Operasi Sapu Jagat
Setatus
siaga 1 di Batawi. Teu pira. Mr. Jansen. Incuna Wésterling. Pupuhu LSM
ti nagara Walanda. Mosting dina wall fésbuk sobatna. Raheut Simintul.
Anggota déwan. "Merdéka sudah 68 taun, koq rakyatna banyak yang melarat?
Kasian, dékh, bangsanya jij...!" Kontan. Saeusi nagara jadi geunjleung.
Harénghéng. Kausik hargadiri. Asa dicoo gado. Ku PBB dititah ménta
hampura. Kalah nangtang. "Dasar bangsa inlander," pokna téh. Dina
blog-na.
Pangagung nagara, nu sasarina leutik burih, harita mah dumadak
témbong sipat jaluna. Sigep. Maréntahkeun angkatan perang pikeun sayaga.
"Kita serang Belanda...!" Dina Twitter-na. Rahayat ngarojong pisan. Ti
Sabang nepi Merauké jadi sabeungkeutan. Nyarumbangkeun hartana. Jangeun
waragad ngajorag Walanda.
Operasi dimimitian. 50 batalyon nu diparéntahkeun ngagempur. Balabuh
di Rotterdam. Perang campuh ampir sabulan lilana. Réwuan tentara musuh
palastra. Walanda serah bongkokan. Istana karajaan. Bandara. Setatsion.
Kanal-kanal. Kabéh bisa direbut. Bandéra beureum-bodas tingkélébét di
sapanjang jalan. Ti harita. Nagri Tulip jadi bagian tina Énonésa.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar