Rabu, 19 Maret 2014

FIKSIMINI

Kampung Duriat


"Sing yakin, ari cinta sajati mah bakal salawasna aya," ceuk Rama. Teteg. "Hibarna bakal nyaangan dunya nu keur poékkeun," sora Sinta nu halimpu milu mairan. Maranéhna duaan keur kagiliran nyarita. Dina panutupan hélaran Féstival Cinta di Kampung Duriat. "Wilujeng patepang deui taun payun," Rama nutup biantara. Tuluy ngarangkul pamajikanana.
Sakabéh pamilon: Sampék. Éngtay. Roméo. Juliét. Anthony. Cléopatra. Tristan. Isolde. Laila. Qais. Cinderella. Charming. Taya nu lémék. Kalah paungku-ungku bari ingsreuk-ingsreukan. Kabéh ngarasa kingkin. Sabab, mun harayang amprok deui, jeung nganjang ka kampung nu kebek ku kelir kayas téh, kudu ngadagoan heula taun hareup. Sabudeureun panggung dumadak banjir cimata.

Katumbiri nutug di tungtung lembur. Dewi Amor. Turun tina karéta kancana nu hurung-hérang. Paromanna marahmay. Gugupay. Mapagkeun sakabéh pamilon nu keur marungkawut. Bareng jeung wanci sareupna. Kampung Duriat simpé deui. Wahangan nu caina canémbrang hérang. Réwuan pineus nu mager pakampungan. Patamanan nu laligar di unggal buruan. Salin jinis jadi leuweung geledegan deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar