Kamis, 26 September 2013

CARPON SUNDA

TANGKAL DUIT

 Ku Erwin Wahyudi



Ditaksir ku para ahli mah, umur éta tangkal nu ngabedega di tengah alun-alun téh

geus ratusan taun. Saking ku badagna, sabudeureun éta tempat kaiuhan pisan ku

dahanna nu ngarandakah.

Tangkal duit katelahna téh. Sabab, tina dahanna kalaluar duit lambaran jeung duit

kencring. Teu wudu, saban poéna téh alun-alun jadi pangdeugdeugan ti mana-mana.

Udaganana taya lian, rék ngaralaan duit nu jadi dina éta tangkal.

Aya nu bagéan beurang, aya ogé anu resep ngaralaan duit bagéan peuting.

Geus pada ngalarti sorangan lebah dinyana mah, pada-pada ngalarapkeun jeung

kamampuhna séwang-séwang.

Hiji poé. Wanci haneut moyan. Alun-alun jiga sasari geus riab ku jelema. Lalaki,

awéwé, kolot jeung barudak mamawa gantar. Tukang daragang ogé marilu dadasar.

Pagaliwota. Tumplek minuhan sabudeureun éta tempat.

Mang Dudu. Hiji lalaki tengah tuwuh.  Maneuh indit ti imahna saacan matapoé

meleték, bari teu poho memekel gantar nu jadi pakakas. Saragamna geus jadi ciri nu

mandiri. Kaos belél adumanis jeung calana sontog nu geus lalayu sekar, katambah

anduk leutik nu tara lésot mapaésan beuheungna.

"Pamugi dinten ieu mah kékéngingan téh sing rada mucekil, Gusti...,"

Mang Dudu

gumerentes. Tutas ngagembok béca nu jadi kandaraan pribadina, inyana ngagidig

muru ka  sisi nu belah kalér.

Nepi ka handapeun tangkal, kasampak geus aya  tatanggana ti lembur, Mang Wiwit,

nu geus ti peuting kamari kénéh datang ka éta tempat.  Kérésék eusi sarung jeung

kopéah, ogé timbel katambah cai sabotol jangeun dahar pabeubeurang diécagkeun

dina luhureun batu démprak.

"Geus meunang sakumaha, euy?" ceuk Mang Dudu ka Mang Wiwit.

"Kalah capéna uingah, Du! Ti janari da kalah kencring baé nu lolobana kacoér

téh," témbal Mang Wiwit bari ngusapan beuheungna, tayohna geus cangkeuleun bati

tatanggahan jigana téh.

Wantu unggal poé diaralaan, duit lambaran mah geus teu pati loba nu nyésa 'na

dahan panghandapna téh. Nu matak, mingkin kabéhdieunakeun mah, nu baroga gantar

parondok kawas Mang Dudu jeung Mang Wiwit mah kalah jadi bangbaluh.

"Wit, cuang ngajaran ditaékan, yu, ah! Sugan  kapipit nu béh luhur, da geuning

leubeut pisan katénjona mah..." ceuk Mang Dudu bari mencrong ka Mang Wiwit.

"Ngimpi satéh...? Sidik tangkal sakitu badagna, jaba leueurna nataku!" Mang Wiwit

némbalan.

Mang Dudu ogé lain teu nyaho, tangkal duit téh badagna liwat saking. Hayang bisa

katangkeup téh kudu ku tujuhan. Lian ti éta, tangkal téh ngaluarkeun geutah nu sakitu

leueurna. Remen pisan aya jelema nu coba-coba nérékél. Batan nepi ka luhur kalah

nyorosod deui.

Mang Dudu rumahuh. Inyana kabongroy ku duit lambaran nu kalaluar tina dahan nu

béh luhur.

 Teu lila, Mang Dudu tuluy ngamimitian rék nyoér. Sirahna tatanggahan. Gantarna

ditojér-tojérkeun kana dahan nu pangdeukeutna. Aya kana satengah jamna jéjéngkéan,

bari ngepas-ngepaskeun gantar kana duit lambaran nu pulas héjo, nu kabeneran

nyelap dina dahan béh handap.

Batan beunang kalah mingkin cangkeul baé leungeun jeung beuheungna téh.

Késang mah geus titadi mula nyurudcud tina pori-pori kulitna.

"Jadol...! Hésé geuning!" Mang Dudu kukulutus.

"Ku naon, lur...?" Mang Wiwit tangka nyakakak, tayohna ngarasa lucu alatan

merhatikeun polah Mang Dudu, nu keur ukay-ukey tanpa hasil. Sedeng nu keur

diseungseurikeunana mah teu maliré saeutik-eutik acan.

Lila-lila mah nu keur ihtiar téh beubeunangan. Sababaraha kali Mang Dudu mulung

duit kencring nu murag kana taneuh. Bakat ku anteng nyoéran duit, nepi ka teu

kanyahoanana Mang Wiwit ngaléos rék meuli sangu.

Poé mingkin mangkat ka beurang, jelema nu rék ngadon nyoéran duit  mingkin

ngaleut ngabandaleut ka alun-alun. Ampir geus euweuh tempat nu lowong, nu keur

cocoér teu sirikna pagilinggisik.

Mang Wiwit norojol deui. Gap kana gantarna nu tadi digolérkeun. Teu lila geus

cocoér deui teu jauh ti Mang Dudu.

"Wit, ari ilaing jiga nu euweuh kacapé, geuning?"

"Pantar uingah teu payus loba teuing cicing, Du! Cacakan langka balik, duit téh tara

mahi baé!"

"Loba sukuran, atuh! Saeutik sing mahi, loba kudu nyésa...!"

"Kateuing, ah..."

Duanana laju ngadarekul deui nyoéran duit. Alun-alun tambah metet ku jelema nu

ngurilingan tangkal bari tatanggahan. Ngaradu milik nyoéran duit pikeun bawaeun ka

imah séwang-séwang.

Meneran tengah poé, kapireng adan lohor ti Masjid Agung nu aya di hareupeun

alun-alun. Loba jelema anu rareureuh heula. Ngaradon indit ka masjid, atawa aya baé

nu ngaradon dahar beurang di warung sangu nu ngajajar di luar alun-alun. Tapi, teu

saeutik ogé jelema anu neruskeun cocoér jiga Mang Wiwit, nu teu miroséa kana waktu.

Mang Dudu kaasup kana golongan nu milu reureuh. Gantar digolérkeun dina

taneuh, sedeng kérésék eusi bebekelan nu meunang mawa ti imah buru-buru digiwing.

Giak indit ka masjid, seja ngadeuheus ka Mantenna.

Tutas sumerah ka Nu Maha Suci, timbel dipurak gigireun masjid. Réncangna dadar

endog sakeureut, katambah sambel tarasi jeung seupan jaat. Kacirina téh bangun nu

nikmat pisan najan dahar saaya-aya ogé. Rérés dahar, pelenyun udud kéréték bari

nyarandé kana témbok masjid.

Sabot keur udud, pikiran Mang Dudu ngalayang ka ditu- ka dieu. Ras inget ka

budakna nu kamari léwéh basa balik sakola. Cenah dicarékan ku guruna pédah can

mayar duit iuran. Ras deui ka pamajikanana, nu keur ngalempréh geus dua poé alatan

muriang.

Kahayangna mah mawa pamajikanana ka dokter ngarah téréh cageur deui.

Atawa  babayar ka sakola budakna, ngarah diidinan milu ujian minggu hareup. Tapi,

beubeunanganana geus sababaraha poé ieu samporét baé.

Teu lila, Mang Dudu geus balik deui ka tempat cocoér. Kasampak Mang Wiwit keur

tatanggahan kénéh nyoéran duit.

Anapon jelema nu séjénna mah loba nu keur ngaraso. Aya nu keur ngobrol jeung

baladna bari gogonjakan, aya baé nu keur arudud jeung nu keur dadapangan dina

luhureun jukut.

Mang Dudu neruskeun nyoéran duit. Inyana teu leutik haté najan seseringna mah

loba meunang kencring. Geuning ari dileukeunan mah teu burung aya ogé jang meuli

béas sakilo-kiloeun jeung jajan budakna.

Keur aranteng nyaloéran duit, ti hareupeun alun-alun rentang-rentang aya nu

datang. Sapuluh urang lalaki jarangkung badag. Nu limaan disaragam, sedeng nu

limaan deui mah maraké baju biasa.

Geus pada surti nu keur nyoéran mah. Gasik ngalaluarkeun duit pikeun mayar

setoran poéan. Tutas nampa duit mah, maranéhna ngaraléos deui ka luar alun-alun,

dituturkeun ku kukulutusna jelema nu cikénéh maréré duit, kaasup Mang Dudu jeung

Mang Wiwit.

Wanci lingsir ngulon, ti béh kidul kadéngé nu éak-éakkan. Ku Mang Dudu dirérét

sakeudeung.

"Wit...! Deuleu tuh rombongan nu garélo ti puseur dayeuh karék jebul," ceuk Mang

Dudu bari nunjuk ka lebah kidul. Katara rombongan jelema nu marake setélan jas

harideung karék jol.

"Aingah...! Rombongan jurig geus daratang," ceuk Mang Wiwit bari gagaro kana

sirahna nu teu ateul.

"Ngajaredog kahayang téh ari geus baleunghar mah, nya, Wit?" Mang Dudu milu

mairan.

Kituna mah enya, éta rombongan anu kalulimis jeung parlénté téh jiga nu baroga

élmu. Batur-batur mah  nyaloér téh maraké gantar, maranéhna mah cukup ku téténjrag

jeung tutunjuk ku leungeunna nu paranjang, duit keretas pulas héjo jeung nu beureum

téh dumadak lalagragan sorangan.

Orokaya, beubeunangan maranéhna jadi leuwih punjul, matak milaraan ka kaom

pantaran Mang Dudu jeung Mang Wiwit. Lian ti éta, maranéhna mah tara daék wawuh

jeung batur nu séjén. Nu matak, loba pisan nu teu raresepeun ka rombongan éta mah.

Beurang mingkin kasilihkeun ku soré. Nu nyoéran duit mimiti témbong ngorotan.

Mang Dudu ogé keur tatahar rék mulang ka imahna.

 Sarung, kopéah jeung botol wadah cai diasupkeun kana kérésék. Duit kencring bati

cocoér  mah diwadahan kana kanjutkundang.

Saacan mulang, Mang Dudu ngahajakeun heula diuk luhureun batu badag bari

ngaroko. Maksudna mah rék nuuskeun késang tapak ihtiar tadi beurang. Sabot 

miceunan haseup tina bahamna, panonna mapayan sabudeureun.

Katara loba jelema nu keur tatahar, beberengkes parabot jeung ngitungan

beubeunangan. Aya ogé jelema nu tambuh laku, saukur hulang-huleng bari

nyérangkeun batur. Tapi, aya ogé jelema nu masih kénéh anteng cocoér jiga Mang

Wiwit.

Tutas ngalungkeun roko nu geus pondok, Mang Dudu cengkat.

"Hayu cuang balik, Wit," ceuk Mang Dudu.

"Jug baé tiheula rék mulang mah, Du," témbal Mang Wiwit nu keur tatanggahan

nyoéran duit.

Mang Dudu tibang gogodeg nénjo kalakuan tatanggana kitu téh, laju ngaléos

ninggalkeun alun-alun bari mamawa gantar.

Basa keur ngudaran gembok dina roda bécana, katémbong aya tilu wanoja

lalenjang nu maraké baju parungsat keur patingcikikik dina bangku alun-alun.

Manéhna mah geus apal deui, éta tilu wanoja éta téh nu sok nyoéran duit ti

sareupna nepi ka janari. Golongan jelema kalong disarebutna téh.

Geuleuyeung, Mang Dudu ngaboséh bécana, meulah jalan nu keur meujeuhna

metet ku kandaraan. Muru mulang ka imahna, seja masrahkeun hasil ihtiar poé éta ka

kulawargana.

Waktu tuluy nyérélék teu bisa dihalang-halang. Wanci sareupna lalaunan

nganteur peteng ka éta dayeuh. Puluhan lampu nu aya di sabudeureun alun-alun

mimiti harurung. Cahyana Marakbak, mapag jelema nu kabagéan nyoéran duit

kapeutingnakeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar