Riung Mungpulung Taun Kali
Taun
ieu téh minangkana mah gelaran nu ka-limalas kalina. Pamilon geus
kumpul ti sapoé saacanna. Tempatna saperti biasa dipuseurkeun di
sabudeureun jambatan Semanggi. Tina sakabéh nu datang téh, euweuh nu
robah saeutik-eutik acan jeung taun-taun nu geus kaliwat. Sorot panon
anu kopong. Pasemon nu aralum. Kulit bocél tapak pélor, jeung awak nu
garéhéng sésa kaduruk.
Wanci sareupna. Kabéh nu hadir euweuh nu nyora saurang-urang acan,
basa panitia ngayakeun acara tongtonan. Bruh-bréh, rébuan gambar lalakon
jaman harita, nu atra kagambar ti hiji adegan ka adegan. Babaungna
sirineu. Gas airmata. Tingbarasatna témbakan. Getih seger nu maseuhan
aspal, jeung seuneu nu ngahuru wangunan.
Acara lekasan. Dumadak awor ku sora ceurik jeung tingjareritna nu
lalajo. Aweuhanana karasa ngageuri nyasaak bayah. Sisieun jambatan,
kuring anteng nyérangkeun patalimarga jeung gedong-gedong nu lampuna
tingkaretip, dibaturan ku sobat dalit jaman keur kuliah, Si Cin Lan.
"Panggih deui taun hareup, lur...," ceuk manéhna, saacan hiber ka
kidulkeun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar