
Sirah Nu Uing
Capé
liwat saking. Balas nunutur curuk babah Akong. Orokaya, satulang-sandi
taringgaleun dina méja kantor. Sirah mah kabur geus tilu poé ogé.
Ditelepon kalah di-rijék. Ngadon ngirim és-ém-és. "Moal balik,
aingah...!" Apal kana adatna. Teu hayang malesan. Sabodo, ah,
saheulaanan teu nyunyuhun manéhna ogé.
Kapaksa meuli sirah urut. Bari teu ngepas kana beuheung. Digawé jadi
kaganggu. Babah Akong ambek badag. "Lugi atuh owéh...!" pokna téh bari
nulak cangkéng. Panonna nu sipit dumadak hurung. Létahna nu nyagak
elél-elélan. Angger. Teu wani ngalawan. Saukur bisa ngahéphép. Bari
nyérangkeun eusi kebon binatang nu bijil tina sungutna.
Abong solmét. Terus rasa jigana mah. Sirah uing ngurunyung sorangan.
Katara sapasang tanduk mucunghul tina awakna. Kakalayangan bari
ngamang-ngamang bedog. Cocorowokan. Awong-awongan. "Gelut jeung aing,
Akong...! Ulah nyiksa waé nu lemah, siah...!" Sorana bedas naker. Bumi
inggeung. Lalangit ngagebros. Kaca kantor mancawura. Si babah ngeleper.
Calanana témbong baseuh. Ngarumpuyuk. Ampun-ampunan handapeun sirah
uing.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar