POÉ ÉTA
Carpon Endah Dinda Jenura
TI jero garéja, sora
orgél jeung antifon agem mapag. Sém ngalieuk ka gigireunana. Panganten awéwé,
nangkeup bukét kembang dina dadana, katempo bungah, marahmay, teu eureun imut ka
kénca ka katuhu. Satukangeunana, kulawarga dua pihakan, kolot-budak awéwé-lalaki,
dibarungkus warna-warni baju pésta, ngagimbung
jigrah.
Nanahaon aing di
dieu?
Clak. Karasa aya
nu tiis baseuh, ngeclak kana irung. Rét. Imam keur ngéprét-ngéprétkeun cai suci,
laju narabaskeun biantara pangbagéa. Itu. Ieu. Gap. Karasa sikuna dicekel,
dibedol, diajak leumpang nécé hambalan garéja lalaunan. Saléngkah-saléngkah
ngadeukeutan altar.
Srog.
Luk manéhna tungkul. Nyaho, di tukangeunana, sakabéh panénjo keur museur, nyaksian manéhna jeung awéwé sagédéngeunana.
Ngong Imam
deui, “Dearly beloved, we
are gathered together here in the sight of God, and in the face of this
company, on this beautiful afternoon, to join together this man and this woman,
Sem and…”
Beungeut
Kakéyi ngolébat.
Ramohpoy.
Sém ngarasa sukuna lain dijieun
tina tulang. Lain tina daging. Tapi tina sageblég getih nu disebut haté. Nu lebur-ajur.
“… in holy matrimony as they exchange vows of their everlasting
love.”
Sém hayang bongé.
Cinta nu langgeng,
cenah.
«««
PINK BUTTERFLY. Peuting
gumading. Malaikat jeung sétan ngésang, papasangan ngibing di méja bar. Cacaka kukupu kayas cekah, geleber suat-siet
tuluy anyud leyur di jero getihna, ngaleut ngeungkeuy ka jantungna.
Beungeut-beungeut
nu oyag marahmay, marakbak sabudeureunana. Tingcikikik. Tingcakakak.
“Gedé milik Si Sém! Mo béak tujuh turunan tah duit Om Albert mah!”
“Sém! Sém! Béjana pangantén manéh parawan kénéh!”
“Anjrit! Hahaaaay…
Lalaunan, Sém!”
Dina sofa,
Sém nyanggéyéng. Késang tiis nyuung saluar awak nu laun-laun rubuh, ngaringkuk.
Peuting maju
ka buruk. Pink Butterly ngéngklak. Manéhna peureum, haténa saak. Ceuk saha cinta
wungkul urusan rasa, pikirna bari ngagibrig. Naon atuh ieu nu nyaksrak tiis jero
awak aing? Awak aing, Kakéyi! Kakéyi. Kakéyi. Ngaran manéh ‘na unggal rénghap aing.
«««
JAS hideung nu ngagantung dina
jero lomari kaca di kamarna, blég ririwa. Sém nangkeup tuur di luhur kasur, pageuh ngeukeuweuk hénpon. Sapoé éta, manéhna ukur neuteup ka luareun kaca jandéla, ngaréka-réka naha
manéhna sorangan nu ngarasa kieu, naha Kakéyi gé sarua?
Geus saminggu awéwé éta teu ngangkat
telpon. Unggal Sém mencét nomérna, nu kadéngé ukur sora nada sambung nu ngalanglaung,
lir hoang karéta nu teu reureuh mapay-mapay erél bari teu kungsi manggih
setatsion.
Manéhna ngirim SMS
deui, nu ka-1000 kali: Geus 2 minggu. Manéh euweuh. Urang ngoléang, Kay. Saha nu rék néwak urang?
Simpé. Tiris.
Banget simpé jeung tiris, kakangen. Tapi kéla. Tah. Geuning. Karasa haneut.
Panas, malah. Karasa aya nu panas, laun, mapay tina kongkolak mata, ngalémbéréh
kana pipi. Tuluy sagala tiris deui. Leuwih tiris batan tadi.
«««
KAKARA harita
Kakéyi bawél. Réwél.
“Pokona teu
meunang ceurik.”
Sém nyéréngéh. “Okay.”
“Teu kaci paséa.”
“Sanajan manéh
ngamimitian, urang moal ngalayanan.”
“Sip. Teu kaci
pabetem-betem ogé.”
“Kay…”
“Pokona teu kaci pacicing-cicing!”
Kakéyi molotot.
Sém unggeuk.
“Poe ieu kudu
sampurna.”
Manéhna inget
pisan. Juni ahir. Poé nu sampurna, ceuk Kakéyi mah: Sapoé jeput babarengan, teu
pabetem-betem, teu paséa, teu ragrag cimata. Peuting basa nganteurkeun mulang, manéhna diuk
jero mobil, mencrong Kakéyi nu peureum gigireunana. Teu wasa ngahudangkeun. Kalah
neuteup teu bosen-bosen. Hayang ngambung hayang ngusapan. Hayang sapokpokeun
ngomong, ayeuna, dina poé nu sampurna, yén manéhna banget nganuhunkeun kana
naon baé éta ngaranna, nu geus dibikeun ku awéwé éta ka dirina. Tapi teu kedal.
Teu kungsi kedal.
Unggal dibéré kasempetan, manéhna ukur bisa ngajenggut buuk Kakéyi lalaunan,
nyium leungeunna nu ipis salila-lila, laju diteueulkeun kana dadana. Henteu.
Manéhna teu bisa nyarita, “Nuhun, Kay. Nuhun ngabaturan urang, ngarti urang.
Nuhun ku lalaunan, teu gurung gusuh, nyaah ka urang. Nuhun geus datang ka jero
hirup urang. Urang poho siga kumaha hirup urang saméméh manéh. Ukur lalaki nu teu
nyaho naon nu kudu ditéangan. Nuhun ku sabar, bageur, tenang. Nuhun geus nuduhkeun.
Nuhun geus mikeun haté manéh. Uteuk manéh. Késang manéh nu kaseuseup. Nuhun ku
surti yén urang teu bisa ngedalkeun ieu lantaran maneh nyaho yén isuk-soré-beurang-peuting,
dina haté urang ngan aya manéh, manéh, manéh deui-manéh deui.
Manéh wungkul,
Kay. Lian ti éta ukur kawajiban. Ukur tungtutan kulawarga. Ukur bisnis jeung
udagan dunya.
Cinta urang sampurna.
Aya tanggal kadaluarsaan.
Pileuleuyan.”
«««
JERO sataun
babarengan, ngan sakali Kakéyi témbong ngungun. Harita, basa keur dalahar di
hiji kafé. Teu jauh tina méja maranéhna, sapasang awéwé-lalaki tengah tuwuh
keur diuk pahareup-hareup bari silihcekelan leungeun. Kakéyi deui-deui ngarérétan
ku juru panonna.
“Kabita?” Sém
ngasongkeun leungeun kéncana. Surti.
“Éta salaki-pamajikan
atawa lain, nya?”
“Bisa salaki
pamajikan. Bisa nu bobogohan. Atawa… Siga urang.”
Kakéyi tungkul.
Bangun mikir. Barang tanggah deui, pokna, “Urang nyaho di wayahna, Sém. Tapi
sakapeung, urang hayang hubungan urang lana. Lila. Teu nungtung. Teu
tungtungan. Hampura, nya?”
Sém ngarasakeun
aya nu nyérését jero dadana. Sarua, Kay, sarua, ceuk haténa. Deudeuh teuing
urang, nu kudu sasadu ménta hampura lantaran micinta. Deudeuh, haté urang,
kumaha ngubaranana.
Témbal Sém, “Nu
tungtungan mah kohkol. Lain urang. Tung. Tung.”
Kakéyi nyeukeukeuk
bari nungkup biwirna.
Haté Sém asa digerihan.
«««
CINTA téh datang hiji
poé, sanggeus mindeng lalajo film, meuli buku, ulin, dahar-ngopi babarengan. Sém
nyaho manéhna bogoh basa hiji mangsa kudu satékah polah ngupah-ngapéh keteg
jantungna nu ngadadak ratug tutunggulan unggal mireng Kakéyi cumarita, unggal manéhna
ditelpon, unggal ditanya. Unggal diteuteup, awakna karasa leuleus. Manéhna sabisa-bisa
nyumputkeun semu. Éra. Sieun. Sieun bogoh sosoranganan.
Tapi henteu, geuning.
Manéhna teu nogéncang.
Basa hiji poé Kakéyi
neueulkeun biwirna nu panas kana biwirna, Sém asa paéh. Hanteu. Manéhna teu
hayang ngitung duit. Teu hayang Jaguar. Teu hayang liburan. Teu hayang
dahar-nginum. Teu hayang nanaon deui. Manéhna hayang cicing di dinya, masrahkeun
diri sagemblengna, mikeun hirupna keur awéwé éta. Kuma karep awéwé éta.
Kakéyi imut teleb.
Nyusut tungtung biwir Sém ku ramona.
“Tong melong,” Sém
ngaharéwos. “Tong seuri. Urang grogi.”
“Urang resep
ningali manéh grogi.”
“Tong jahat ka
urang, Kay.”
“Maneh nu kudu
kawin Juli taun hareup, pan?”
“Urang moal
ninggalkeun manéh.”
“Urang nu hayang
ditinggalkeun. Dina waktuna. Dina poé nu sampurna.”
«««
IEU mimitina nu
teu bisa disingkahan, nu tuluy jadi panineungan.
“Asa teu puguh film téh…”
Sém ngalieuk. Di
bioskop nu remeng-remeng, awéwé gigireunana katingali keur ngaleguk kopi kaléng.
Haré-haré. Panonna manco layar nu pinuh ku adegan aksi. Tapi sidik manéhna nu
bieu ngomong téh. Ka aing kitu, pikir Sém, atawa ngomong sorangan?
Sém lain jelema nu
sok ngobrol di bioskop. Unggal lalajo film, manéhna bakal nyeuseup tiap adegan
kalayan gemet, embung kaliwat detik, embung kaganggu. Tapi teuing kunaon harita
mah asa beurat jeung bosen, horéam nuturkeun ringkel carita dina layar. Nu teu
ramé. Teu puguh, cenah, ceuk awéwé éta mah.
Asa hayang dibaturan
ngobrol.
“Éfék malulu bari
teu réalistis. Carita kosong,” Sém ngagerendeng saolah-olah ngomong sorangan
ogé.
“Aktor watak ukur acting lulumpatan. Lebar.” awéwé gigireunana
mairan.
“Ngahina intelejénsi,
nya?”
“Ngarempak loba
teuing hukum fisika, deuih.”
“Can satengah maén
geus kieu patut.”
“Samarukna urang rék tabah lalajo nepika tamat.”
Sém nyéréngéh. Panuju.
Rét ka nu jongjon manco layar. “Sém,” manéhna ngangsrod saeutik tina korsi, nyolongkrong
ngasongkeun leungeun.
Awéwé éta
ngalieuk. Beungeutna teges ayeuna mah. Matana buleud. Kulitna beresih. Pribumi,
pikir Sém. Nampanan leungeunna bari imut, ngawanohkeun ngaran, “Kay. Kakéyi.”
«««
JAUH saméméh
datangna poé nu sampurna, poé
kukupu kayas, poé
ngoléang,
jeung poé
garéja:
aya hiji Sém kukulintingan. Aya hiji Kakéyi
kukulintingan. Di hiji dunya. Nu aya tanggal kadaluarsaan.
«««
ÉD Jénura, kungsi nulis sababaraha carpon Sunda (dimuat di Manglé, Cupumanik, sareng Pikiran Rakyat) di taun 2000-an awal ngan
ngedul, laju eureun. Kahudang deui nulis basa Sunda sanggeus ngagabung di grup Fiksimini Basa Sunda (FBS).
Suporter Liverpool FC. Nganjrek di Cianjur.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar