Rabu, 19 Maret 2014

ARTIKEL

FIKSIMINI


Fiksimini. Prosa nu diwatesanan ku 150 kecap. Saliwat mah siga nu énténg, cukup ku miceun saban ungkara nu teu perlu, siksikan deskripsi nu matak kerung, tuluy baé kulub, jadi! Tapi sabenerna mah teu cukup ku kitu, loba hal dina fiksimini nu tacan kaguar ku fikminerna sorangan.
Sesemplékan sajak, pangeureutan narasi, atawa flash fiksi --nu sok rajeun disebut ogé sudden fiction, micro fiction, short short stories, jeung quick fiction téh-- nyaéta salah sahiji génré sastra nu matak saru ngabédakeunana najan teu béda jauh ari dina panjang (atawa pondokna) mah. Inti flashfiksi nyaéta meureut pangalaman, pamikiran jeung rasa pangarangna jadi hiji carita nu diadegkeun cukup ku sababaraha ungkara, atawa ku sababaraha paragraf pondok bari angger nalingakeun saban paguneman, adegan, tokoh, gerak, jeung kecap-kecap.
Danget ayeuna, saluyu jeung kamajuan téknologi informasi, loba pisan pangarang (boh nu masih cacarakan boh nu geus kahot) nu ngadon bogoh malah kagégéloan ku Neng Fikmin. Dumasar hal éta, sigana perlu di dieu dicutat sababaraha kamandang ti “saéhu” fiksimini, boh mangrupa naon nu kudu jeung ulah, di mana jeung ti mana bisa newak inspirasi pikeun ngawangun hiji carita, jeung hal-hal téhnis lainna saperti nu dibéréndélkeun di handap ieu:

STACE BUDZKO, Pangarang jeung Instruktur “10 Weeks/10 Stories” di Grub Street:
Mobok Tengah
Numutkeun définisi, fikmin téh dimimitian ku konflik, atawa nyaritakeun hiji kajadian nu geus méh nepi kana puncakna saperti adegan panungtung tina hiji hubungan cinta, atawa nu sader-dereun campuh di Padang Kurusétra. Mobok tengah di dieu maksudna nyingkahan narasi nu teu perlu, kajaba lamun dibutuhkeun keur ngawangun carita.

Déskripsi nu kuat
Téangan hiji atawa sawatara gambaran nu dirasa kuat pikeun jadi puseur carita, misalna Puri Cikonéas, layung nu ahéng katembongna, karang palebah angkeut Neng Gina, plang perboden di lawang saketeng gedong parlemén, jrrd. Gambar téh bisa ngawakilan mangréwu kecap. Ku deskripsi gambar nu kuat, fikminer bisa tapis ngalukiskeun hiji kajadian nu dimaksud bari teu réa kecap atawa ungkara nu mubah.
Tonjok angenna!
Mun diibaratkeun mah fikminer teh ibarat tukang teunggeul. Jekuk! laju indit ninggalkeun geuneuk jeung aweuhan dina dada nu maca. Fikminer kudu mampuh ngulinkeun harepan, nurunkeun lalangsé, atawa ngaburak-barik haté lir angin puyuh nepika sanajan eungap keur nu macana, tapi teu burung matak dengdem, ngajadi candu, matak deudeuieun.

GRANT FAULKNER, éditor 100 word story:
Fiksimini cicing di antara prosa jeung sajak. Plot kacida pentingna pikeun nembrakkeun suasana, tapi aya nu leuwih penting, nyaeta puseur carita. Rénjaganana. Cohagna mah, lain kumaha cara nyaritakeunana, tapi kumaha sangkan bisa ninggalkeun aweuhan, ngaririwaan nu macana. Lebah dieu pisan kasugemaanana nyieun fiksimini, siga ngéntépkeun puzzle nepika ngawangun leunjeuran carita. Tapi fikminer (wayahna) kudu cukup ngarasa sugema ku ngéntépkeun sabagian leutik tina carita wungkul. Sésana mah pasrahkeun baé ka nu macana, sina dibérésan ku imajinasina séwang-séwangan.

MARK BUDMAN, éditor Review Vestal:
Kudu:
1. Singget, pepel bari angger laluasa, teu matak nyengkék kana plot jeung tokoh carita.
2. Kudu aya gagasan nu disesepkeun: keur naon nyesepkeun amplop kosong?
3. Geugeut deukeut jeung nu maca. Ngan ulah nangkeup pageuh teuing, bisi matak eungap.
4. Daék maca. Ngaréndéngkeun karya sorangan jeung karya para fikminer nu séjénna.
5. Kudu aléwoh tatanya. Tuturkeun curuk guru améh téréh bisa.
Ulah:
1. Motah teuing muihkeun ungkara, bisi tibabaradug. Rohang fikmin mah heureut pisan.
2. Loba teuing neundeun gagasan. Cukup ku hiji-dua baé.
3. Loba rarangkén nu teu perlu. Pan urang téh lain keur wawar tamba.
4. Sieun éksperimén. Ulah tuluy nunutur jalan nu geus dijieun ku batur, bisi sasab.
5. Poho yén fiksimini téh prosa. Fiksimini lain sajak, angot ésai.

HENRIETTE DAYA, éditor The Drum:
Ulah:
1. Nyampurkeun rupa-rupa kelir atawa gaya: Fikmin mah carita heureut, milih nu sakelir baé.
2. Moékan teuing carita: bisi jadi pamohalan ngawangun drama; angot kapanasaran keur nu macana.
3. Lahak teuing némbongkeun pinareup: watesan adegan séks, fiksimini alusna teu cawokah, komo nepi ka jorang mah.
4. Reunceum teuing ku aksesoris: Fikmin lain ajang pamér nu jadi tokohna.
5. Kaleuleuwihan ngawawaas carita: bisi ngéléhkeun gagasan nu sabenerna.

Mun tea:
1. Resep maké kekecapan nu arkaik, wayahna kudu daék leukeun ngoréhan basa.
2. Nyaho yén saméméh hideung téh kulawu heula, fikminer kudu bisa leuleus liat mindahkeun hiji adegan ka adegan séjénna.

TED MCLOOF, Pangarang, profésor di University of Arizona:
Kudu:
Daék maca sajak. Mun carpon gumantung kana kaweruh dina meruhkeun narasi, méré wangun jeung pigurana, fiksimini mah teu kitu. Fiksimini lain wanda carita tradisional siga carpon nu diwangun ku bagéan awal, tengah, jeung ahir, tapi leuwih nujul kana hiji mangsa, atawa sawatara mangsa nu tangtu. Salah-sahiji génré sastra nu cocog pikeun diajar kumaha cara meruhkeunana nyaéta ku sajak téa. Panyajak pisan nu sok mahér meureut kajadian jeung adegan dina ungkara, sarta ngararasakeun kekecapan nu efektif pikeun nyaritakeun hiji objék carita.
Ulah:
1. Ngararancang heula carita. Ulah ngahulag ideu-ideu ku rarancang nu geus dijieun ku sorangan sabab moal matak séhat kana carita, oge matak gering keur nu ngarangna. Der baé mun rék nulis fiksimini mah! Sampeur ideu di jalan.
2. Lebar miceun ungkara nu dipikanyaah. Sakira-kira matak ngaruksak jalan carita jeung gagasan mah nya wayahna teukteuk baé. Kudu léah dina nulis fiksimini mah, itung-itung nyipuh diri sangkan ngagenclang hasilna.
3. Loba teuing mikir, da lain rék maén catur ieuh. Taya salahna urang mikmin dina kaayaan ambek, begér, sedih, jangar, setrés, malahan mangsa weureu. Tibatan kudu ngemplé-ngemplé suasana haté ti poé ka poé, culang-cileung néangan ideu nu kosong nu ngalantarankeun uteuk jadi wadah runtah kakuciwaan, mending mikmin! Emas mah kari nyokélan; tingborélak disabudeureun urang.

LAURA McMILLAN jeung JOHN M. CUSICK, Editor Armchair / Shotgun:
Gareuwahkeun nu maca.
Pék baé nulis fiksimini heureuy, gumalindeng, atawa ngayun-ambing. Ngan ulah poho kudu bisa mangpéngkeun paneguh atawa herepan nu maca ku hiji ungkara nu neunggar karasana.
Pereketkeun!
Mending eureun heula nulis fiksimini mun haté kumejot ngajak rurusuhan nganggeuskeun carita. Lebar. Ideu carita nu alus sakalan sok paburantak alatan pangarangna gurung-gusuh nganggeuskeun carita. Tigin ngeukeuweuk gaya jeung detail carita bisa ngajauhkeun fikminer tina kesan dapon atawa teu daria.
Basajan tapi ahéng.
Loba fikminer nu tihothat ngaréka-réka plot nu “wah” lantaran boga anggapan yén fikmin nu dihasilkeunana baris tanagaan. Bisa waé hasilna memang jadi bedas luar biasa, tapi éta lain hiji-hijina cara. Salah-sahiji cara “basajan tapi ahéng” nu bisa dijieun conto nyaéta carita genep kecap-na Hemingway nu kakoncara téa ("Dijual: Sapatu orok, can kungsi dipaké"). Hemingway cukup nuliskeun carita dina wangun iklan baris siga nu tinulis di koran-koran tapi matak ngahudang rasa sungkawa keur nu macana. Nu maca bisa nyipta-nyipta yen maranéhna (kolot nu karék kaleungitan orok téa) keur pahareup-hareup nuliskeun éta baris iklan di meja dapur, laju papelong-pelong kosong dina simpé.
Salsé néangan kecap nu cocog pikeun carita.
Mangpaatkeun kecap-kecap nu jembar ma’na pikeun ngalukiskeun carita ngarah leuwih ékonomis. Urang bisa waé nuliskeun “Héjo-bulao. Pulas nu nganteurkeun manéhna kana mangsa di Wanayasa,” yakin. Tapi pan kawatesanan ku 150 kecap téa, mun “Wanayasa” taya gantar kakaitanna jeung eusi carita, nya wayahna cukup ku “Héjo-bulao” baé. Ku kitu gé geus cukup nganteurkeun imajinasi nu maca ka nu dipikahayang ku urang.

LYNNE BARRETT, éditor Tigertail, South Florida Annual: Florida Flash:
Paradoks-na, urang kudu bisa mukakeun rohang nu lega dina carita nu heureut. Pangarang ditangtang sangkan bisa meureut carita bari teu ngaheureutan imajinasi nu macana. Siga nyuguhan jus jeruk bari ngamparkeun kebon jeruk kana sawangan nu nginumna. Fiksimini teh ngeunaan kumaha carana sangkan carita urang bisa pepel, seger, lengkep, malahan méwah karasana.

TARA MASIH, éditor Rose Metal Press Field Guide to Writing Flash Fiction:
Kuring ngarasa teu wenang ngabéjaan naon nu “Kudu!” jeung “Ulah!” dina widang seni kréatif siga fiksimini. Sawatara pangarang jadi jawara alatan ngarumpak ugeran nu geus aya. Kuring leuwih hadé ngabolékérkeun masalah nu rajeun kapanggih dina fiksimini baé. Sawatara pangarang nyoba-nyoba ngawangun carita nu teu kacangkem ku manéhna sorangan. Hasilna: Sakeureut tulisan heureut nu caritana teu lengkep, ukur sketsa basajan nu kosong ma’na. Pangarang geus nyieun kasalahan ku boga pamadegan yén mending kénéh nuliskeun carita siga kitu daripada henteu. Aya ogé nu ngadon ngayayay, kalimahna éstu salancar, karakter tokoh jeung plotna ogé teu puguh alang ujurna. Pangarang siga kitu kudu neuleman heula karyaning para “saéhu” saperti Hemingway, Kawabata, atawa fikminer kontémporér saperti Michael Martone, Meg Pokrass, Flick Sherrie, Godi Suwarna, Nazarudin Azhar, Deden Abdul Aziz, Endah Dinda Jenura, atawa Hadi Aks (pikeun nataan sawatara ngaran). Fiksimini lain ngan saukur gaya, tapi seni! Kuring miharep loba nu ngarasa kalipur jeung meunang mangpaat ku fiksimini nu dijieun kalayan daria

Tidak ada komentar:

Posting Komentar