Selasa, 24 September 2013

CARPON SUNDA

LALAKON AHIR BULAN

Ku Erwin Wahyudi
.


Boni keur ngabaheuhay 'na korsi térlas. Pikiranana keur cus-cos ka ditu-ka dieu.

Tanggal kolot, duit 'na jero lokétna geus euweuh nu nyelap salambar-lambar acan.

Pasosoré basa tadi mulang digawé, kalah disampakkeun budi nu haseum ti

Késih, pamajikanana. Panyakit matuh saban almenak geus nincak tanggal lilikuran.

Di langit bulan taya némbongan. Béntang nu sasarina tingkaretip, kalah

nyarumput satukangeun méga hideung. Angin nu keur nebak hihiliwiran, teu bisa

niiskeun eusi polo Boni nu keur sumedeng ngahéab.

"Duit sakieu-kieuna, ari budak     merenyéng waé hayang bayaran sakola! Éra

cenah dicalukan waé ku guruna, Kang! Jaba nu boga kontrakan ménta dibérésan

sagancangna. Mun tulus dibayarkeun ka sakola, rék dahar naon atuh isukan?


Maenya rek ngéjo ku keusik mah!" Nongtoréng kénéh néngtéréwélangna Késih

tadi soré.   

Solongkrong kana roko kéréték nu nyésa sabatang deui. Cekés, seuneu tina

Tokai meuleum tungtung roko. Serebung, haseup hayang paheula-heula bijil tina

liang irung jeung bahamna.

Gap kana gelas kopi nu caina témbong saeutik deui. Leguk diinum. Kopi

hideung jeung roko, dua sobat dalit nu satia marengan mun pareng pikiranana keur

dibeungbeuratan ku dodoja. Sabot keur ngenyot roko, Késih aya nyampeurkeun.

Gék diuk gigireunana.

"Lain bawél ieu mah, Kang! Béas téh tinggal sakalieun deui nyangu, abdi mah

teu sanggup mun kudu nganjuk deui ka warungna Ceu Isah téh, bon nu bulan

kamari ogé ngambay kénéh!" Biwirna gutak-gitek badis bujurna biduan dangdut.

"Terus kudu kumaha? Sidik nampa gajihna ogé opat poé deui!" Boni rada

nyureng ka pamajikanana.

"Néangan jalan, atuh, Kang! Nginjeum ka saha wé, atuh!" Keur meuli roko

jeung kopi mah geuning sok bisa ari sakalieun keur teu boga duit ogé!" geus pok

deui waé. Boni ngarahuh, tuluy némbal,

"Heug! Sugan hasil isukan, ayeuna mah jug ka jero deui!" Nitah ka Késih. Nu

dititah surti, léos deui ka jero. Boni mah tibang gogodeg ari céréwédna Késih keur

kanceuh téh.  

Boni hulang-huleng deui mikiran bangbaluh nu keur ngaheumpikan dadana.

Lima taun gawé di kantor purah jadi office boy. Duit beubeunangan saukur mahi

jang dahar, mayar kontrakan jeung béaya sakola budak hiji-hijina di SMP, nu

mimindengna mah sering telat kabayar.

Angin mimiti ngagelebug, ngoyag-ngoyag tangkal jambu nu aya hareupeun

kontrakanana. Sababaraha kali Boni katémbong keur napukan reungit nu titadi

mula ngagembrong kulitna. Lieuk kana érloji nu kacana geus renghat.

"Geus jam sapuluh, geuning?" Ngagerentes lalaunan. Sup ka jero imah. Tutas

tutulak, Boni ngoloyong ka jero pangkéng. Kasampak Késih keur ngageubra

dibaturan ku anakna. Léos muru kana korsi nu kaénna geus saroeh, hareupeun tipi

14 inch nu ditilaman ku méja leutik.

Golédag. Hulang-huleng deui waé. Peuting beuki jempling, tapi dina jero haté

Boni mah keur ngaguruh teu eureun-eureun. Gulinggasahan. Hayang manggih

jalan supaya umur nepi ka tanggal nampa duit ti kantor. Maju ka tengah peuting,

mimiti kapireng kérékna nu nyegrék.

Tutas sarapan saaya-aya, Boni nyelah motor Véspa nu geus teu puguh rupana.

Rada lila hayang mesinna nepi ka hirup téh. Sabot keur manasan motor, Késih

nyampeurkeun.

"Duit téh teu tulus dipaké mayar ka sakola, Kang! Sugan tanggal ngora wé

bébérésna," ceuk Késih. Boni mah kalah nagog nyanghareupan mesin Véspa,

leungeunna memener kabel busi. Panalék ti pamajikanana teu ieuh dijawab.

Boni ngageuleuyeung mapay-mapay jalan nu geus mimiti balawiri ku

kandaraan, luhureun jok  Véspa nu sora kenalpotna bébérékbékan, matak sawan nu

ngadéngé.

Anjog ka kantor langsung muru ka pantry. Kasampak Si Émon, baturna papada

OB keur diuk 'na korsi, nyanghareupan kopi nu masih kénéh ngebul.

"Rék ngopi, lur?" ceuk Si Émon nanya.

"Moal, ah! uingah hayang ménta roko sabatang, wé," ceuk Boni, bari tuluy

ngarongkong  bungkus roko bodas gigireun gelas. Gék diuk hareupeun Si Émon.

Roko diseuseup jero naker bangun nu nikmat.

"Mon, ilaing boga duit tiis, teu? Uing butuh jang mayar kontrakan, euy!" Boni

muka wangkongan. Nu ditanya kalah nyakakak.

"Pajenggut-jenggut jeung nu dugul ieu mah, euy! Puguh uing nu rék nginjeum

ka ilaing, butuh keur mayar angsuran motor," ceuk Si Émon. Boni terus ngabetem.

Panonna rarat-rérét ka sakuliah rohangan.

"Panyakit nu matuh keur  pantar urang-urang mah ari geus kieu téh!" Si Émon

geus pok deui.

"Mun dikersakeun atuh aing téh jadi anak pangagung, moal ripuh-ripuh teuing

meureun, nya, Mon?" Boni ngarasula, bari mencrong salasah roko dina jero asbak.

Si Émon tibang mésem nempo kalakuan baturna téh. Teu lila duanana carengkat

tina korsi séwang-séwang, laju pakpikpek nyieunan citéh jangeun staf kantor.

Jam dingding nu naplok 'na témbok  pantry karék nojo kana angka 10. Boni

keur nyorangan maca koran édisi heubeul. Tirilit. Hapé-na nu dibeungkeut ku karét

geulang lebah késing, ngabéjaan aya és-ém-és asup.

"Tiasa uih heula sakedap, Kang? Aya penting saur Ceu Késih!" és-ém-és ti

nomer tatanggana. Bingung rék malesan, sabab hapé-na euweuh pulsaan, rék

nginjeum hapé Si Émon, jinisna keur dititah kaluar. Sabil haténa. Ari teu balik

bisi bener aya penting. Antukna Boni ngawani-wanikeun ménta idin ka Pa Tomi,

dununganana.

"Jig waé rék mulang mah, bisi aya nu kapapaténan di lembur," ceuk Pa Tomi.

Sajajalan muru ka imahna, pikiran Boni ngarancabang, sieun manggih kana

hal anu teu dipikahayang ku manéhna. Basa nepi ka hareupeun kontrakanana,

kasampak geus loba jelema ngagimbung. Haténa rada tagiwur.

"Aya naon ieu téh?" Boni nalék Késih, nu keur diuk disanghareupan ku RT

Haris, hansip Omo jeung Bi Minah, tatanggana ti tungtung lembur.

"Lokét abdi ical, Kang!"

"Kumaha caritana? cik terangkeun!"

"Abdi téh nuju nyeuseuh di sumur pengker, aya Jang Ubéy ngawartosan.

Saurna, Bi Minah lebet ka bumi, teras kaluar deui mani rurusuhan. Ari ditingali,

muhun wé lokét abdi téh tos teu aya dina luhureun tipi, teras wé laporan ka Pa

RT," ceuk Késih nerangkeun kajadian.

"Leres, Ibi, nu nyandakna?" Boni nalék ka Bi Minah. Nu ditalék kawas bueuk

meunang mabuk. Ngeluk tur ngabetem. Cipanonna katara ngalémbéréh nu

dibarung jeung ingsreuk-ingsreukan.

"Dijawab atuh, Minah! Hantem waé ngonci baham titadi téh?" Hansip Omo

milu mairan. Teu lila manéhna unggeuk, bari beungeutna mah teu daék cengkat.

"Rumaos abdi tos kumawantun," ceuk Bi Minah, halon. Tatangga mingkin

ngagimbung, nu sawaréh nyedek ka jero imah nu ngan ukur sagéwok, kituna téh

jeung bari tinggerendeng, pada ngupat Bi Minah nu cikénéh kalangsu.

"Goréng adat, geuning? Buru bikeun deui lokét téh ka nu bogana!" RT Haris

ngagebés.

Keur kitu torojol Si Endi, anakna Bi Minah, nu digawé di dayeuh. Kabeneran

keur mulang, tuluy tatanggana aya nu ngabéjaan jigana mah. Si Endi ujug-ujug

ngagabrug ka indungna, tuluy ngahinghing bangun nu kanyenyerian.

"Ema...! Nanaonan atuh," kadéngéna téh.

"Geus, Jang! Sipat jelema ngaranna ogé, nu matak talingakeun boga indung téh,

ulah betah teuing di dayeuh," ceuk Hansip Omo ngalelemu Si Endi.

Késih ngiceupan ka salakina. Boni surti kana kahayang Késih.

"Rupina mah ieu masalah téh kedah dilereskeun sareng nu berwajib, supados

janten perhatosan kanggo sadayana." Boni muka deui caritaan.

"Hak Ayi éta mah, pangurus  sakadar nuturkeun. Ngan, mun bisa, cuang

bérésan sacara kukulawargaan," ceuk RT Haris daria naker.

Kakarék beungeut Bi Minah aya cengkat tutas ngadéngé omongan Boni nu

nyabit-nyabit  berwajib mah.

"Sacara kukulawargaan téh kumaha carana, Pa RT?" Késih nyelengkeung. Si

Endi papelong-pelong jeung indungna.

"Kumaha kahayang hidep, Jang?" Hansip Omo nalék ka Boni.

"Heug atuh ari kitu mah, kuring moal mamawa pulisi. Ngan, saratna, kuring

jeung pamajikan ménta lokét nu digasab ku Bi Minah dipulangkeun deui," ceuk

Boni bari mencrong seukeut ka Bi Minah.

Teu lila, Bi Minah ngasongkeun lokét tina jero saku calana, bareng jeung 

tingcorowokna tatangga nu keur lalajo. Lokét ditampanan Ku Késih, laju dibuka.

"Geuning ukur duaratus rébu? Ka mana nu dalapan ratus rébu deui?" Késih

jamotrot. Lokét dibabétkeun.

"Geus wé di Polsék benerkeunana ari rék kieu carana mah!" Boni nyorongot.

Hansip Omo jeung RT Haris milu mencrong ka Bi Minah, sedeng inyana mah

kalah olohok mata-simeuteun.

"Kumaha ieu téh, Minah! Ditunda di mana sésa duit téh?" Hansip Omo rada

nyureng. Di luar tatangga mingkin récok, milu keuheul ka Bi Minah.

"Naha, da..." Bi Minah teu kebat, kaburu ditémpas ku Si Endi.

"Teu kénging papanjangan, lah! Keun wé nu dalapan ratus rébu mah ku abdi

digentosan ayeuna kénéh," ceuk Si Endi ngabéla indungna, kituna téh bari kusiwel

ngaluarkeun duit tina lokétna.

Tayohna mah manéhna embung papanjangan, sok komo nepi ka urusan jeung

nu berwajib. Duit paméré ti Si Endi ditampanan ku Késih, laju dibebeskeun kana

lokét nu tadi kungsi leungit. Sajongjonan euweuh nu nyarita.

"Urusan ieu geus bérés ari kitu mah! Omat ulah aya gantar kakaitan," ceuk RT

Haris, saacan riungan dibubarkeun.

"Pék geura ménta dihampura, Minah!" Hansip Omo nitah ka Bi Minah. Teu

sirikna ngagabrug kana suku Késih jeung Boni nu boga dosa téh, bari biwirna mah

teu eureun ngahinghing.

Riungan réngsé tutas sakabéh nu dariuk di dinya sasalaman. Bi Minah dibawa

balik ku Si Endi, kituna téh leumpangna bari tungkul, teu kuat paadu teuteup jeung

tatangga nu pada nyarurakan.

     Di jero imah nu nyésa tinggal Késih jeung Boni. Duanana keur

patingkecewis nu ditungtungan ku seuri tingcikikik, sanggeusna Késih ngaluarkeun

lambaran duit bareureum tina jero lokét, nu digeber-geberkeun hareupeun 

beungeutna sorangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar