Sabtu, 29 Maret 2014

JURUS NGARANG

GAYA BAHASA DALAM PROSA FIKSI

A. Pengertian Gaya Bahasa
Dalam kegiatan mengapresiasikan karya sastera, selain memahami isi dan bentuk, juga harus sampai pada menanggapi peeristiwa dan pelaku secara emotif dan merasakan serta menemukan keindahan bahasa pengarang. Salah satu cara pengarang mengekspresikan keindahan karangannya yaitu dengan plastic bahasa. Plastic bahasa adalah kekuatan kata atau bahasa untuk membentuk gambaran di benak seseorang yang mendengar atau membaca kata-kata itu (Tjahyono, 1988). Salah satu yang membentuk pengarang dalam membentuk plastic bahasa yang kuat adalah gaya bahasa.
Menurut HB Jassin, gaya bahasa adalah perihal memilih dan mempergunakan kata sesuai dengan isi yang mau disampaikan. Sedangkan menurut Nata Wijaya (1986:73), gaya bahasa adalah pernyataan dengan pola tertentu, sehingga mempunyai efek tersendiri terhadap pemerhati (pembaca atau pendengar).

B. Jenis Gaya Bahasa
Secara garis besar, gaya bahasa dapat dibedakan menjadi empat kelompok, yaitu:
1) Gaya bahasa perbandingan;
2) Gaya bahasa penegasan;
3) Gaya bahasa sindiran;
4) Gaya bahasa pertentangan;

ARTIKEL

Ngaran Patempatan dina Basa Sunda

Ku Dadan Sutisna


alun-alun tanah lapang di hareupeun kabupatén, kawadanaan, jsté.
babakan lembur anyar; ngababakan, nyieun lembur anyar.
babaladon kotakan leutik anu pernahna di bagian tanah sésém­péran; di sawaréh tempat disebut ogé baladoan.
babantar bagian walungan nu ngocorna leuwih tarik. Disebut ogé parung.
balungbang kamalir gedé sarta rada jero tadah cileuncang.
bangawan walungan nu kacida gedéna.
basisir sisi tanah (keusik) nu adek ka laut.

JURUS NGARANG

Tehnik Ngarang

Ku Endah Dinda Jenura


Dina kanyataan hirup sapopoé, urang teu bisa ngabadé eusi haté jeung pikir jelema.Tapi dina fiksi mah, urang nu maca bisa neuleuman eusi pikir katut eusi haté tokoh carita ngaliwatan kalimah nu ngahaja dijieun ku pangarang pikeun nerangkeun hal éta.
Aya dua cara nu ilahar pikeun méré béja nu maca:
 

-Maké kalimah langsung: Panas mentrang. Panumpang teu saurang-saurang acan. Kang Kardi neuteup angkot bututna. “Hirup téh asa euweuh undakna,” gerentes haténa.

-Maké kalimah teu langsung: Panas mentrang. Panumpang teu saurang-saurang acan. Kang Kardi neuteup angkot bututna. Manéhna ngarasa hirup euweuh undakna.
 

TEHNIK

Nu dimaksad Stream of Consciousness (SoC) nyaéta gulak-gilekna eusi haté jeung pikiran nu sakapeung mah aclok-aclokan ti hiji hal ka hal séjén, acak, teu ngaleunjeur. Istilah ieu mimiti dipopulérkeun dina widang psikologi ku William James, sahiji psikolog Amérika. Abi teu apal naon basa Sunda nu cocog kanggé stream: tiasa geuleuyeung, guluyur, ringkel, atanapi umpalan. Nyanggakeun éta mah ka nu langkung palinter. Nu sidik, ieu istilah psikologi téh teras dianggo dina widang sastra pikeun nuduhkeun pagilinggisik atanapi campuhna narasi sareng eusi haté/pikir tokoh carita bari teu nganggo cara nu ilahar dilakukeun di luhur.

JURUS NGARANG

Tanda Baca -. Kekenteng ("...")

Ku Ki Hasan


1. Tanda kekenteng dipaké ngahapit cutatan langsung tina omongan, naskah, atawa bahan tinulis séjénna. Kekenteng duanana ditulis satahap luhureun jajaran.
Contona:
"Mun geus karumpul," saur Emang, "hayu urang indit!"
Dina éta buku ditandeskeun yén "maca karya sastra téh jantungna" dina pangajaran sastra mah.

2. Tanda kekenteng dipaké ngahapit judul guguritan, sajak, karangan, jeung bab buku lamun ditulis dina kalimah.
Contona:
Boh nilik eusina boh niiik basana, "Laut Kidul" téh guguritan anu kawilang pinunjul.
Méméh dibukukeun, sajak "Bulan jeung Laut" téh kungsi dimuat dina majalah.

JURUS NGARANG

TANDA BACA - 

Nana Sukmana


1. Tanda tanya (?) sareng tanda panyeluk (!) henteu kedah diréndéngkeun. Cekap salah sawiosna waé, luyu sareng fungsina. Tanda tanya kanggo nuduhkeun pananya, tanda panyeluk kanggo nuduhkeun panyeluk, panitah, atanapi rasa reuwas.
2. Tanda élipsis (...) jumlahna henteu sagawayah, cekap tilu titik baé. Teu kirang teu langkung. Kajabi dina ahir kalimah ditambihan ku satitik, wajib kanggo mungkas kalimah.
3. Tanda élipsis téh kanggo nuduhkeun kalimah anu ngarandeg sakedapan atanapi kanggo nuduhkeun engang/sora anu dipanjangkeun. Upamina baé, 'Ema...!" (Henteu kedah diserat : Emaaaaaaaa...!) margi parantos kawakilan ku titik-titik tanda élipsis téa.
4. Perhatoskeun ahiran 'na' sareng 'ana'. 

ARTIKEL

PLOT NU MATAK POGOT 

oleh Éndah Dinda Jénura


Plot atawa alur mangrupa salah sahiji unsur nu penting dina hiji carita. Nu dimaksud plot nyaéta narasi nu ditepikeun ku pangarang pikeun ngawangun lalakon sangkan nu maca kahudang émosi jeung katarik atina pikeun tuluy maca jeung namatkeun carita.

 
Dumasar kana ringkelna, aya carita nu mibanda téhnik plot maju, nyaéta carita nu ti hiji kajadian ka kajadian lianna ngéntép sacara kronologis ti awal nepika ahir, tur aya plot nu dijieun maké téhnik mundur atawa flashback, dimana hiji kajadian di mangsa nu geus kaliwat diasupkeun pikeun méré sawangan atawa katerangan keur nu maca. Plot biasana dijieun dumasar éfék nu dibutuhkeun pikeun carita. Fiksi misteri, komédi atawa horror biasana maké plot maju, demi fiksi romantis atawa tragis kalan-kalan sok nyelapkeun flashback di jerona.

Cenah, salah sahiji hal nu jadi pamiangan fiksimini teh nyaéta ayana rénjagan pikeun nu maca. Rénjagan biasana diteundeun di tungtung carita, ditandaan ku ayana hiji kajadian nu ujug-ujug ngagilek kana kajadian séjén nu teu dipiharep atawa teu kaimpleng saméméhna ku nu maca, atawa mangrupa klimaks nu matak ngalenggak bin hookeun.
Pikeun nyieun renjagan nu hadé (boh dina fikmin, carpon, atawa novél), dibutuhkeun katapis pangarang dina ngagulak-gilek plot carita supaya matak pogot maca. Kaahlian ngagulak-gilek plot ieu bisa dikawasa ku latihan nyieun rupa-rupa wangun carita. Nu kumaha plot nu matak pogot? Di handap ieu aya sababaraha rupa plot jeung sewang-sewang contona nu kungsi kapanggih di ieu lapak:

ARTIKEL

Fiksi Mini Adaptasi

oleh Endah Dinda Jenura

Jenny Mathis  
W A W A N
 
Manehna keur ngarasa jadi jelema pangsial-sialna saalam dunya. Isuk-isuk keneh geus dicarekan laklak dasar ku nu boga kosan, ditagih geus 3 bulan can mayar. Peuting ieu, motor bututna nu mogok kapaksa ditinggalkeun di bengkel tuluy manehna ngalenghoy balik, leumpang 3 kilo jauhna bari ngajingjing keresek, asa lebar naek angkot lantaran nyaho duit dina loket kari genep rebu deui. Nepi ka kamar, kasampak lauk cocooanana geus ngambang, paeh dina akuarium nu caina butek. Bari ngarahuh gak kana piring rek murak sangu goreng nu geus tiis dina keresek. Gap sendok. Barang am, gurubug tibuburanjat bari kuplak-koplok. Rarasaan mah geus omat-omatan sangu goreng teh ulah diladaan. Duh. Aya-aya wae, pikirna, bari ngarasakeun beuteung nu nya ngurubuk nya ngusial, ngahuleng neuteup sakuriling kamar kost nu rupek, balatak teu kaurus. Rahuh. Ceg kana handphone, mariksa pulsa kari sarebu perak, klik mencet nomer, tuuuuuutt... Tuuuuutt... Tuuuuuuutt... "Wan?" Ceuk nu ngangkat ti ditu.
"Mah," tembalna peura. "Enjing Wawan bade uih, nya?"

M. Stanley Bubien
CEUK NU MABOK 

"Saha nu mabok, Nying?"

SAJAK

NU MIANG

Sajak Godi Suwarna


Jalan nanjak sanggeus girimis miripis
Aya nu gugupay ti péngkolan : Saha?
Jungkrang nu ngalungkawing, atawa
Simpé taya sasaha, taya sasaha

Aya nu ditinggakeun, ceuk anjeun
Aya nu ditinggalkeun tapi urang geus sadia
Bebenah pikeun nandangan tunggara
Bebenah pikeun simpé dina haté

Ngaliwatan tihang-tihang kilométer
Nyemprung rék mapagkeun beungeut peuting
Urang kudu sadrah tumarima
Sabab jogjog geus dikeprak tina dahan pamondokan

(1978)

Kamis, 27 Maret 2014

FIKSIMINI

 Amprok Deui di Gedong De Driekleur


Sabot nganteur mapayan rohangan di ieu gedong, panonna nu beueus, karérét mindeng tatanggahan nempoan lalangit. Dampal leungeunna ogé remen ngusapan témbok, kusén jandéla, tangga jeung téhelna. "Teu nyangka Akang mah, sugan téh geus moal aya jelema nu mikanyaah ieu wangunan," pokna téh, bangun nu reueus.
Cahya lampu nu reyem-reyem, mingkin ngantebkeun rasa geugeut nu geus lila kakeureut. Musik klasik tina gramofon, ngagalindeng minuhan rohang di lanté 3, nu robah pulas jadi kayas. Paadu teuteup, dina jarak anu padeukeut.
"Nyai...."
"Kang Albers..." ngan sakitu nu kedal, tina sela-sela adegan dangsa nu antaré. Rébuan rasa ngaguruh. Awor. Pagaliwota dina jero dada. Teuing iraha mimitina, cimata bahé dina dadana.
Can cacap namplokkeun kasono nu ampir lukutan, peuting nu paripurna téh mani sajorélat. Saacan balébat nyumirat, nu dipicangcam puluhan taun téh ngarangkul pageuh. Mun kongang, hayang satuluyna nangkod dina rangkulanana. "Nitip ieu gedong nu jadi saksi asih urang, Nyi," pokna, saacan ngiles patutur-tutur.

Rabu, 19 Maret 2014

CARPON SUNDA

POÉ ÉTA 

Carpon Endah Dinda Jenura


TI jero garéja, sora orgél jeung antifon agem mapag. Sém ngalieuk ka gigireunana. Panganten awéwé, nangkeup bukét kembang dina dadana, katempo bungah, marahmay, teu eureun imut ka kénca ka katuhu. Satukangeunana, kulawarga dua pihakan, kolot-budak awéwé-lalaki, dibarungkus warna-warni  baju pésta, ngagimbung jigrah.
Manéhna rungah-ringeuh.

CARPON SUNDA

LALAKI DINA TUNGTUNG PEUTING

Carpon Tiktik Rusyani


  Kira-kira duapuluh méteran sabada turun tina taxi, katingali nu mapagkeun. Nangtung dibarengan girimis ipis. Gagah. Dua dampal leungeunna nyumput dina saku calana. Sukuna rada ngajégang. Jangkung, ngageblég make baju hideung dina lalangsé poé katompérnakeun, mangsa layung geus mubus kateureuy sandékala.
        Leumpang digancangan, hayang geura nepi. Hayang geura ningali paromanna nu unggal usik kumalangkang na ciciptan. Asa leuwih sering teu apalna. Bangun nu ngahaja nyamuni, misterius. Sing sarwa teu kateguh.
        Barang anjog, imutna ngabagéakeun. Leungeunna nyolongkrong ngajak sasalaman. Lampu nu kahalangan ku Patrakomala, teu méré kasempetan pikeun nelek-nelek beungeut nu dipikasono dina unggal rénghap ambekan.
        “Hayu lebet, kabujeng ageung deui hujanna.” Sorana halon, teu ngumbang kana awakna nu jangkung badag. Nungtun asup ka jero imah.

CARPON SUNDA

Kanikir Dipipir Pasir

Kénging Moddi Madiana



Angkrék bulan marakbak bodas mapaés rohangan tengah. Unggal poé ditatap diusap jadi batur ngobrol, tempat miradu mun haté keur sumedeng ringrang. Sok rajeun nyoréang ka tukang, mangsa hirup paduduan, genep taun kaliwat. Nyimas Siti Munigar, anak nunggal  Mama Martadikusumah jeung Ambu Rohani, kembang désa Cidalingding, camperenik.
Sinjang sidamukti dilamban, nyanding kana barukat pulas langit mungkus waruga lémpéréng konéng, raray marahmay, sanggulna kabungkus karémbong bodas. Payus meunang sebutan ratu ti kahyangan; matak geugeut nu deukeut, matak sono nu nempo. Teu saeutik jajaka ti sawatara lembur ngahaja ngalanglang hayang ngabandang. Ti mimiti mandor adeg, mantri pasar, juragan kawung, kaasup barudak nu kakara mangkat begér nepi ka Kawasa Kebon boga tarékah séwang-séwangan pikeun ngadeukeutan Nyimas Siti Munigar.

CARPON SUNDA

Déhém

Ku Wahyu Wibisana


Dua pasir deui leuweung awi nu kudu disorang ku manéhna. Di langit, bulan teuing di mana, sarta béntang-béntang nyarusup kana méga kulawu. Gaang geus areureun ngéangna ditéma ku sora caricangkas jeung bueuk kukueukan kawas nu méré wirahma kana léngkahna. Oborna geus béak minyak, tapi haténa anéh bet teu ngarasa salempang atawa hariwang.
Kawas aya gaganti obor nu leuwih ti obor. Nu bisa tetep ngareugreugkeun haténa. Ninggang kana sisindiran “Gorék-gorék manuk tuweuw, disada dina taweuran...”
Tapi ngan sakeudeung manéhna boga pikiran kitu téh, gancang disalingkerkeun dina kelir lelembutanana. Tuluy nginget-nginget pamajikanana nu harita tangtu keur ngadagoan. Geus sabroleun.
Manéhna keur meujeuhna gedé duriat ka pamajikanana téh. Bisa jadi ku perbawana rék boga anak. Apan cenah, anak téh talining duriat sosoca rumah tangga. Ieu deui mani dagdag-dégdég pisan waktu pamajikanana nyarita yén beuteungna geus karasa téh. Gancang sadia obor da harita geus reupreupan, kencling néang paraji mani satengah lumpat.

CARPON SUNDA

KLEUP 27

Carpon Budi Mugia Raspati

Layon keur dipulasara. Kahayang manéh geus laksana, Bro. Enya, mati muda téa.  Ngan carana lain nu dipikahayang ku manéh.

“Keur naon hirup hayang lana, ari hayoh milampah dosa jeung sangsara mah,” cék manéh hiji mangsa.

“Aing mah modar téh hayang ginding,  minculak. Ngarah jiga Jimi Hendrix, Jim Morrison, atawa Kurt Cobain,” angger ari geus nataan pamaén musik téh. Agul.

Enya kituna mah, ngobrol perkara musik jeung manéh mah jiga kokocoran cai. Hésé kandeg, norolang. Tabé uing  dina urusan éta mah. Rék klasik, jazz, rock, dangdut tepi ka Ceurik Rahwana, digayem. Hirup manéh mah éta. Antukna jadi cita-cita manéh, impian manéh. Tapi kanyeri ogé lain, Bro?

“Goréng aing mah nasib téh, Bray, lain jelema beunghar,” angger, mun pareng manéh keur rungsing.

CARPON SUNDA

Bulan jeung Halimun

Carpon Nazaruddin Azhar


Manéhna nyorangan na korsi taman. Handapeun lampu nu nebarkeun sinar konéng kana buukna nu galing muntang. Beungeutna geulis, najan basa cipanonna ngembeng deui, kageulisanana jadi katémbong layu. Duka naon nu jadi marga lantaran, nepi ka manéhna kudu terus nyusutan cipanon, sabot peuting meuntaskeun manéhna kana poé nu anyar, sabot taya jalma lian nu sadar yén di taman nu perenahna di tengah kota éta, aya wanoja keur nyorangan.
Bulan ngaguliweng seukeut jiga arit. Pikeun leuwihna langit némbongkeun sababaraha béntang tingkaretip.
Si wanoja miceun tisu nu geus cipruk, terus nyabut deui salambar nu pangahirna. Deukeuteunana kembang keretas geus ibunan. Manéhna ngarénghap tur sama sakali teu boga karep pikeun ngarérét arloji nu meulit na leungeun kéncana. Naha waktu téh geus jadi hiji hal nu ku manéhna hayang dipopohokeun? Naha naon nu geus disogrogkeun ku waktu saméméh manéhna jadi hiji-hijina pangeusi taman tur dibarung ku kasedih nu bangun taya hinggana?

CARPON SUNDA

Lebaran Sakeudeung Deui

Carpon Nazarudin Azhar


Sakeudeung deui lebaran. Enya sakeudeung deui, ukur saminggu deui. Si Bungsu geus dipangmeulikeun pakean sasetel. Baju katut sendal hello kitty. Meunang meuli ti Jl. Pasar Baru, ti Mang Uki.
“Ari jang si Cikal moal meuli ayeuna?” Mang Uki nanya bari nasupkeun duit sapuluh rebu ti kuring kana urut wadah biskuit.
“Lah, can aya duitna Mang, ke sugan, piduapoeeun ka lebaran,” tembal teh, tamba balem teuing. Atuda, lain teu hayang mangmeulikeun baju keur budak ayeuna, tapi keur meujeuhna suwung ku duit. Da nyeta atuh, bet hese pisan diarahna duit dina jaman kiwari mah.
Mun seug Imas jagjag mah, enya pamajikan kuring, meureun rada katulungan hirup teh. Sok meunang tambahan da manehna sok buburuh ngabordel di Haji Ipin. Malah kalan-kalan mah gede keneh pangasilan manehna mun dagangan kuring keur teu payu mah.
Lain teu hayang atuda, usaha nu gede batina, jiga batur, ngan nyakitu tea heureut pakeun ragap taya. Teu boga modal. Lain teu hayang deuih, unjam-injeum keur modal jiga Mang Uki, ngan bisi teu kuat mayarna. Atuda lain nginjeum ti bang, Mang Uki mah, da nyeta sok kalah riweuh uras-urusna pokna, tapi nginjeun ti si Jingking, tukang ngarentenkeun.      Hih, bet kalah nyiar pipanyakiteun. Nginjeum duit saanu, kudu dibayar sakitu anu. Leuheung basa mun usahana lancar, kumaha mun sabalikna?

CARPON SUNDA

Nu Datang Tengah Peuting

Carpon Nazarudin Azhar


MANEHNA masih keneh nangtung di hareupeun eta imah. Geus rada lila nangtung di dinyana teh, sanggeus anjog ka ieu tempat tur pikiranana terus pagaliwota ku kekecapan naon nu kudu tiheula dipokkeun. Lima belas taun ka tukang, manehna ge kungsi nangtung di dinya. Malah sababaraha kali, dina sababaraha peuting.
Geus peuting. Manehna ngilikan arloji. Jarum posfor nu pondokna nunjuk angka hiji. Ampir janari. Janari leutik malah cenah. Tanggah. Aya bentang baranang, sesana kahalangan reueuk hideung. Gap kana panto pager, karasa tiis ku ibun. Angin ngahiliwir. Leungeunna lalaunan nyurungkeun panto pager, tetela teu dikonci, atawa memang euweuh koncian. Tapi leungeunna teu laju, malah panto pagerna lalaunan ditutupkeun deui. Ret kana panto imah nu kacaangan ku lampu lima watt tina palapon teras hareup. Ret kana jandela nu aya di sisi beulah wetan. Paroek. Jandela kamarna eta teh. Biasa sok dipoekan mun manehna sare teh.

CARPON SUNDA

Kareteg Hate


Cahaya bentang pating gurilap, bulan imut ngagelenyu ninggali kuring keur diuk di jandela kamar bari ngainghak ceurik, angina ngahiliwir karasa tiis, peuting ieu bet meuni asa endah katempona, tapi kunaon hate kuring bet meuni asa ripuh, rasa kaambek geus pinuh na ubun-ubun, kuring haying ngambek tapi teu bias, meureun kusabab kuring awewe jadi naluri kuring leuwih gede tibatan rasa amarah. Sarebu tanya minuhan pikiran kuring, naha bet ibu sareng bapa jadi teu ngawidian kuring ngilu pasanggiri eta, teu pira ngan saukur nulis jeung mikir, asa ku araraneh. Leuheung lamun diulahkeunnana the mun  kuring ngilu pasanggiri model anu gutak gitek di catwalk, kuring ge rada kaharti mun kitu mah, mung ieu mah aduh… ah pararusing, dug sek kuring ngarungkup dina simut.
Kongkorongooook….
Tok,tok,tok….    

CARPON SUNDA

GIRIMIS TEU BAÉ RAAT

Ku Dian Héndrayana

Asa geus peuting pisan. Girimis can baé raat. Basa lilir téh, karérét adi kuring keur ngajanteng deukeut jandéla. Hordéngna bangun ngahaja disingraykeun. Meureun ngarah laluasa nyawang ka luar. Leungeun katuhuna baé nyampay kana sarigsig. Najan teu pati caang, cahaya lampu ti tebéh buruan wasa nétélakeun yén adi kuring keur alum ngungun.

Ti peuting kamari kénéh, adi kuring puguh bangun meunang pangabetah dina peta nu kawas kitu. Utamana mun mangsa peuting lantis ku girimis cara ayeuna, manéhna sok ngajanteng deukeut jandéla, nyawang ka luar. Kituna téh sok bari ngembeng cimata.

Hiji mangsa mah kungsi dideukeutan, laju ditanya naha ku naon. Jawabna téh majar keur ningali Apa.

“Hawatos Apa kahujanan di buruan,” omongna.

CARPON SUNDA

Bulan Wanci Sareupna 

Carpon Dadan Sutisna


Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.

Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara éta tangkal samoja.

Indit téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.

CARPON SUNDA

Ada Main

Ku Darpan Ariawinangun


Jeung saenyana lurah hasil nyundutan urang lembur. Poè èta Mang Ursin ninggalkeun heula paculeun. Ki Sarja mèrènan heula anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip ngahaja teu ngurilingkeun dagangan. Mèh kabèh lalaki urang lembur ngabring rèk ngadongdon kantor kacamatan. Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun pangantèn, jiga nu rèk seserahan.

Pucuk ti girangna mah: listrik!

Dèsa Karangsaga kaliwat teu kabagèan listrik. Padahal lembur bèh girang jeung hilireunana mah geus raang. Nu jadi ambek urang lembur, naha atuh ukur kabelna wungkul nu ngaliwat ka luhureun dèsa tèh.

“Piraku urang teu ngarasa diteungteuinganan?” ceuk Lurah, “Lain kuring kurang usaha, inget! Tapi camat anyar jiga sentimèn ka dèsa urang!” pokna deui basa rapat LKMD. “Mèmèh nepi ka dèsa hilir gè, kuduna mah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum PLN jiga ada main!”

Lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang Karangsaga kakoèt ambekna.

CARPON SUNDA

Nu Harayang Dihargaan

Ku Darpan Ariawinangun


Lila Kardi ngajengjen, nungguan kasempetan anu hadé. Najan kudu pasesedek jeung batur, kapaksa nagen. Karasa, hawa di dinya rada nyongkab. Tapi Kardi maphum, lantaran lalaki-lalaki nu ngariung sabudeureun kalang, sumedeng disundutan birahina. Ngentab-ngentab dina dadana, di saawak-awakna.

Tapi tukang kendang, tukang kecrék, jeung tukang goong mah kawas teu kabawakeun. Beungeutna angger carakueum, taya parobahan. Kitu deui sindén—awéwé geus tengah tuwuh—udat-udat péot kulit beungeutna, némbongkeun kawas nu tunduh; kawas bosen ningali adegan hareupeunana.

Sabudeureun kalang, hareupeun lélang, rada paroék. Ukur kacaangan ku patromak nu digantungkeun na tihang awi di tengah kalang, jeung ku lampu-lampu cempor tukang kacang, és, jeung tukang kuclak.

SAJAK SUNDA

SERAT PAMUNGKAS

Sajak Godi Suwarna


Jungjunan,
wengi ieu ngantos bulan di buruan
sugan mangkak di langit puseur teuteupan
manahoréng mung sakadar belegebeg gumplukan méga
nu mindingan gulubur cahya salira

Jungjunan,
kakangen manggunung-gunung
moal nungtung tepung nanjung da urang teu lawung-lawung
ieu asih mung ukur dina impénan
mangsa anggang teu kadongkang ku lamunan

Jungjunan,
mung ukur dalingding angin
nu baris teras manjangkeun haréwos kakangen urang
tambih anggang manahoréng tambih mangkak
mangpirang kembang érmawar
dina manah nu marudah

Jungjunan,
hawar-hawar aya galindeng kakangen
nu kapireng nyeuitan jejempling peuting
saparantos salira kantun kalangkang
nu ngolébat tina méga kana méga

Jungjunan,
citangis tawis kakangen
bakal manjang nyarengan ringkang awaking

SAJAK SUNDA

PAJARATAN

Sajak Godi Suwarna


Léngkah kandeg : Taneuh beureum
Ukur dunga jeung sagagang kembang pias
Di dieu, simpé rungseb kana haté

Nu tumamprak jeung nu nolak kabéh gemprah
Jangjang peuting kikiplik meungpeukan layung
Antara mulang jeung miang, manahoréng
Watesna salapis kulit jeung daging

Kulisik angin bihari usik tuluy lunta deui
Sésélékét ngendag-ngendag dangdaunan méméh layu
Sabot sirung humariring nungguan giliran midang
Kalakayna bacacar sapanjang jalan satapak

(1978)

SAJAK SUNDA

GANDRUNG PANANJUNG

Sajak Godi Suwarna

asih kuring ka salira, jungjunan!
langkung ngempur batan gulubur purnama
nalika wengi harita ngahibaran basisir di palih wétan
waktos urang sasarengan ngagalindengkeun ungkara ombak
sagara teras marakbak ngagenclang-genclangkeun bagang
séwu parahu pamayang gumiwang di laut wening
nu mariang dijurung gending kaludeung

anging asihing salira, jungjunan!
karaos teu weléh rintih sapertos haréwos angin
humariring ngagupaykeun mangpirang pucuk katapang
pan salira nu tos ngagelar basisir janten tetelar pamedar tresna
waktos geugeut tambih meueut, katawis laut kareueut
murubmubyar guliwengan leuweung ganggeng
pangreureuhan warna-warni lauk lampar

kahéman salira pisan, jungjunan!
nu parantos ngahiruphuripkeun sagara
ringkang pamayang teu weléh manjang ti usum ka usum
da salira nu ngaréka satangkarak laut kidul janten karajaan lauk
nu ngantengkeun pareng ti taman karang ka sédong sigrong
ti lambak ka bubulakna, ti basisir ka lemburna
pangharepan baranang sabanjarkarang

mugia langgeng asih urang, junggjunan!
saban wanci sasarengan ngaheuyeuk nagri jaladri
ngageburkeun balébatna, ngahurung-hurungkeun layung
ngawurkeun roncé sulintang satengahing impénan para pamayang
nu jalengkar lapat-lapat ngolah laut tug dugi ka sukulangit
asih urang bakal mangkak di sagara, di basisir
dumalingding nyambuang ka alakpa

SAJAK SUNDA

SERAT PURA SAGARA

Sajak Godi Suwarna


apan kula nu ngadegkeun ieu pura, trijata!
ratusan windu kalarung, ratusan windu kakangen ka salira
nu diharéwoskeun ku séah ombak janten mantra ngagalura
langgeng ngagerendengkeun asma salira ti purnama ka purnama
nu ngaweuhan satungkebing dingding karang
nu ngaweuhan ka jabaning langit wening

di dieu kula lukutan, trijata!
sapertos karang karancang balas ditandasa lambak
balas ngantos salira kersa lumungsur nitih tarajé cahaya
bet suwung saban purnama, upacara karaos ilang dangiang
sapertos mangpirang dupa nu ditilar dalingdingna, ukur ngelun
dina batu nu rarengat bari hangit digarang panéka waktu

laun-laun raga kula jadi kayon, trijata!
akar nu ngaranggeum karang, areuyna ngadeudeul pura
katresnan teras tumuwuh janten pucuk miwah kembang
ngarandakah satengahing kahariwang jalaran salira suwung
da geuning imut salira mung kacipta tina galindeng gamelan
sateuacan sakur gending dipulut simpéning lamping

ti dieu kula nyakséni, trijata!
pirang-pirang umbul-umbul ngélébét sinareng runtuh
payung nu ngempur mangsa balébat, rangsakna dihuru layung
nu rumingkang pasisiang, dibeuleum wanci lumingsir
naha salira teu kersa rurumpaheun lumungsur ti méga bungur
mulung kembang ‘na liliuh kahéman kayon karamat?

di dieu, geuning kula ngalanglayung, trijata!
guruh lambak ngagalura lir kakangen sareng séah kapeurihna
ngagerihan raheut pura nu teu liput ku dupa sinareng mantra
da geuning ieu kasono tambih rosa sapertos umpalan angin
gumelebug ti sagara, lajeng bencar neumbrag karang
janten sajatining jempling lumanggeng ngarurub lampi
ng

(tanah lot, ’06)

ARTIKEL

NGAMINIJ BASA JADI CARITA

Yasana: Kang Tatang Sumarsono


1. Pangulinan pangarang aya di antara dua kutub: nyata – rékaan.
Najan carita téh sagemblengna ukur rékaan, tapi angger bakal aya bagian—gedé atawa leutik anu napak dina alam nyata (réalitas).
Realitas dina karangan aya anu témbrés atawa nonggérak, tapi aya deuih anu ukur hawar-hawar, malah ukur dicokot hakékatna wungkul (atawa simbul-simbulna).
2. Masing kalah kumaha ahéngna carita dina karangan, angger bakal aya pakan (benang merah) anu nganteng kana réalitas kahirupan.

NON-FIKSI

Bioskop Hégarmanah


Rumaja di kota Tasikmalaya taun '90an mah, pasti geus moal bireuk deui upama ditanya Bioskop Hégarmanah téh. Enya, bioskop nu perenahna di Jalan Yudanegara, harita mah jadi salahsahiji tempat nu biasa dipaké 'kongkow' ku maranéhna, salian ti bioskop-bioskop nu lianna. Bioskop Hégarmanah téh, jaman keur jayana mah remen pisan muterkeun pilem-pilem Mandarin, jeung pilem-pilem Holywood, nu saméméhna kungsi diputer di bioskop Parahyangan. Waktu pamuteran pilemna, mun teu salah mah: Jam 13.00. 15.00. 19.00. 21.00. Harga tikétna Rp. 2.500 - 3.000. Kaitung murah keur saku barudak OSIS waktu harita mah.

Jaman mimiti robah, kaasup kana kabiasaan nongton pilem. 'Virus' Laser Disc jeung VCD mimiti nerekab di taun 2000 an. Balukarna, bioskop di Tasik mimiti kaleungitan panongton. Ceuk babasan mah, bioskop di Tasik dina waktu harita téh, hirup teu neut paéh ogé teu hos. Biaya operasional nu dikaluarkeun geus teu saimbang jeung beubeunangan. Antukna, teu lila ti harita, bisnis bioskop di Tasik teh bener-bener tumpur, euweuh nu bisaeun nahan tina serbuan pilem-pilem dina format cakram. Samalah, wangunan bioskopna kiwari geus loba nu leungit, baganti rupa ku wangunan-wangunan nu jadi simbol jaman modéren. Geura urang tataan hiji-hiji, bioskop-bioskop nu kiwari geus saralin jinis di Tasik: Bioskop Parahyangan di Jalan Yudanegara, minangka bioskop pangonjoyna di Tasik jaman harita, anyar kénéh geus robah wujud jadi Hotel Santika. Bioskop Nusantara di Jalan Gunung Sabeulah, minangka bioskop nu remen muterkeun pilem Bolywood, kiwari gedongna geus 'disulap' jadi gedong Bank Nasional Parahyangan jeung pertokoan. Bioskop Garuda di Jalan dr. Soekardjo, kiwari geus jadi toko. Sedeng bioskop Tasik Theatre di Pasar Karlis, minangka bioskop kelas ékonomi, nepi ka ayeuna diantep kosong. Ceuk sakaol mah, jigana bakal betaheun upama éta gedong urut bioskop Tasik Theatre dijadikeun tempat kunti jeung tuyul balegér. Pon kitu deui bioskop Hegarmanah, tutas dikosongkeun sababaraha taun, ayeuna keur wawanohan jeung 'alat berat'. Geus aya samingguna ditugar. Cenah, rék dijadikeun hotél ngadéngé mah.

Sanajan di Tasik kiwari geus aya bioskop 21 (Twenty One) sabagé gantina pikeun nu resep lalajo pilem, tapi da pangalaman nongton téh moal sarua jeung nongton di jaman harita. Nu matak, sok rada nyeblak mun pareng ngaliwat ka Jalan Yudanegara téh, nempo bioskop nu kungsi jadi saksi, tina saniskara rébuan lalakon rumaja Tasik jaman harita, kaasup lalakon duriat nu nulis ieu tulisan, kiwari keur diruntuhkeun sangkan rata jeung taneuh. Pileuleuyan bioskop Hégarmanah.


NON-FIKSI

Bubur Ayam Mang Udin. 


Dagangna téh isuk-soré. Mun isuk-isuk mah, dagangna téh hareupeun SD Citapén, di Jalan Tentara Pelajar, Tasikmalaya. Ngan, mun nu bagéan beurang mah, mangkalna téh hareupeun Rumah Sakit Bersalin PAMÉLA, béh kiduleun saeutik ti tempat dagang nu isuk-isuk, jeung mimiti dadasarna téh ti jam 3 soré. Ti jaman keur sakola di SMP taun '92 an ogé, geus ngalanggan ka éta tukang bubur téh. Mun kaparengkeun keur bagéan sakola beurang, dina saminggu téh sok aya 3-4 kalina ngabubur di dinya, nu jaman harita mah keur pangaji Rp. 500 samangkokna. Prah jeung bubur buatan Tasik nu lianna, bubur inyana ogé nya teu jauh jiga karéréanana; bubur beas, cakuéh, suwiran daging hayam, nu diawuran ku bawangdaun, bawanggoréng, pedes jeung ditambahan bonténg katut sambel jang nu hayang diladaan mah. Ngan, bubur Mang Udin mah rada éncér, lian ti éta, luhureun buburna téh ditambahan ku tongcay. Seungitna pelem kacida. Ceuk pangrasa sorangan, euweuh deui bubur nu séjén, nu nikmatna bisa nandingan bubur Mang Udin jaman harita. Mun mekel duit rada loba, sakapeung mah sok mindo jajan bubur téh. Nu mareuli teu weléh metet; PNS, barudak sakola, pagawé kantoran jeung nu séjénna, ngantay dariuk luhureun bangku panjang luhureun trotoar, naranggeuy mangkok nu eusina ngebul kénéh.
Baheula mah, nu dagangna téh tangtuna ku Mang Udin sorangan; saurang lalaki tengah tuwuh, nu tara lésot maké topi laken nu jadi ciri has manéhna. Gaya nyaritana ogé teu weléh jiga ka sobat, remen direumbeuy ku heureuy, mun manéhna keur ngobrol jeung sakabéh jalma nu jarajan buburna. Kurang leuwih taun 2000 an, Mang Udin dipundut ku Nu Maha Kawasa. Saprak harita, nu dagangna téh diganti ku dulurna, nu dibantuan ku hiji budak lalaki. Sok aya paribasa, béda leungeun béda rasa. Enya wé, rasa buburna jadi teu sagurih basa keur dicekel ku Mang Udin, jeung deuih tukang dagangna carang takol. Konsumén mimiti ngurangan, teu saloba jaman keur ku Mang Udin. Beuki ka beulah dieu, bubur teh mingkin ngurangan konsumen, najan aya waé hiji-dua mah nu jarajan.

Geus aya sataunna ti ayeuna, budak lalaki nu sok mantuan téh jadi naék pangkat. Enya, manéhna pisan nu ayeuna dagangna téh. Teuing ka mana Si Akangna nu tiheula mah, da teu kungsi nanyakeun barina ogé. Dina saminggu, sok ngahajakeun sakali waé mah jajan bubur ari mulang ti pagawéan, nu kiwari mah kudu dibeuli ku pangaji Rp. 4.000.  Ayeuna mah buburna téh jadi leuwih kentel, jeung rasana mingkin jauh pisan jeung nu aslina baheula. Lian ti éta, 'késingna' ogé jajauheun jeung Mang Udin éta budak lalaki téh; carang takol, jeung unggal dagangna téh teu weléh mamaké calana tréning jeung kaos belél, ditambah mamaké topi nu dibalikeun ka tukang, jauh pisan ka nyari.

ARTIKEL

FIKSIMINI


Fiksimini. Prosa nu diwatesanan ku 150 kecap. Saliwat mah siga nu énténg, cukup ku miceun saban ungkara nu teu perlu, siksikan deskripsi nu matak kerung, tuluy baé kulub, jadi! Tapi sabenerna mah teu cukup ku kitu, loba hal dina fiksimini nu tacan kaguar ku fikminerna sorangan.
Sesemplékan sajak, pangeureutan narasi, atawa flash fiksi --nu sok rajeun disebut ogé sudden fiction, micro fiction, short short stories, jeung quick fiction téh-- nyaéta salah sahiji génré sastra nu matak saru ngabédakeunana najan teu béda jauh ari dina panjang (atawa pondokna) mah. Inti flashfiksi nyaéta meureut pangalaman, pamikiran jeung rasa pangarangna jadi hiji carita nu diadegkeun cukup ku sababaraha ungkara, atawa ku sababaraha paragraf pondok bari angger nalingakeun saban paguneman, adegan, tokoh, gerak, jeung kecap-kecap.

ARTIKEL

Yasana Jendral Tatang Sumarsono

Ieu mah sugan aya mangpaatna. Keun waé dianggap ngabéjaan bulu tuur gé:KALIMAH JENUK


Rék disebut istilah anyar, nya pék waé: kalimah jenuk. Maksudna, kalimah nu subyékna leuwih ti hiji (dumasar kana itungan jumlahna). Lian ti subyék, mungkin waé jenukna téh dina prédikat, atawa obyékna. Saheulaanan urang ngabahas anu jenuk dina subyékna, nya?*Budak meuli buku.Ieu lain kalimah jenuk, sabab subyék jeung obyékna ukur hiji. Kitu deui prédikatna ngan dipigawé sakali.Mun ditarjamahkeun kana basa Indonesia jadi: *Anak membeli buku.Tah, dina basa Indonesia mah, mun éta kalimah rék dijenukkeun, ungkarana téh jadi:*Anak-anak membeli buku.Tapi, dina basa Sunda mah teu bisa ditulisna jadi kieu:*Budak-budak meuli buku.Mun hayang dirobah jadi kalimah jenuk, ilaharna subyékna téh ditambahan sisipan al atawa ar, jadi:*Barudak meuli buku.Tapi tétéla geuning, teu kabéh kecap dina posisi subyék bisa ditambahan sisipan al/ar. Contona:*Guru meuli buku.Teu bisa jadi:*Garuru meuli buku.Dina kasus kawas kieu, ilaharna anu dirobah jadi jenuk téh prédikatna, jadi:*Guru mareuli buku.Conto séjén anu dijenukkeun prédikatna upamana waé:*Fikminer marostingkeun karyana. *Kamar mani lalega pisan.*Mobil marogok dina tanjakan. 

FIKSIMINI

Basa Purnama Nganjang


Ngajanteng hareupeun eunteung. Nyidik-nyidik rupa katut beuleugeunjeur awakna sorangan nu mimiti rarobah. Ngarahuh, waktu ngusap kulit beungeutna nu jadi karijut. Purnama nu jadi tangara, karérét saliwat tina jandéla kamerna nu ngemplong. Ratug jajantungna, basa nyaksian bohak nu mimiti tingpelentis, dina kulit umyang nu jadi kareueusna salila ieu.

Lieuk kana ranjang pusakana. Ranjang nu salila ieu jadi pamanjang kageulisanana. Malati ngabarak luhureun sepré kayas nu jadi amparanana. Segruk. Kumolébat lampah nirca, sapanjang mapayan saniskara cita-citana. Jam dingding nyada dualas kali. Di langit, purnama geus kateleg ku méga hideung. "Ka mana heula si bangkawarah téh, nya?" pokna, ngadago-dago nu rék jajap séba.

Leng. Sirahna lir ditojosan rébuan jarum. Gebru, awakna ngajurahroh. "Tobat...!" ngocéak, sorana semu ngagerem. Siki panonna dumadak barijil, beungeutna ogé mingkin pikasieuneun, sedeng bohak dina sakujur awakna tambah ngalobaan. Bau nanah jeung getih pagaliwota, nyilihkeun seungit kembang nu ngadalingding saméméhna. Lir cacing kapanasan, manéhna gogoréntélan, nahan kanyeri nu liwat saking.

FIKSIMINI

Hiji Mangsa Di Kota Kembang



Panas mentrang-mentring. Di sabudeureun alun-alun nu metet ku jelema. Derrrrrrr.... Derrrrrrr... Sora handaruan tina sapasang hélikopter. Laju landing di tengah lapang nu badis kamp pangungsian. Teu sirikna digalembrong, ku rébuan warga nu keur nandangan katunggara. "Buru turunkeun muatanana, euy...!" patingcorowok patarik-tarik. Sora-sora nu kebek ku pulas ambek. Patugas nu maraké saragam loréng, sigep ngalung-ngalungkeun dus tina jero beuteung hélikopter; sangu dus jeung cai mineral. Pahibut. Silihsigeung. Silihdengkék. Hayang paheula-heula meunang bungkusan. Untungna téh walatra, kabéh kabagéan. Bapa Walikota, nu sarua milu katideresa, méré biantara dina mégaphone, "Para wargi sadaya, hayu cuang botram, ah! Meungpeung aya kénéh milik saréréa!" pokna téh. "Huuuuu...!" Kalah disarurakan. Teu ngadagoan lila. Brek. Balakécrakan. Dariuk ngurilingan alun-alun jeung masjid agung. Ngaharékak sangu nu cikénéh katampa. Geleber. Hélikopter ngapung deui, ninggalkeun warga nu keur paronyo caracamuilan. Pilotna gogodeg. Nyérangkeun pamandangan dayeuh di handapeunana. Rewuan kandaraan nu geus teu bisa gerak, alatan kapahung macét nu geus aya samingguna.

FIKSIMINI

Tibelat Ku Andika


Biasana mah wanci kieu ngaliwatna téh. Jam sakola. Lieuk deui, lieuk deui. Kalah nyeri beuheung sosonggéteun. Gesruk nuluykeun hanca. Sasapu hareupeun pager. Tuh, geuning! Rentang-rentang ti tungtung gang. Awak sembada. Buuk kulimis. Saragam bodas hideung. Kéwés pisan. Pantes mun beurang-peuting micangcam ngaranna téh.

Rumasa geus kabéngbat, nepi ka teu kendat boga rasa tibelat. Gedé harepan dina jero haté, sugan jeung sugan isuk pagéto kabiruyungan. Tapi, dosa kitu mun hoyong ngapimilik salira, jungjunan...? haté galécok sorangan. Bari dodongkoan, daster nu lahak rada diperod deui ka handap. Léngkahna beuki ngadeukeutan. Dalingding parpum maskulin. Hihiliwiran. Ngadongkang lelembutan.

"Kuliah, Cép?" cekéng, bari dikiceupan. Saukur dijawab ku unggeuk dibarung mésem. Aéh-aéh, naha soca nu kasép téh bangor, geuning?
"Dika...! Dika...!" Si Nasya jeung Si Kaila. Maok perhatian Sang Arjuna. Gugupay ti loténg. Cicirihilan. Garumeulis. Baku Si Kembar mah ari geus ngaganggu hancengan indung téh. Cua pisan aingah.

FIKSIMINI

Kampung Duriat


"Sing yakin, ari cinta sajati mah bakal salawasna aya," ceuk Rama. Teteg. "Hibarna bakal nyaangan dunya nu keur poékkeun," sora Sinta nu halimpu milu mairan. Maranéhna duaan keur kagiliran nyarita. Dina panutupan hélaran Féstival Cinta di Kampung Duriat. "Wilujeng patepang deui taun payun," Rama nutup biantara. Tuluy ngarangkul pamajikanana.
Sakabéh pamilon: Sampék. Éngtay. Roméo. Juliét. Anthony. Cléopatra. Tristan. Isolde. Laila. Qais. Cinderella. Charming. Taya nu lémék. Kalah paungku-ungku bari ingsreuk-ingsreukan. Kabéh ngarasa kingkin. Sabab, mun harayang amprok deui, jeung nganjang ka kampung nu kebek ku kelir kayas téh, kudu ngadagoan heula taun hareup. Sabudeureun panggung dumadak banjir cimata.

Katumbiri nutug di tungtung lembur. Dewi Amor. Turun tina karéta kancana nu hurung-hérang. Paromanna marahmay. Gugupay. Mapagkeun sakabéh pamilon nu keur marungkawut. Bareng jeung wanci sareupna. Kampung Duriat simpé deui. Wahangan nu caina canémbrang hérang. Réwuan pineus nu mager pakampungan. Patamanan nu laligar di unggal buruan. Salin jinis jadi leuweung geledegan deui.

FIKSIMINI

Nyonya


Reg. Mobil sédan. Jrut. Nyonya badé ngaroris. Gusti...! Aya ku éndah ieu ciciptaan Anjeun. Ti luhur dugi ka handap. Éstu taya cawadeunana. Hurung mancur. Hérang méncrang. Widadari turun ti langit sugan mah. Karék ku ngambeu parpumna, pikiran geus ngacacang ka mana karep. Komo nempo papakéanana mah. Teu weléh ngélég. Ngagoda implengan. Hayang teuing nyuluran Tuan, nu ngapimilik Nyonya beurang jeung peuting. Kajeun teuing saukur sajam ogé. Moal nolak.

Mun Nyonya datang. Awak nu leuseuh dumadak jagjag. Sirah nu jangar ogé sok langsung cénghar. Betah neuteupna. Anteb nyérangkeunana. Hanjakal. Nurutkeun taksiran. Ngabangun ieu gedong téh tinggal samingguan deui. Kacipta. Moal nempo deui eundeuk-eundeukanana harigu Nyonya. Katut gitek imbit nu matak uruy. Tada teuing leungiteunana.

Kahayang mah sing lila anggeusna téh. Baé. Najan unggal poé loba neureuy ciduh ogé. Rido pisan. "Mana adukan...? Kalah loba ngahuleng satéh...!" Tukangtémbok sesentak. Panonna molotot. Gura-giru ngagalokeun deui semén jeung keusik.

FIKSIMINI

Pasosoré Di Buruan


Soré kaburitnakeun basa anjog téh. Langit masih kénéh cangra. Buruan lalening. Hégar. Kasampak manéhna. Si Donto. Nu sok ngulampreng 'na tepas lamunan. Keur nyéboran patamanan. Nu pinuh ku rupaning kekembangan. Teu waka turun tina mobil. Ngencar-ngencarkeun heula panénjo. Saprak balik diopnameu. Sok resep niténan paripolahna. Najan bari susulumputan. Diudag-udag karémpan.
Harita. Saukur manéhna nu tulatén. Ngumawula beurang-peuting. Jajauheun jeung dunungan awéwéna mah. Nu kalah paciweuh jeung arisan. Ti dinya. Haté tuluy kagémbang. Kataji ku rapékanana. Getén jeung luwesna. Teuteupna nu liuh. Sorana nu halimpu. Mingkin mageuhkeun tali rasa. Nu gumulung jeroeun dada. Komo ku nu eundeuk-eundeukanana mah. Teu weléh ngaliarkeun sawangan. Jorojoy hayang ngapimilik. Najan geus kasungsi. Pasti gedé mamalana.
Manéhna nyampeurkeun. Mamérkeun imut kareueut. Keketrok. Lalaunan kaca dibuka. Teup. Paadu teuteup. Sorot panonna lir purnama nu nyumirat. "Pa...! Pa...! Baku ari geus hulang-huleng téh!" jebras-jebris. Biwirna runyah-rényoh. Ngalenyap. Manahoréng dunungan awéwéna. Sedeng manéhna mah karérét geus ngaléos. Ka jerokeun.

FIKSIMINI

FIKSIMINI

Bébéakan


Pakepuk. Capé lahir-batin. Ngurusan asét nu rék dijual: Alun-alun, pendopo, terminal, setatsion jeung Rumahsakit. Telat dahar poho saré. Teu dirasa. Hayang gancang bérés-roés. Sangkan hasilna bisa dipaké nyombo, pikeun ngubaran haténa nu keur marungkawut.
Nu rék mareuli paheula-heula nyirian. Pada-pada hayang pangheulana. Pahibut. Paheuras-heuras genggerong. Ngasong-ngasongkeun duit nu teu sirikna dikonténeran. Haté bungangang. Geus kacipta manéhna bakal taluk. Bakal balik deui kana rangkulan. Geugeut. Saban nyorang peuting nu jempling.
Cunduk kana waktu. Asét nungtutan laleupas. Pileuleuyan. Banda tatalang raga tinggal waasna. Tobat...! Beuteung karasa murel, sirah oge asa muter. Néuleu duit nu méh ngubur suhunan. "Candak sadayana ieu artos kanggo anjeun, geulis...," cekéng. Sumujud pasrah, miharep lawang pangampurana muka deui. "Sing émut! Juhlas taun, Kang...! Tatu 'na jero dada moal lita, najan Akang rék ngalélang Pasifik jeung Atlantik," ceuk manéhna bari ngaléos, nu dituturkeun ku eueuriheun.

FIKSIMINI

Lalakon Mangsa Keur Hijrah


Reureuh sajongjonan di tonggoheun walungan. Kaptén Sadeli. Rumahuh. Laju mencrong beungeut, pon kitu deui batur-batur nu séjénna. Sorot-sorot panon nu caah ku kahariwang. Enya, kuring ogé surti, ieu orok nu aya dina aisan téh bisa ngabahayakeun pasukan. Sora ceurikna tangtu bakal ngagareuwahkeun pihak musuh, nu keur kapapancénan ngamankeun wewengkon.
Orok nu keur rungsing diteuteup. "Deudeuh teuing, anaking..., ku Apa kalah dibawa apruk-aprukan. Lumengis. Mangwatirkeun kana nasibna, nu teu kungsi nempo beungeut indung. "Siap, Kopral?" Kaptén Sadeli ngagentraan. Sorana semu ngeleter. "Siap!" Sok wé tiparayun," cekéng, bari ngagaléntoran sirah orok.
Rét ka langit. Reup. Bulan sapasi nu keur ngangkleung, lalaunan kateleg ku méga hideung. Ancrub kana walungan nu caina semet cangkéng. Antaré bari dodongkoan, inggis katohyan ku nu keur patroli di luhur jambatan. Alus milik. Saralamet nepi ka peuntas. Léngkah asa napak asa henteu, basa ngangais orok nu geus jadi layon, alatan dibekem kalilaan teuing.

FIKSIMINI

Nu Tepung Deui Di Bandung

Tutas aprak-aprakan salila ratusan taun, éta jajaka téh kabiruyungan ogé. Di Jalan Dago, manéhna ditakdirkeun deui panggih jeung bébéné nu jadi pamépés haténa. Teu wudu, duanana ngarénjag. Teu nyarangka sacongo buuk bakal amprok deui poé éta. Sajongjonan euweuh nu nyora. Kalah aranteng patukeur teuteup. Nu jajaka ngarénghap panjang bari neuteup seukeut. Sedeng Nyi mojang mah kalah babalieusan. "Nyai..., masih kénéh rék nampik kami?" ceuk si jajaka. Sorana gumeleter. Bari ngadago jawaban, panénjona ngarangsadan kageulisan Nyi mojang nu teu robah kahakan mangsa. "Sugan boga paménta nu lian?" geus pok deui. Sirah si wanoja gideug.
"Abot, Kang..."
"Gunung nu di kalér urang jadikeun inten berlian keur maskawinna."
"Sanés éta," témbalna téh. Tatag. Kusiwel Nyi mojang ngaluarkeun buku kandel tina tasna. "Saacan urang dirapalan, pangrobihkeun heula ieu dayeuh sapertos kieu!" Daria. Ngasongkeun hiji buku. Judulna dibaca lalaunan ku si jajaka. "Semerbak Bunga di Bandung Raya." Bruk. Si jajaka ngarumpuyuk.