Tehnik Ngarang
Ku Endah Dinda Jenura
Dina kanyataan hirup sapopoé, urang teu bisa ngabadé eusi haté jeung pikir jelema.Tapi dina fiksi mah, urang nu maca bisa neuleuman eusi pikir katut eusi haté tokoh carita ngaliwatan kalimah nu ngahaja dijieun ku pangarang pikeun nerangkeun hal éta.
Aya dua cara nu ilahar pikeun méré béja nu maca:
-Maké kalimah langsung: Panas mentrang. Panumpang teu saurang-saurang acan. Kang Kardi neuteup angkot bututna. “Hirup téh asa euweuh undakna,” gerentes haténa.
-Maké kalimah teu langsung: Panas mentrang. Panumpang teu saurang-saurang acan. Kang Kardi neuteup angkot bututna. Manéhna ngarasa hirup euweuh undakna.
TEHNIK
Nu dimaksad Stream of Consciousness (SoC) nyaéta gulak-gilekna eusi haté jeung pikiran nu sakapeung mah aclok-aclokan ti hiji hal ka hal séjén, acak, teu ngaleunjeur. Istilah ieu mimiti dipopulérkeun dina widang psikologi ku William James, sahiji psikolog Amérika. Abi teu apal naon basa Sunda nu cocog kanggé stream: tiasa geuleuyeung, guluyur, ringkel, atanapi umpalan. Nyanggakeun éta mah ka nu langkung palinter. Nu sidik, ieu istilah psikologi téh teras dianggo dina widang sastra pikeun nuduhkeun pagilinggisik atanapi campuhna narasi sareng eusi haté/pikir tokoh carita bari teu nganggo cara nu ilahar dilakukeun di luhur.
Dina téhnik SoC, eusi pikir sareng haté tokoh carita téh diseratkeun kitu baé, janten bagéan tina narasi. Sakapeung, aya pangarang nu nyerat bagéan SoC ku cara didéngdékkeun hurupna (italic) malahmandar nu maca tiasa ngabéntenkeun mana narasi, mana SoC. Aya ogé nu maén habek kitu baé, seueur-sakedik gumantung kabutuhan, siga abi. Malah, aya pangarang nu sacara ékstrim ngagugu geuleuyeungna eusi pikir/haté tokoh carita dugika carita téh karaosna adug lajer, ti ditu luncat ka dieu, ka ditu, ka dieu.
Nu kedah diperhatoskeun dina téhnik ieu:
1. Pikeun kobéteun, saéna urang diajar fokus kana hiji tilikan heula, upamana tilikan Tokoh A (wungkul) atanapi tilikan Tokoh B (wungkul).
2. Aya opat unsur nu kedah diadumaniskeun nyaéta: DIALOG (naon nu diobrolkeun), AKSI (naon nu dilakukeun), GERENTES (naon nu dipikirkeun), sareng ÉMOSI. (naon nu dirasakeun).
3. Pami diolah kalayan tapis mah --ku latihan teras latihan, téhnik ieu tiasa langkung metot nu maca kana eusi carita. Langkung hirup karaosna, langkung lincah, cenah. Duka da abi gé diajar kénéh, heu... Mung, ngawitan maca/ngadamel mah pasti karaos tumarumpang, pami tos biasa mah sabataé, moal hilap deui...
Conto dina Fikmin
BAWÉL
Subuh-subuh bérés judi, di kamar, pamajikan Kang Kardi norowéco, "Mana duit meunang kukumpul keur nyunatan Si Ujang? Nu dina handapeun kasur? Dipaké judi, nyah? Éléh, nyah? Rék kitu wé kalakuan téh? Keur usum walurat kieu..." Kang Kardi api- api bongé, golédag kana kasur, reup wéh… Hudang saré, pamajikanana baluar-balieur teu méré budi. Kang Kardi gogodeg bari ngagidig ka buruan, rék manaskeun angkot. "Yeuh, Éha! Mun meunang gé, duitna keur manéh-manéhkénéh, deuleu! Keur Si Ujang! Peuting mah keur ninggang apes wé!" Pokna basa ngaliwat ka tukangeun pamajikanana nu keur popoé. "Salaki nurustunjung!" Témbal pamajikanan pondok, karasana ku Kang Kardi asa dicabok. Bus manéhna kana angkot, mesinna digerung-gerung. Katempo pamajikanana jebi. "Sugan kudu diwarah," ceuk haté Kang Kardi. Bus gigi hiji, geuleuyeung, braakk...! Tihang popoéan rungkad. Pamajikanana luncat bari pias, nyekel dada bari teu eureun istigfar. Kang Kardi ngelol tina jandéla mobilna, "Mun bawél waé, isukan mah manéh nu ditabrak téh, siah!"
(150kecap)
Fikmin di luhur salancar pisan. Sadaya PAGUNEMAN, GERENTES, AKSI sareng ÉMOSI dinarasikeun ku pangarang tina tilikan jalma katilu, dina kalimah langsung (pikeun paguneman sareng gerentes). Tah, dina raraga langkung ngobét eusi haté sareng pikiran Kang Kardi, urang tiasa diajar ngaropéa fikmin éta nganggo téhnik Stream of Consciousness (SoC) tadi: eusi haté jeung pikiran Kang Kardi sina lebet kana carita bari teu nganggo kalimah langsung. Vérsi abi mah janten kieu:
BAWÉL
Subuh-subuh di kamar, pamajikanana norowéco, "Mana duit kukumpul keur nyunatan? Nu dina handapeun kasur? Dipaké judi, nyah? Éléh, nyah? Rék kitu wé kalakuan téh? Keur usum walurat kieu...” Wakwékwok. Wakwékwok. Sabodo. Golédag kana kasur, reup peureum. Hudang saré, pamajikanana baluar-balieur teu méré budi. Kang Kardi gogodeg bari ngagidig ka buruan, manaskeun angkot. Keuheul. Na asana téh. Yeuh, Éha! Mun meunang gé, duitna keur manéh, keur Si Ujang! Peuting mah keur ninggang apes wé, lain salah aing, deuleu! “Salaki nurustunjung!" Tembal pamajikanan pondok. Peureus. Asa dicabok. Bus kana angkot, mesin digerung-gerung. Tuh, ngadon jebi. Sugan kudu diwarah. Bus gigi hiji, geuleuyeung, braakk...! Tihang popoéan rungkad. Pamajikanana luncat, pias, nyekel dada bari astagfirulloh, astagfirulloh... Lol tina jandéla mobil: mun bawél waé, isukan mah manéhnu ditabrak téh, siah!
(132kecap)
Tangtos seueur pisan vérsi sanés, dumasar kana gaya séwang-séwang. Paguneman Éha --upamana, tiasa dijantenkeun kalimah teu langsung. Aya ogé bagéan nu tiasa kénéh dibabad supados fikminna langkung singset, sareng sajabina. Kanggo latihan téhnik SoC, urang tiasa ngagulang-gaper fikmin ieu --atanapi fikmin mana baé. Cobian stream of consciousness-na ditingal tina tilikan Éha, heg raraoskeun, gulang-gapér dugika cop.
CURHAT
Abi resep nganggo téhnik ieu dina fikmin-carpon-cérpén abi kumargi:
1. Ngirit kecap. Dina téhnik ieu abi teu kedah capé nyerat sabangsaning: “pokna bangun kanyenyerian”, “témbal Nyi Kunti bari aluman-alimen”, atanapi “gerentes Si Dodobari heuay”, jsté. Kantun jebréd-jebréd wé, héhéhé! Cocog pisan kanggo abi nu praktis, utamina dina fikmin nu kasungkeret ku jumlah kecap.
2. Téhnik ieu saolah-olah diwowoy pisan ku Basa Sunda mah, kumargi balatak kecap-kecap panganteur pagawéan (gajleng, srog, hiek, bray, léos, burinyay, garapak, sérépét, biur, goak, jeung sajabina) nu tiasa dianggo pikeun ngawakilan AKSI tur EMOSI boh sénsorik atanapi motorik (naon nu dilakukeun, ditingali, dicabak, diangseu, dirasa, jeung didéngé ku tokoh carita). Ku sabab éta, sakapeung abi nganggo gaya stakato-an pikeun ngagabungkeun AKSI sareng ÉMOSI, tapi sakapeung ngagebay mangrupi runtuyan kalimah panjang nu dipisahkeun ku koma pikeun adu manis AKSI, PAGUNEMAN, sareng GERENTES.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar