Rabu, 19 Maret 2014

FIKSIMINI

Nu Tepung Deui Di Bandung

Tutas aprak-aprakan salila ratusan taun, éta jajaka téh kabiruyungan ogé. Di Jalan Dago, manéhna ditakdirkeun deui panggih jeung bébéné nu jadi pamépés haténa. Teu wudu, duanana ngarénjag. Teu nyarangka sacongo buuk bakal amprok deui poé éta. Sajongjonan euweuh nu nyora. Kalah aranteng patukeur teuteup. Nu jajaka ngarénghap panjang bari neuteup seukeut. Sedeng Nyi mojang mah kalah babalieusan. "Nyai..., masih kénéh rék nampik kami?" ceuk si jajaka. Sorana gumeleter. Bari ngadago jawaban, panénjona ngarangsadan kageulisan Nyi mojang nu teu robah kahakan mangsa. "Sugan boga paménta nu lian?" geus pok deui. Sirah si wanoja gideug.
"Abot, Kang..."
"Gunung nu di kalér urang jadikeun inten berlian keur maskawinna."
"Sanés éta," témbalna téh. Tatag. Kusiwel Nyi mojang ngaluarkeun buku kandel tina tasna. "Saacan urang dirapalan, pangrobihkeun heula ieu dayeuh sapertos kieu!" Daria. Ngasongkeun hiji buku. Judulna dibaca lalaunan ku si jajaka. "Semerbak Bunga di Bandung Raya." Bruk. Si jajaka ngarumpuyuk.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar