Sono Ka Si Papap
Tos
lami pisan, Si Papap teu uih ka bumi. Naros Bibi, saurna ka Jakarta.
Saur Mamang, nuju ka Bandung. Ari saur Aki, Papap téh nuju ka Surabaya.
Mana atuh nu leres? Ka Mamah, Adé teu wantun naroskeun, bongan Mamahna
nangis waé. Adé janten sedih, teu aya deui anu sok ngadongéng upami badé
bobo, jabi bumi janten sepi, kantun Adé sareng Mamah. "Papap..., uih
atuh! Adé sono...!"
Lami-lami mah, Si Mamah teh tos tara nangis deui, malihan mah sering
nyarios ka Adé, "Ulah sok nanaroskeun waé Papap! Engké ogé uih."
Kamari, basa uih sakola, aya motor payuneun bumi. "Naha sami sareng nu Si Papap? Asiiikk...! Si Papap, uih ogé."
Lebet ka bumi, tapi teu aya geuning? Nu kakuping téh, Si Mamah nuju seuseurian di kamer. Panto kamer dibuka ku Adé. "Papap...!"
Ih, naha geuning sanés Si Papap? Jabi éta geura, Si Mamah...?!

Tidak ada komentar:
Posting Komentar