Sabtu, 29 Maret 2014

JURUS NGARANG

TANDA BACA - 

Nana Sukmana


1. Tanda tanya (?) sareng tanda panyeluk (!) henteu kedah diréndéngkeun. Cekap salah sawiosna waé, luyu sareng fungsina. Tanda tanya kanggo nuduhkeun pananya, tanda panyeluk kanggo nuduhkeun panyeluk, panitah, atanapi rasa reuwas.
2. Tanda élipsis (...) jumlahna henteu sagawayah, cekap tilu titik baé. Teu kirang teu langkung. Kajabi dina ahir kalimah ditambihan ku satitik, wajib kanggo mungkas kalimah.
3. Tanda élipsis téh kanggo nuduhkeun kalimah anu ngarandeg sakedapan atanapi kanggo nuduhkeun engang/sora anu dipanjangkeun. Upamina baé, 'Ema...!" (Henteu kedah diserat : Emaaaaaaaa...!) margi parantos kawakilan ku titik-titik tanda élipsis téa.
4. Perhatoskeun ahiran 'na' sareng 'ana'. 
Upami kecapna kecap asal (kata dasar) rarangkén panungtung (ahiran) anu dianggo téh 'na'. Contona : leungeun-na, suku-na, pamajikan-na, salaki-na, lian-na, jsté (ngahaja nganggo tanda pamisah/setrip supados jelas katingalna. Dina émprona mah tangtos baé teu kedah nganggo tanda pamisah). 
Upami kecapna kecap rundayan (kata jadian sareng imbuhan), kecap nu tos dirarangkénan, ahiran (rarangkén tungtung) anu dianggona nyaéta 'ana'. Contona : pisalakieun-ana, pipamajikaneun-ana, duaan-ana, tiluan-ana, kalolobaan-ana, ssté.
5. Kecap panyeluk (interjéksi) sapertos: wah, ah, duh, tuh, nya, cik, jih, hey, ssté. kedah dituturkeun ku koma(,). Contona : Duh, listrik téh ngan pareum jeung pareum waé ieu téh. Cik, pangnanyakeun ka Pa Lurah sugan apaleun.
Sedengkeun kecap-kecap sapertos : nya, euy, eung, Kang, Bu, Téh, Aceuk (sesebutan ka jalma kadua dina paguneman) anu disimpen di tungtung kalimah, kedah dikomaan heula sateuacanna. Contona : Ari barudak téh ka marana, nya? Mani taya sahulu-hulu acan. Duka atuh, Téh, da abdi gé nembé dongkap. Duh, ieu téh nyeri sirah, eum. Naon ubarna, nya, Néng? Cobian atuh ku antalgin, Kang!
6. Nyerat 'nu' (singgetan tina kecap 'anu') wayahna kedah dipisahkeun. Contona : ti nu, di nu, ka nu. Dipisahkeun téh margi dua kecap. Benten deui sarenga kecap 'dina', 'tina', 'kana'. Ieu mah dihijikeun margi sakecap. 
Kacep 'nu' sasarina sok dituturkeun ku sipat atanapi kaayaan. Contona : di nu poék, ka nu beunghar, ti nu jangkung, ssté.
Kecap 'dina', 'tina', 'kana' mah sasarina dituturkeun ku kecap barang atanapi tempat. Contona : dina lomari, tina haté nu pangjerona, kana naon ti lembur téh, Nyai? Ah, kana karéta wé, Bi, da kana délman mah kusirna teu sanggemeun.
7. Kecap "di", "ka", "ti" anu nuduhkeun tempat mah kedah dipisahkeun. Kitu deui kecap "ku". Contona : di mana, ti mana, ka mana, ku saha, di landeuh, ka pasar, ti satukangeun laya, ka pengker, ka tukang, ku lantaran, ku sabab, ssté.
Kecap 'di", 'ka', 'ti' anu nuduhkeun pagawéan (kecap pagawéan) mah kedah dihijikeun. Contona : dibawa, diadudombakeun, disakompetdaunkeun, disopaklodongkeun, digambaran, dinangna-néngné, kabawa, kaluar, kajongjonan, kasaba, tijalikeuh, titajong, tiburusut, ssté.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar