Rabu, 19 Maret 2014

FIKSIMINI

Haleuang Manéhna


Élékésékéng di jero pangkéng. Ditingker katugenah. Meusmeus ngarérétan jam dingding, nu cikénéh nyada sabelas kali. Laju noong tina kaca nako. Poskamling haneuteun. Nu ngawangkong. Nu gapléh. Tapi, nu diarep-arepna mah can jebul kénéh waé. Duh...! Kacipta lamun seug teu datang téh. Bakal guling-gasahan. Moal daék reup. Kasiksa sapanjang peuting. Bati katiir ku sono.
Pimanaeun kudu balaka tiheula mah. Moal kasorang. Pikeun ubar haté nu kemba, saban peuting cukup ku ngareungeu sorana nu matak tibelat. Nu kebek ku pulas kanyenyerian, tina saban rumpaka nu dihaleuangkeunana. Nu sanggup mépéndé haté. Saacan hiber ka alam impian.
Saléngkah deui kana tengah peuting. Kapireng jentréngna wirahma hitar. Mirig sora semu peuyeuh. Teu burung ngurunyung nu kapicangcam téh. Bungangang. Sura-seuri sorangan. Gasik noong deui. "Kau tlah pergi... Tinggalkan maaf yang tak terucap..." Tembang kameumeutna. Ngahelas matak kagagas. Hayang teuing mangmasangkeun perban. Dina jero haténa nu keur tatu. Balas ditilar ku pamajikanana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar