Kapal Tanker ti Jepang
![]() |
Add caption |
Komandanna kerang-kerung, waktu keur maca hiji buku nu kapanggih ti
kamer kaptén kapal. "SHINKOKU MARU. 1944," gerentesna. Dua halisna méh
tepung. "Dan! Boa-boa...," ceuk saurang anakbuahna. Can ogé béak
kapanasaran, mesin kapal dumadak hirup sorangan, sedeng lampu nu aya di
jero rohangan kalah reup-bray. Sajongjonan kalah silihpencrong.
Komandanna laju nyorowok méré komando, "Mundur...!"
Geus aya sajamna, pasukan nu tujuhan téh kukurilingan di sabudeureun dinya-dinya kénéh, kalangsu 'na jero beuteung kapal ku lalangsé goib. Sapanjang palka jeung lulurung kapal, hawar-hawar kapireng haleuangna lagu Kimigayo, paselang jeung sora nu tingjarerit tanpa jirim.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar