Rabu, 19 Maret 2014

FIKSIMINI

Bébéakan


Pakepuk. Capé lahir-batin. Ngurusan asét nu rék dijual: Alun-alun, pendopo, terminal, setatsion jeung Rumahsakit. Telat dahar poho saré. Teu dirasa. Hayang gancang bérés-roés. Sangkan hasilna bisa dipaké nyombo, pikeun ngubaran haténa nu keur marungkawut.
Nu rék mareuli paheula-heula nyirian. Pada-pada hayang pangheulana. Pahibut. Paheuras-heuras genggerong. Ngasong-ngasongkeun duit nu teu sirikna dikonténeran. Haté bungangang. Geus kacipta manéhna bakal taluk. Bakal balik deui kana rangkulan. Geugeut. Saban nyorang peuting nu jempling.
Cunduk kana waktu. Asét nungtutan laleupas. Pileuleuyan. Banda tatalang raga tinggal waasna. Tobat...! Beuteung karasa murel, sirah oge asa muter. Néuleu duit nu méh ngubur suhunan. "Candak sadayana ieu artos kanggo anjeun, geulis...," cekéng. Sumujud pasrah, miharep lawang pangampurana muka deui. "Sing émut! Juhlas taun, Kang...! Tatu 'na jero dada moal lita, najan Akang rék ngalélang Pasifik jeung Atlantik," ceuk manéhna bari ngaléos, nu dituturkeun ku eueuriheun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar