Duriat nu Nalaktak
Langit
lénglang luhureun setadion Si Jalak Harupat, nu harita salin jinis jadi
sagara biru. Kuring jeung manéhna. Ngaludeung-ludeung karep, sanajan
dikeput rasa kahariwang. "Énjoy aja, lagih, ngapain mesti takut," ceuk
manéhna, ngagedékeun haté. Bener ceuk sasaha, cinta mah lolong, tara
nempo kasangtukang. Kalan-kalan ligarna ogé sok di tengah-tengah seuneu
konflik. Loba nu nyarita, yén ieu kelir kayas téh teu parok. Ngondang
picilakaeun. Pon kitu deui manéhna. "Korlap bilang, ini cinta haram,"
cenah, basa kamari balaka. Sabodo teuing, ah! Moal mikiran
Setadion asa rék runtuh ku ketakna rébuan bobotoh nu sakitu metetna. Aya
nu nyeungeut flare. Nu niup tarompét pelastik. Nu éak-éakan bari
ajrag-ajragan, jiga nu mupuas ka sabelas pamaén musuh gerot, nu harita
keur nandangan wiwirang. Manéhna mah teu riuk-riuk paromanna téh. "Maaf,
yah...," cekéng. Ngiceupan. Semu ogo. Bari seuri konéng, manéhna
ngaharéwos, "Selamat...! Kamu menang." Bari memener samléh jékét biruna
nu gombrang, nu nyumputkeun kaos oranyeu di jerona.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar