FIKSIMINI
Hiji Mangsa Di Kota Kembang

Panas
mentrang-mentring. Di sabudeureun alun-alun nu metet ku jelema.
Derrrrrrr.... Derrrrrrr... Sora handaruan tina sapasang hélikopter. Laju
landing di tengah lapang nu badis kamp pangungsian. Teu sirikna
digalembrong, ku rébuan warga nu keur nandangan katunggara. "Buru
turunkeun muatanana, euy...!" patingcorowok patarik-tarik. Sora-sora nu
kebek ku pulas ambek. Patugas nu maraké saragam loréng, sigep
ngalung-ngalungkeun dus tina jero beuteung hélikopter; sangu dus jeung
cai mineral. Pahibut. Silihsigeung. Silihdengkék. Hayang paheula-heula
meunang bungkusan. Untungna téh walatra, kabéh kabagéan. Bapa Walikota,
nu sarua milu katideresa, méré biantara dina mégaphone, "Para wargi
sadaya, hayu cuang botram, ah! Meungpeung aya kénéh milik saréréa!"
pokna téh. "Huuuuu...!" Kalah disarurakan. Teu ngadagoan lila. Brek.
Balakécrakan. Dariuk ngurilingan alun-alun jeung masjid agung.
Ngaharékak sangu nu cikénéh katampa. Geleber. Hélikopter ngapung deui,
ninggalkeun warga nu keur paronyo caracamuilan. Pilotna gogodeg.
Nyérangkeun pamandangan dayeuh di handapeunana. Rewuan kandaraan nu geus
teu bisa gerak, alatan kapahung macét nu geus aya samingguna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar