PAMAJIKAN
Ku Erwin Wahyudi
Karék sataun digawé di ieu pausahaan téh, tutas di-phk ti pagawéan nu lila. Gedé
milik puguh ogé basa tiheula panggih jeung Si Réndi téh, sobat dalit jaman keur kuliah.
Waktu meredih ménta milu digawé téh, aya ku kabeneran, kantor pusat Bapana rék
muka kantor cabang di ieu kota.
Haté bungah kacida waktu nampa béja, yén kuring lulus tina tés panarimaan
karyawan téh. Lian ti tempat pagawéan nu deukeut ti imah, karék asup geus langsung jadi
ménéjer, duméh nempo pangalaman tiheula jadi supervisor jiganamah. Mobil inventaris.
Anakbuah euweuh nu baha. Tumaninah pisan.
Abong kéna kangaranan jelema, teu cicing dina hiji darajat. Kakeunaan ku owah
gingsir. Dibéré hiji hayang dua. Boga dua jorojoy hayang tilu. Terus... terus... terus... teu
ngarasa cukup. Utamana mah nu ngaran pamajikan. Mimitina mah tina milu aub jeung
ibu-ibu komplék, ogé jeung ibu-ibu di sakolaan budak nu cikal.
Gaya hirupna jadi konsumtif. Ti mimiti; baju, tas, sendal jeung kosmétik kudu waé
nu bermérek. Jiga nu embung kaéléhkeun ku balad-baladna. Rupa-rupa arisan diiluan;
Permata, mutiara jeung alat-alat dapur nu hargana ngajaul langit.
Arisan duit mah geus teu kaitung, teuing geus milu sabaraha elotan. Garumeulis
pisan puguh ogé, saban bukaan arisan, tempatna kudu pundah-pindah. Ti mimiti saungsaung atawa réstoran nu aya di jero kota, tuluy rada ningkah, hayang di luar kota.
Samalah hiji waktu mah, manéhna mokalan ibu-ibu basa acara muka arisan di
Bali. Balik ti Bali sagala diringkid. Padahal, asa teu butuh-butuh teuing barang-barang
sarupaning; lukisan, aksésori, patung jrrd.
Tiheula ogé kungsi meredih, basa keur usum pakansi barudak sakola. "Hoyong
diwidian Mamah téh, Bu Cakra ngajakan ka Singapur! Bari léléndéan. Ngolo
minangkana mah. Ditémbalan duitna ti mana kalah muncereng. Ngajawabna kalah nu
lain-lain.
"Peupeuriheun Ayah sibuk waé! Cik atuh diwidian, Mamah téh hoyong hiburan,
karesel di bumi, barudak kaleresan nuju peré sakola ieuh..!" Teu hayang papanjangan, da
kalah miceunan waktu. Éléh déét, kapaksa diidinan, bari bekelna mah ngabancang duit
kas ti kantor.
Saban balik tas sukan-sukan, tagihan kartu kiridit pasti ngabareuhan. Adatna beuki
gumedé, kahayangna teu weléh kudu laksana
Kabéhdieunakeun tambah maceuh. Barang-barang éléktronik nu aya di imah kudu
ganti anyar, nga-rénovasi imah nu sautak-saeutik méh unggal waktu. Basa ditanya téh
ngajawabna mani énténg, "Tinggaleun jaman mérek sareng potongan nu kamari mah,
Yah!"
Enya kituna mah, parabotan imah jadi leuwih weweg jeung imah mingkin hégar.
Perhiasan nu napel 'na awakna tambah reunceum. Papakéan harurung. Barudak
kacumponan sagala kabutuhanana. Ngan, hanjakalna, saeutik-saeutik kuring jadi
nalaktak, wani maké duit kantor nu lain pakeunana. Mark up, laporan fiktif jeung caracara nu kotor séjénna tuluy diulik, pikeun nutup waragad cara hirup pamajikan nu kaliwat
bates.
Kuring teu sorangan ngalakukeun kitu peta téh. Léni, sekertaris kantor, nu cara
hirupna sapopoé sed saeutik ti pamajikan ogé milu kabaud. Samalah, dina prakprakanana mah, manéhna pisan nu sok loba méré jalan téh.
Poé ieu mani asa jangar-jangar teuing sirah téh, jaba bayeungyang pisan di rohangan
mah. Halodo keur meumeujeuhna tarik, turug-turug AC keur di-sérvis. lian ti kitu, teu
ngeunah rarasaan ti isuk kénéh. Jajantung seseblakan waé. Lieuk kana jam dingding.
Jarum nu pondokna nojo kana angka 2.
Kring...! Telepon kantor ngajerit.
"Hallo, kumaha, Lén," cekéng, bari leungeun nu sabeulah deui mah meuseulan sirah.
"Pa, abdi nembé kénging informasi ti kantor pusat, saurna, tim audit dongkapna
énjing, Pa," ceuk Léni, sorana hariweusweus.
"Nya, keun waé, nuhun!" Bruk. Gagang telepon satengah dibeubeutkeun.
"Jadol téh!" Gagaro teu ateul. Leng. Sirah asa beuki muter. Awak ngadadak leuleus
satulang sandi, demi ngadéngé tim audit rék datang poé isuk.
Hareugeueun. Ngahuleng ngaraga meneng. Kacipta nu bakal karandapan poé isuk.
Jung nangtung. Dampal leungeun diteueulkeun kana tungtung méja. Ngahuleng kénéh.
Panénjo mapayan sakuliah rohangan. Tep. Eunteup kana poto kulawarga nu napel 'na
dingding.
"Gusti...! Kacipta wirangna abdi," gumerentes. Gap kana buku kas. Belewer!
Préng...! Ninggang kana vas kembang nu aya luhureun méja tamu. Gék deui.
Waktu jam kantor geus lekasan, kuring pasarandog jeung Léni di tempat absén. "Pa,
kumaha atuh énjing," ngaharéwos. Beungeutna katara sepa. "Tenang atuh, Lén! Cuang
dipikiran di imah," cekéng, ngabrangbrangkeun manéhna, padahal haté mah sarua keur
tagiwur.
Clak kana mobil. Dius ngageuleuyeung, muru balik ka imah. Sapanjang jalan
pikiran cus-cos kaditu-kadieu, pangpangna mah néangan cara, supaya manggih jalan
kaluar pikeun ngungkulan poé isuk. Ari keur kaweur mah bororaah manggih jalan, kalah
runyem pikiran téh. Késang mingkin rarenung 'na tarang.
Reg, mobil eureun di buruan. "Halow sayangku...!" Pamajikan ngabagéakeun ti
lebah tepas. Teu dirérét-rérét acan, ijid nu aya. "Héy, naha mani kuraweud haseum kitu,
geuning? Bendu, nya, ka Mamah?" Pamajikan ngocoblak saperti sasari.
Jas dilaan, dasi dilogoran. Blug, meubeutkeun manéh kana sofa. "Yah, aya naon,
sih?" geus pok deui waé. Teu dijawab ieuh, kalah nyeungeut roko bodas nu nyampak 'na
méja. Koloyong, manéhna ka jero. Teu lila geus nyampeurkeun deui bari mawa sagelas
cikopi.
"Dileueut heula kopina, geura! Supados seger," cenah. Gelas ditampanan, laju
diregot eusina. Enya wé rada caang kana panon téh ku cikopi mah. Serebung, haseup
roko minuhan rohangan.
"Yah, Mamah aya nu lepat?" Sorana halon. "Gara-gara Mamah ieu téh, Ayah nu
katempuhan lieurna!" Beungeut pamajikan dipencrong seukeut. "Naon téa?" Manéhna
semu nu héran. "Tim audit isukan rék datang ka kantor!"
Kaciri parobahan ulatna. Rumahuh. Teu lila geus pok deui ngomong, "Sing tenang
atuh, Yah! Apan satiap masalah téh aya jalan kaluarna..." Dareuda. Teu dipairan ieuh,
kalah anteng ngenyotan roko.
Sajongjonan rohangan jempling. Karérét ku juru panon, manéhna keur uleng mikir.
Roko geus méh béak dua batang, can aya nu ngomong sakecap-kecap acan. Sabot rék
mareuman roko kana asbak, manéhna ngagorowok semu nu bungah,
"Ayah...! Mamah gaduh idé nu méncrang," pokna téh. "Idé kumaha?" Giak
didéngékeun, laju manéhna ngaharéwos. "Gélo sugan Mamah téh! Mustahil, ah! Milari
wé cara nu lain!"
Rada muncereng basa mireng saran ti manéhna téh. "Teu aya deui jalan, sayang...!"
Celepot kana pipi nu katuhu, sedeng leungeunna mah ngusapan kana sirah. Dipikir-pikir,
aya benerna ogé saran manéhna téh ari keur diudag-udag waktu saperti kieu mah. Muji ka
pamajikan téh, jalan pikiranana kalan-kalan nenggang ti batur. Tutas dipikiran deui rada
lila, antukna daék teu daék kuring rék nuturkeun saran manéhna, bari haté leutik mah
kurang méréan.
Kusiwel ngaluarkeun hapé, maksud rék nelepon ka Léni, rék ngabejaan idéna
pamajikan téa. Mimitina mah manéhna reuwaseun, satengah teu percaya kudu
ngajalankeun paréntah nu ieu téh. Tutas diolo béak karep jeung dibéjaan euweuh deui
jalan, manéhna karék sapuk.
"Kahadé poho, bérésan satpam nu bagéan jaga!"
"Siap, bos...," ceuk manéhna ti tungtung telepon, saacan obrolan ditutup.
Sapeupeuting méh teu bisa saré, mikir pilampaheun isukan nu can karuh pihasileun.
Ari nempo pamajikan mah teu riuk-riuk, saréna mani ngageubra. Tibang gogodeg ku
kalakuanana téh.
Wanci janari leutik, kuring cengkat tina ranjang. Gesat-gesut, tatahar nyiapkeun
sagala rupana. Koloyong, muru ka garasi. Mobil dihurungkeun, mesinna dipanasan.
Teu lila pamajikan aya nyampeurkeun bari baruruten, leungeunna meulit kana taktak
kuring. "Ati-ati, nya, Yah," semu ogo. Mobil kaluar ti imah. Ngageuleuyeung, meulah
tirisna hawa peuting usum katiga.
Méméh adan awal, mobil geus nepi 'na jalan buntu nu paroék, hareupeun kebon
kosong tukangeun kantor. Kaayaanana jempling kacida. Katempo mobilna Léni geus
ngabagug. Jrut turun, nyampeurkeun manéhna. Kaca mobilna muka lalaunan. Léni
ngelolkeun sirahna, méré isarah.
"Kumaha siap, Pa?" Nanya ka kuring. "Siap, lah! Buru atuh bisi kaburu beurang,"
cekéng. Panto mobil muka. Manéhna turun, laju muru kana panto bagasi di tukang. Bray,
kasampak aya dua jalikén bodas eusi duapuluh literan.
Giriwil, duanana dijingjing. Tutas luak-lieuk merhatikeun sabudeureun, Sup ka jero
kebon dituturkeun ku manéhna. Kawantu keur aya maksud, leungit kasieun téh najan
kukurusukan di jero kebon nu poék ogé.
"Ieu koncina, Pa," ceuk Léni, basa anjog kana hareupeun panto kantor nu bagéan
buri. Kulutrak, sosina dibuka. Sup ka jero. Rada geueuman, wantu asup ka jero gudang
nu geus lila euweuh eusian. Sénter dihurungkeun. Keketeyepan muru ka rohangan
hareup.
Anjog di rohangan tempat sapopoé gawé. Duaan babagi tugas, ngawur-ngawur eusi
jalikén ka sakuliah rohangan, utamana mah di rohangan bagéan berkas jeung keuangan.
Teu kungsi lila, eusi jalikén geus korédas. Léni mikeun panékér. Ditampanan.
Cekés, dihurungkeun, seuneuna diantelkeun kana koran salambar, laju dialungkeun kana
tumpukan kertas. Gur! Seuneu mimiti ngaléntab sakuliah rohangan. Sajongjonan kalah
silih pencrong.
Hawa panas mimiti karasa narekab kana kulit. "Geuwat kaluar!" Méré paréntah
supaya teu talangké. Beretek, lumpat tibuburanjat muru jalan basa tadi asup.
Saacan asup deui kana jero mobil, panénjo ngarangsadan heula sabudeureun. Wantu
jalan buntu, teu manggihan jelema saurang-urang acan. Méméh ninggalkeun éta tempat,
kapireng sora nu Tarhim di masjid kuloneun komplék kantor.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar