Tibelat Ku Andika
Biasana
mah wanci kieu ngaliwatna téh. Jam sakola. Lieuk deui, lieuk deui.
Kalah nyeri beuheung sosonggéteun. Gesruk nuluykeun hanca. Sasapu
hareupeun pager. Tuh, geuning! Rentang-rentang ti tungtung gang. Awak
sembada. Buuk kulimis. Saragam bodas hideung. Kéwés pisan. Pantes mun
beurang-peuting micangcam ngaranna téh.
Rumasa geus kabéngbat, nepi ka teu kendat boga rasa tibelat. Gedé
harepan dina jero haté, sugan jeung sugan isuk pagéto kabiruyungan.
Tapi, dosa kitu mun hoyong ngapimilik salira, jungjunan...? haté galécok
sorangan. Bari dodongkoan, daster nu lahak rada diperod deui ka handap.
Léngkahna beuki ngadeukeutan. Dalingding parpum maskulin. Hihiliwiran.
Ngadongkang lelembutan.
"Kuliah, Cép?" cekéng, bari dikiceupan. Saukur dijawab ku unggeuk
dibarung mésem. Aéh-aéh, naha soca nu kasép téh bangor, geuning?
"Dika...! Dika...!" Si Nasya jeung Si Kaila. Maok perhatian Sang Arjuna. Gugupay ti loténg. Cicirihilan. Garumeulis. Baku Si Kembar mah ari geus ngaganggu hancengan indung téh. Cua pisan aingah.
"Dika...! Dika...!" Si Nasya jeung Si Kaila. Maok perhatian Sang Arjuna. Gugupay ti loténg. Cicirihilan. Garumeulis. Baku Si Kembar mah ari geus ngaganggu hancengan indung téh. Cua pisan aingah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar