda
luhureun dipan nu geus rerekétan. Panénjo ngarangsadan sakuliah
rohangan nu kasinaran lampu 15 watt. Témbok pulas bodas. Panto. Jandéla
katut sababaraha pangsaréan nu ngabaris ka gigir. Babaturan mah jigana
geus talibra, ngan sakapeung kapireng tingjalegrohna batuk nu
patémbalan. Sanasib kabéh ogé, pada-pada keur nyorang waktu, méakkeun
sésa umur di ieu tempat.
Angin gunung. Tigin norobos tina sela-sela jalosi. Ngawurkeun hawa tiis,
nyiwitan kulit nu kari pamungkus tulang. Ras inget ka barudak.
Gusti...! Kuring téh nyidem kasono nu jero, tapi naha arinyana mah jiga
nu haré-haré geuning? Méh sabulan campleng mani taya saurang-urang acan
nu ngalongokan! Teungteuingeun. Bener-bener maranéhna mah nunda poho
téh. Cumalimba.
Peuting téh karasana asa panjang pisan. Golédag. Sugan bisa ngerejep. Orokaya, pikiran kalah ngacacang. Bruh-bréh, lalakon kahirupan nu bihari kungsi kasorang, kalah murudul narémbongan. Bareng jeung ngalanglaungna adan awal, ngadak-ngadak kasakit eungap téh bet karasa deui. Dada asa kaheumpikan ku batu badag. Tikoro panas. Rénghap ranjug.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar