Rabu, 19 Maret 2014

FIKSIMINI

Nyonya


Reg. Mobil sédan. Jrut. Nyonya badé ngaroris. Gusti...! Aya ku éndah ieu ciciptaan Anjeun. Ti luhur dugi ka handap. Éstu taya cawadeunana. Hurung mancur. Hérang méncrang. Widadari turun ti langit sugan mah. Karék ku ngambeu parpumna, pikiran geus ngacacang ka mana karep. Komo nempo papakéanana mah. Teu weléh ngélég. Ngagoda implengan. Hayang teuing nyuluran Tuan, nu ngapimilik Nyonya beurang jeung peuting. Kajeun teuing saukur sajam ogé. Moal nolak.

Mun Nyonya datang. Awak nu leuseuh dumadak jagjag. Sirah nu jangar ogé sok langsung cénghar. Betah neuteupna. Anteb nyérangkeunana. Hanjakal. Nurutkeun taksiran. Ngabangun ieu gedong téh tinggal samingguan deui. Kacipta. Moal nempo deui eundeuk-eundeukanana harigu Nyonya. Katut gitek imbit nu matak uruy. Tada teuing leungiteunana.

Kahayang mah sing lila anggeusna téh. Baé. Najan unggal poé loba neureuy ciduh ogé. Rido pisan. "Mana adukan...? Kalah loba ngahuleng satéh...!" Tukangtémbok sesentak. Panonna molotot. Gura-giru ngagalokeun deui semén jeung keusik.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar