Lalakon ti Aleppo
Ampir
tilu jam kuring nyamuni di ieu tempat. Lanté 5. Apartemén nu geus
ditaringgalkeun ku pangeusina. Simpé. Teu nyangka, kuring bakal milu
ancrub kana dunya anyar modél kieu.
Sabulan katukang, kuring kaleungitan budak nu keur meujeuhna kembang
buruan. Nyawana paragat alatan serangan udara. Selang dua poé ti harita,
salaki gugur di Homs. Saha nu teu nalangsa ditinggalkeun ku nu jadi
beubeulahan haté? Tapi, nyeungceurikan nasib mah euweuh hartina. Pikeun
males kanyeri, antukna milu palatihan tempur. Teuneung. Ludeung.
Ngagabung jeung Mujahidin Jabhah Nushrah. Kiwari, saragam loréng katut
bedil jadi gaganti salaki jeung budak.
"Roméo 25, fight!" Sora tina manpack. Sigep. Ngintip satukangeun
jandéla. Bréh, patroli infanteri tentara Nushairiyah. Posisi témbak.
Congo SVD Dragunov ditojokeun ka jalan. Sabeulah panon museur 'na
teleskop. Curuk nangkod 'na palatuk. Operasi munggaran. Ketug jajantung
mingkin ratug. Demi nu geus mulang. "Bismillah." Dor! Kaliber 7,62x54
mmR. Nembus kana sirah komandanna, anu leumpang rada béh hareup. Gubrag!
"Yéss...!"
Tidak ada komentar:
Posting Komentar