Persidén Anyar
Nagara
geunjleung. Ceuk sakaol, kajadian caah déngdéng tina cimata para kaom
ema di éta nagara, basa Ki Dirga, patandang anu dirojong ku partéy Sedep
Malem, kapéto jadi persidén anyar. Inyana ngéléhkeun sababaraha
patandang séjén, ngaliwatan pamilihan langsung. Naha Ki Dirga bisa
kapilih? Horéng simanahoréng, aya hiji programna waktu kampanyeu, anu
bisa ngabandang pamilih ti kaom lalaki.
UU Perkawinan anu lila, ku inyana baris dirobah. Dina prak-prakanna,
saupamana nu jadi salaki masih kénéh ngarasa kayungyun ku pamajikanana
dina jero lima taun, éta pertikahan bisa diperpanjang, tangtuna ngaliwatan prosés daftar ulang. Tapi sabalikna, lamun salaki ngarasa geus teu sugema salila lima taun, pamajikanana bisa diserahkeun ka kolotna.
Kataji ku program éta, teu wudu loba kaom lalaki anu milih Ki Dirga.

Ti saprak harita, para kaom Ema leuwih soson-soson jeung daria dina
ngurusan salakina. Sedeng kaom Bapa mah mingkin garedé hulu. Néangan
lolongkrang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar