Rabu, 19 Maret 2014

ARTIKEL

Yasana Jendral Tatang Sumarsono

Ieu mah sugan aya mangpaatna. Keun waé dianggap ngabéjaan bulu tuur gé:KALIMAH JENUK


Rék disebut istilah anyar, nya pék waé: kalimah jenuk. Maksudna, kalimah nu subyékna leuwih ti hiji (dumasar kana itungan jumlahna). Lian ti subyék, mungkin waé jenukna téh dina prédikat, atawa obyékna. Saheulaanan urang ngabahas anu jenuk dina subyékna, nya?*Budak meuli buku.Ieu lain kalimah jenuk, sabab subyék jeung obyékna ukur hiji. Kitu deui prédikatna ngan dipigawé sakali.Mun ditarjamahkeun kana basa Indonesia jadi: *Anak membeli buku.Tah, dina basa Indonesia mah, mun éta kalimah rék dijenukkeun, ungkarana téh jadi:*Anak-anak membeli buku.Tapi, dina basa Sunda mah teu bisa ditulisna jadi kieu:*Budak-budak meuli buku.Mun hayang dirobah jadi kalimah jenuk, ilaharna subyékna téh ditambahan sisipan al atawa ar, jadi:*Barudak meuli buku.Tapi tétéla geuning, teu kabéh kecap dina posisi subyék bisa ditambahan sisipan al/ar. Contona:*Guru meuli buku.Teu bisa jadi:*Garuru meuli buku.Dina kasus kawas kieu, ilaharna anu dirobah jadi jenuk téh prédikatna, jadi:*Guru mareuli buku.Conto séjén anu dijenukkeun prédikatna upamana waé:*Fikminer marostingkeun karyana. *Kamar mani lalega pisan.*Mobil marogok dina tanjakan. 

Sakapeung anu dijenukkeun téh kateranganana. Contona:*Ieu téh rék ka Barandung ayeuna?Lamun sisipan ar digabungkeun kana kecap nu dimimitian ku vokal (aksara hirup), posisina jadi pindah ka hareup: alus aralus, indit arindit, untung aruntung, jsb.Lian ti maké sisipan al/ar, ngajenukkeun kalimah téh bisa waé di hareupeun subyékna dimitian ku kecap para.*Para mentri dipahing korupsi.Ceuk kaol para jumhur linguistik, larapna para téh kudu dihijikeun, jadi kieu:*Paramentri dipahing korupsi.Dina basa Sunda, lamun kecap barang dirajék, sok aya anu hartina jadi robah. Geura:*Imah-imah di kota mahal hargana.Imah-imah hartina rumah tangga. Contona:*Budakna téh tilu, kabéhanana ogé geus imah-imah.Kuduna kalimah di luhur téh:*Imah di kota marahal hargana.Kecap barang anu dirajék, sok aya anu sacara semantik nuduhkeun harti patukang tonggong jeung pasipatan sakumaha kuduna. Conto: haji haji-haji, kolot kolot-kolot, bupati bupati-bupati. Conto larapna dina kalimah:*Haji-haji resep kénéh kiu-kiu.*Kolot-kolot teu boga pikir rangkepan.*Bupati-bupati teu boga imah sorangan.*Guru-guru bobogohan jeung murid.Kitu deui pikeun kecap sipat, hartina sok jadi robah. Contona: geulis geulis-geulis, pinter pinter-pinter, gedé gedé-gedé. Conto larapna dina kalimah:*Geulis-geulis kurang déngé.*Pinter-pinter bet bisa ditipu ku si éta.*Gedé-gedé borangan silaing mah.Cindekna, mun kecap sipat dirajék, ilaharna dina kalimahna téh aya hal-hal anu anu dianggap lain kitu kuduna, papalingpang, atawa patukang tonggong. Geura, asa teu umum mun aya anu nyarita kieu:*Éta mah Ceu Néna Cunara, geulis-geulis bet bogoh ka Tatang anu sakitu kasépna. Ha-ha-hah ....(nyambung, mun purun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar