Rabu, 19 Maret 2014

FIKSIMINI

Basa Purnama Nganjang


Ngajanteng hareupeun eunteung. Nyidik-nyidik rupa katut beuleugeunjeur awakna sorangan nu mimiti rarobah. Ngarahuh, waktu ngusap kulit beungeutna nu jadi karijut. Purnama nu jadi tangara, karérét saliwat tina jandéla kamerna nu ngemplong. Ratug jajantungna, basa nyaksian bohak nu mimiti tingpelentis, dina kulit umyang nu jadi kareueusna salila ieu.

Lieuk kana ranjang pusakana. Ranjang nu salila ieu jadi pamanjang kageulisanana. Malati ngabarak luhureun sepré kayas nu jadi amparanana. Segruk. Kumolébat lampah nirca, sapanjang mapayan saniskara cita-citana. Jam dingding nyada dualas kali. Di langit, purnama geus kateleg ku méga hideung. "Ka mana heula si bangkawarah téh, nya?" pokna, ngadago-dago nu rék jajap séba.

Leng. Sirahna lir ditojosan rébuan jarum. Gebru, awakna ngajurahroh. "Tobat...!" ngocéak, sorana semu ngagerem. Siki panonna dumadak barijil, beungeutna ogé mingkin pikasieuneun, sedeng bohak dina sakujur awakna tambah ngalobaan. Bau nanah jeung getih pagaliwota, nyilihkeun seungit kembang nu ngadalingding saméméhna. Lir cacing kapanasan, manéhna gogoréntélan, nahan kanyeri nu liwat saking.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar