Rabu, 19 Maret 2014

FIKSIMINI

Lalakon Mangsa Keur Hijrah


Reureuh sajongjonan di tonggoheun walungan. Kaptén Sadeli. Rumahuh. Laju mencrong beungeut, pon kitu deui batur-batur nu séjénna. Sorot-sorot panon nu caah ku kahariwang. Enya, kuring ogé surti, ieu orok nu aya dina aisan téh bisa ngabahayakeun pasukan. Sora ceurikna tangtu bakal ngagareuwahkeun pihak musuh, nu keur kapapancénan ngamankeun wewengkon.
Orok nu keur rungsing diteuteup. "Deudeuh teuing, anaking..., ku Apa kalah dibawa apruk-aprukan. Lumengis. Mangwatirkeun kana nasibna, nu teu kungsi nempo beungeut indung. "Siap, Kopral?" Kaptén Sadeli ngagentraan. Sorana semu ngeleter. "Siap!" Sok wé tiparayun," cekéng, bari ngagaléntoran sirah orok.
Rét ka langit. Reup. Bulan sapasi nu keur ngangkleung, lalaunan kateleg ku méga hideung. Ancrub kana walungan nu caina semet cangkéng. Antaré bari dodongkoan, inggis katohyan ku nu keur patroli di luhur jambatan. Alus milik. Saralamet nepi ka peuntas. Léngkah asa napak asa henteu, basa ngangais orok nu geus jadi layon, alatan dibekem kalilaan teuing.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar