Sabtu, 29 Maret 2014

JURUS NGARANG

Tanda Baca -. Kekenteng ("...")

Ku Ki Hasan


1. Tanda kekenteng dipaké ngahapit cutatan langsung tina omongan, naskah, atawa bahan tinulis séjénna. Kekenteng duanana ditulis satahap luhureun jajaran.
Contona:
"Mun geus karumpul," saur Emang, "hayu urang indit!"
Dina éta buku ditandeskeun yén "maca karya sastra téh jantungna" dina pangajaran sastra mah.

2. Tanda kekenteng dipaké ngahapit judul guguritan, sajak, karangan, jeung bab buku lamun ditulis dina kalimah.
Contona:
Boh nilik eusina boh niiik basana, "Laut Kidul" téh guguritan anu kawilang pinunjul.
Méméh dibukukeun, sajak "Bulan jeung Laut" téh kungsi dimuat dina majalah.

3. Tanda kekenteng dipaké ngahapit istilah ilmiah anu acan dipikawanoh pisan atawa anu miboga harti husus.
Contona:
Najan sawanda jeung saharti, aya "nuansa" antara kecap méléngé jeung molongo téh.
Pantes rék téréh beunghar ogé da sakitu "balabahna".

4. Tanda kekenteng panutup nuturkeun tanda baca anu mungkas cutatan langsung.
Contona:
Ceuk indungna, "Kadé atuh, urangna sing ati-ati!"

5. Tanda baca panutup kalimah atawa bagian kalimah ditempatkeun tukangeun tanda kekenteng anu ngahapit kecap atawa pakeman anu dipaké dina. harti husus.
Contona:
Budak éta sok dilalandi "Si Toéd".
Manéhna sok disarebut "pahlawan"; dirina sorangan teu nyahoeun naon sababna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar