Sabtu, 29 Maret 2014

ARTIKEL

PLOT NU MATAK POGOT 

oleh Éndah Dinda Jénura


Plot atawa alur mangrupa salah sahiji unsur nu penting dina hiji carita. Nu dimaksud plot nyaéta narasi nu ditepikeun ku pangarang pikeun ngawangun lalakon sangkan nu maca kahudang émosi jeung katarik atina pikeun tuluy maca jeung namatkeun carita.

 
Dumasar kana ringkelna, aya carita nu mibanda téhnik plot maju, nyaéta carita nu ti hiji kajadian ka kajadian lianna ngéntép sacara kronologis ti awal nepika ahir, tur aya plot nu dijieun maké téhnik mundur atawa flashback, dimana hiji kajadian di mangsa nu geus kaliwat diasupkeun pikeun méré sawangan atawa katerangan keur nu maca. Plot biasana dijieun dumasar éfék nu dibutuhkeun pikeun carita. Fiksi misteri, komédi atawa horror biasana maké plot maju, demi fiksi romantis atawa tragis kalan-kalan sok nyelapkeun flashback di jerona.

Cenah, salah sahiji hal nu jadi pamiangan fiksimini teh nyaéta ayana rénjagan pikeun nu maca. Rénjagan biasana diteundeun di tungtung carita, ditandaan ku ayana hiji kajadian nu ujug-ujug ngagilek kana kajadian séjén nu teu dipiharep atawa teu kaimpleng saméméhna ku nu maca, atawa mangrupa klimaks nu matak ngalenggak bin hookeun.
Pikeun nyieun renjagan nu hadé (boh dina fikmin, carpon, atawa novél), dibutuhkeun katapis pangarang dina ngagulak-gilek plot carita supaya matak pogot maca. Kaahlian ngagulak-gilek plot ieu bisa dikawasa ku latihan nyieun rupa-rupa wangun carita. Nu kumaha plot nu matak pogot? Di handap ieu aya sababaraha rupa plot jeung sewang-sewang contona nu kungsi kapanggih di ieu lapak:
 

ANAGNORISIS. Di tungtung carita, nu boga lakon kakara sadar atawa dibéré nyaho saha atawa kumaha watek asli tokoh-tokoh séjén dina carita. Contona, fikmin “Seuneu” karya Ari Andriansyah:
 
Hareupeun saung. Dua raga. Anteb neuteup pucuk seuneu. Nu ngaléntab tumpukan jarami. Nebana pasawahan tutas dipanén. Ranggeuyan paré hapa. Kalangkang harepan. Sésa impian. Katut késang jeung cimata nu lawas ditandonkeun sapanjang galengan. “Tong ieuh jadi pikiran, Man. Kabéh sarua, panén urang teu babatén.” Sora Mang Darma. Sora nu sarua dareuda jeung kedal balaréa. Saman angger ngabetem. Aya nu nyilalatu dina jajantungna. Ti tungtung lembur. Hawar-hawar tihang listrik nitir ngabelentrang. “Usum ayeuna loba nu teu tulus kariaan. Manéh gé lain jodona bé meureun ka Si Euis.” Sora Mang Darma beuki dareuda. Saman kalah anteng ngarérab jarami. Aya nu ngabebela dina dadana. Tihang listrik ngabelentrang deui. Kapireng nu tingcorowok lapat-lapat. “Peuting isuk, Si Euis jeung Si Dirman panganténan.” Sora Mang Darma méh teu kadéngé. Saman ngaringkang ka jero saung. Teu lila kaluar deui. Mawa dua buntelan. Laju dialungkeun kana durukan. Nu tingcorowok beuki ngadeukeutan. Mang Darma undur-unduran. Sirah Euis jeung Dirman diléntab durukan.
 

 

FLASHBACK (ANALÉPSIS). Nu maca dibéré katerangan ngeunaan sabab musabab lalakon ku cara dibetot ka hiji kajadian di mangsa ka tukang/flashback sangkan ngarti jalanna carita. Contona, fikmin “Tanpadaksa” karya Abah Sarjang:

“Gara-gara sia! Dasar bikang péngkor!” Kitu poporongosna téh, uing geus teu bisa ceurik, nyempod wéh di juru. Lain kahayang uing, lahir tanpadaksa. Kéngkong jeung cingked.
Ceuk Ma Ené, barang uing lahir, Bapa jeung Mamah paséa, silih salahkeun. Bapa mangkat, nyao ka mana. Mamah gé mangkat ka kota, nyao gawé naon. Ti umur saminggu uing diurus ku Ma Ené. Sakali-kali, Mamah sok balik. Tapi aya di imah gé, nyarékanan doang. Padahal ku uing diratukeun pisan, sagala kaperluanana dilayanan. Sanajan tanpadaksa, baranggawé mah teu éléh ku nu normal. Angger wéh teu kapaké, salah saeutik, sesentak jeung popolotot. Ku Ma Ené sok dicarékan, lamun Mamah kos kitu téh. Ayeuna Ma Ené geus maot, pasti beuki wani.

Peuting kamari Mamah balik. Mangsa janari, manehna keur sare, ku uing dibekem terus dipeuncit. Awakna diteukteukan laleutik. Dikubur di dapur. Tatangga gé moal curigaeun, da Mamah mah jarang balik. Jongjon geus kieu mah. Ayeuna tinggal neangan Bapa.

 

NARASI PALSU. Nu maca digiring pikeun percaya kana naon nu dicaritakeun dina narasi, dimanipulasi, tuluy meleg-meleg ditipu ku pungkasan nu jauh pisan tina sangkaan. Narator dina arangan samodél ieu biasana singhoréng jelema owah. Contona, fikmin “Teuing” karya Badru Tamam Mifka:


Balik ngojég, pikiran asa pajeujeut! Anjog di buruan imah, ngagebeg nempo awéwé kucel sarangah-séréngéh lebah popoéan. Buukna cawigwig. Beu, nu gélo. "Nyingkah siah!" Uing ambek, teu asa-asa buk-bek nampilingan. Nu gélo ampun-ampunan. Tuluy ngabecir. Jadol téh! Blus uing ka imah. Kaambek hurung deui, nempo hayam cineten luhureun sopa. Taina amburatel. Euh, aya ku raos. Gidig ka dapur. Nyokot bedog. Hayam digiwing ka luar imah. Gugurubugan. Kokotak. "Istighfar, Sujang! Istighfar!" kapiréng sora nini-nini.
Rawah-riwih. "Saha manéh?!" Cekéng téh. Kurunyung deui nu gélo, inghak-inghakan. Uing beuki ambek "Nyaringkah siah! Nyaringkah!" Teu kungsi lila, katempo pocong, gorila, ondél-ondél, katél, kuntilanak, tingtorojol. Ngadeukeutan. Uing ngeleper. Ngoprot késang. "Tulungan, Pa RW! Pa Ustad! Salaki kuring rék meuncit budak! Nganiaya kuring! Teu éling!" nu gélo cocorowokan. Dunya enyay-enyayan. Uing ngudupruk. Ngelemeng. Poék. Teuing...
 

PÉRIPÉTÉIA nyaeta robahna nasib atawa milik nu boga lakon di pungkasan carita, boh jadi alus atawa jadi goréng. Contona, fikmin “Di Hiji Taman” karya Rudi Riadi:


Niat rek malem mingguan jeung manéhna. Geus paheut, panggih di hiji taman, rék pada-pada maké kaos bulao. Ari gék dina korsi taman, ari jol manéhna. Curukna nunjuk ka kuring, muguhkeun. Kuring unggeuk. Ku reuwasna téh, béda pisan jeung dina poto. Geulis aslina. Ngora aslina. Da dina Profil FB-na mah siga saumuran jeung kuring. Cocog. Ieu mah taksiran dua puluh taunan umurna gé. Piraku manéhna daék ka kuring. Tapi, tina riukna siga nu bungah. Malah mah maké jeung nyium lengeun sagala. Haté teu eureun nganuhunkeun ka Pangéran. Teu percumah tahajud unggal peuting. Ménta jodo deui nu luyu jeung kahayang. Kari-kari Mantena ngalungsurkeun widadari nu ngaleuwihan ti implengan jeung harepan kuring.
Celengkeung, sora Momo Geisha ngawih “Cinta dan Benci” tina hapéna. Diangkat. “Halow, Mah. Tos pendak. Kasép teuing kanggo Mamah mah. Tapi teu sawios, Puput rido gaduh papah sapertos anjeunna...”
Panon kuring ngaburileng ka manéhna.
 

DEUS ÉX MACHINA (GUSTI KALUAR TINA MESIN) nyaeta carita nu dipungkas ku rongheapna hiji tokoh, situasi, atawa pakakas pikeun mungkas carita nu pajurawet. Contona, fikmin “Pandawa Dadu” karya Godi Suwarna:


Pandawa. Kurawa. Ngariung di Senayan. Sakuni ngoclok dadu dina bokor. Bluk. Bokor ditangkubkeun. “Genep!” ceuk Yudistira nu geus euceuy balas dikékéak. Sakuni seuri sabot muka bokor. “Duaaaaa!” Kurawa raéng. Duryudana nyakakak. Dursasana ngéngklak. Nagara katut eusina kapibanda ku Kurawa. Dadu terus dikoclok-koclok. Angka-angka terus diteguh. Yudistira kéok jeung kéok. Adi-adina ngalaléong ka ‘laut’. Yudistira ragap taya. “Drupadi? Okéh?” Duryudana nanya. “Okéh!” témbal Yudistira nu beuki nékad. Dadu dikoclok deui. Bluk. “Tilu!” Yudistira nyorowok bari merong kana bokor. Sakuni nyéréngéh. Bokor dibuka. “Limaaa!” Kurawa gumuruh. Drupadi dirontok ku Duryudana. Keur kitu, kapireng jerit piriwit jeung sora nu tinggorowok. “Nyontoan teu balég, siah! Téwaaak!” ceuk Si Cépot. Breg. Senayan diserbu masa. Para gegedén katawuran. Dibeberik ku rahayat. Dicangkalak. Dicangcang di alun-alun. Kanjutna dipopok balsem.


KAADILAN PUITIS, nyéta carita dimana lampah hadé antukna dibéré ganjaran atawa lampah goréng ahirna dihukum kalayan satimpal, ku cara nu ironik. Contona, fikmin “Nu Ngiring Ngarérab” karya Hérdi Pamungkas:

“Gan, bilih badé ngersakeun kulub ganyol?” Ma Icih nawarkeun dagangan. “Moal, kadaharan careuh dijualan! Éta ulah nincak téras marmer kami atuh! Kotor!” omong Juag Banowati. Jeduk. Karasa nyerina leuwih ti diteunggeul. Ma Icih ngeluk ngembeng cimata. Mulang ka imah bilikna nu teu patianggang. Laju nyegruk. Salakina nu arék ka kebon kerung. “Kunaon?” Ukur gideug.
Hiji mangsa jagat ngarieg tarik. Dina kakuatan 8,3 skala richter. Soréna hujan ngepris. Juag Banowati jeung kulawargana ngurunyung. Awak rancucut. “Badé ngiring ngarereb?” omongna. Ma Icih jeung salakina kalahka silih pencrong. Lain teu hayang ngampihan. Imah panggung ukur sacangkéwok. Boroning ngampihan batur. “Wios di pipir gé,” Juag Banowati surti. “Kandang hayam,” walon Ma Icih. “Teu nanaon asal iuh bé!” omongna. Hawa beuki tiris. Ma Icih maling rérét. Ngangres nénjo nu pasesedek di kandang hayam bari cacaleuhakan ngahénggoy kulub ganyol.
 

PÉSTOL CHÉKOV. Numuteun Anton Chékov, unggal barang atawa pakakas nu disebutkeun dina carita, kudu mibanda fungsi. Cindekna, teu kudu nyebutkeun aya péstol di hiji rohangan (dina carita) lamun péstol éta teu penting dina carita. Kalan-kalan, fungsi hiji kajadian, barang, atawa pakakas éta kakara kanyahoan dina pungkasan carita lantaran nu maca digiring kana kajadian séjén heula. Contona, fikmin “Runtuh” karya Hadi AKS nu éféktif:
   

Barudak keur anteng diajar. Gubrag suhunan jeung lalangit kelas ujug-ujug runtuh. Bray rohang kelas jadi caang. Plung-plong, deukeut ka langit. Barudak tingrarénghap. Sareuri. Teu katempoeun guruna ngelél teu bisa hudang. Katinggang kai.
 

EUPAN. Pangarang ngahaja nyieun carita nu ngagiring nu maca pikeun nyokot kasimpulan nu salah. Biasana sok aya karakter nu dieupankeun pikeun dituduh jelema jahat ku nu maca. Plot samodél kieu biasana aya dina carita-carita misteri atawa détéktif. Contona, fikmin “Nu Anteng Ngomé Android” karya Nana Sukmana:


“TARGÉT terkunci. A-satu. Sepuluh-dua Ambon Bandung. Taruna, Dan!” SMS dikirim. Panonna angger mencrong ka lalaki kasép hareupeunana nu anteng ngomé android. Rét, kana potrét nu disimpen dina hapéna. Gambarna digedéan. Sidik ieu pisan. Irung bangir, panon seukeut, aya karang lebah gadona. Moal, moal nyalahan. Ieu memang TO inceran manéhna. Nista, maja, utama. Ayeuna moal bisa leupas deui. Peuting ieu anjeun kudu wani tanggung jawab. Sabot manéhna ngagerentes, HP-na ngageter. “8-1-0!” SMS balesan. Manéha gancang cengkat bari ngarampa Smith Wesson 10 nu mebes dina tonggongna. Gedig. Tel, congo pestol kana tarang. Nu ditodong ngoréjat. Saméméh bisa nyarita, dor! Pelor nyayang dina tarangna. Dor! Dor! Dor! Tilu pelor sejenna mabur ka langit. Congo revolver nu ngebul, ditiup. Jep, sajongjongan. Nu ngudupung tuluy digusur. Bus kana minibus. Nyemprung ka kalérkeun. Ti nu poék aya nu ngaronghéap. Sarimbag jeung lalaki kasép. Tuluy sideku. Nyolék getih nu ngalukrah. Dilétak. Beungeutna hieum, tapi panonna hurung ngagedur!
 
IN MÉDIAS RÉS (BOBOK TENGAH). Pangarang langsung nyuguhkeun carita ti tengah. Introduksi ngeunaan karakter, sétting, atawa motif disuguhkun dina flashback. Contona, fikmin “La Passion” karya Nazarudin Azhar:

Sanggeus sakabéh musuhna tumpur, manéhna ngarasa aya nu ilang tina dirina. Udud di tepas hiji imah nu mencil, bari ngaleguk bir. Melong kaséérpoé nu rék surup kana sagurat tungtung laut. Beubeureum langit hibar jadi latar ratusan camar. Sora ombak. Sora haténa nu galécok, tapi manéhna sorangan teu bisa nyindekkeun naon nu keur digerenteskeun. Laju ngoléab layon bapa jeung indungna. Lain nu baloboran getih jiga nu kasaksian ku manéhna tina handapeun ranjang, 25 taun ka tukang, tapi layon nu geus nyangking kahormatan, diwaluyakeun ku pangwales nu geus dilaksanakeun kalayan sampurna. Manéhna yakin kolotna kiwari ngarasa bagja. Ngan ayeuna aya nu copong tina dadana, gairah hirup nu dipirunan amarah salila salawé taun, kiwari tinggal sésa haseupna nu ngelun.
Manéhna cengkat. Nyeuseup ududna, terus disintreukkeun kana tumpukan layon di jero imah. Sora seuneu ngaguruh mapakan ombak, ngaléntab langit tina durukan nu beuki jauh. Manéhna mapay basisir, sorangan, dipapag mongkléngna peuting.
 
NARASI NON-LINÉAR. Kronologi jeung karakter carita ngahaja dijieun teu ngaleunjeur. Nu maca kudu ngawilah-wilah sorangan mana kajadian ayeuna jeung mana flashback. Contona, fikmin “Dina Panjangna Peuting” karya Arom Hidayat:

Neuteup deui lalangit. Langit-na kénéh. Langit langgong. Pangangonan panon. Gap deui kana harigu. Haneut! Aya kénéh, bebenah siga nu betah. Ber, aya nu hiber. Teup, geleber deui. Tuluy leungit. Poé-poé jeung kasimpé, ngawangun minggu, bulan. Nepi ka teu kabilang taun. Laun-laun ruruntuk tingkulutrak. Aruluk salam! "Asalammualaikum!" Tah! Geus séah deui. Caah! Caah déngdéng! Tihang saung, hateup baseuh, hinis jeung harupat pasoléngkrah, hiji-hiji pamuntangan nungtut nyoloyong sorangan.
 

KRONOLOGI MUNDUR. Pangarang ngahaja nulis carita dimimitian ku kajadian ayeuna tuluy dijujut mundur teu eureun-eureun, tuluy ka mangsa katukang… Hanjakal plot ieu teu aya contona, atanapi abi teu émut kantos maca fikmin samodél kieu di ieu lapak… Manawi aya nu badé ngabalakan? 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar