Rabu, 19 Maret 2014

FIKSIMINI

Pasosoré Di Buruan


Soré kaburitnakeun basa anjog téh. Langit masih kénéh cangra. Buruan lalening. Hégar. Kasampak manéhna. Si Donto. Nu sok ngulampreng 'na tepas lamunan. Keur nyéboran patamanan. Nu pinuh ku rupaning kekembangan. Teu waka turun tina mobil. Ngencar-ngencarkeun heula panénjo. Saprak balik diopnameu. Sok resep niténan paripolahna. Najan bari susulumputan. Diudag-udag karémpan.
Harita. Saukur manéhna nu tulatén. Ngumawula beurang-peuting. Jajauheun jeung dunungan awéwéna mah. Nu kalah paciweuh jeung arisan. Ti dinya. Haté tuluy kagémbang. Kataji ku rapékanana. Getén jeung luwesna. Teuteupna nu liuh. Sorana nu halimpu. Mingkin mageuhkeun tali rasa. Nu gumulung jeroeun dada. Komo ku nu eundeuk-eundeukanana mah. Teu weléh ngaliarkeun sawangan. Jorojoy hayang ngapimilik. Najan geus kasungsi. Pasti gedé mamalana.
Manéhna nyampeurkeun. Mamérkeun imut kareueut. Keketrok. Lalaunan kaca dibuka. Teup. Paadu teuteup. Sorot panonna lir purnama nu nyumirat. "Pa...! Pa...! Baku ari geus hulang-huleng téh!" jebras-jebris. Biwirna runyah-rényoh. Ngalenyap. Manahoréng dunungan awéwéna. Sedeng manéhna mah karérét geus ngaléos. Ka jerokeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar