Kamis, 27 Maret 2014

FIKSIMINI

 Amprok Deui di Gedong De Driekleur


Sabot nganteur mapayan rohangan di ieu gedong, panonna nu beueus, karérét mindeng tatanggahan nempoan lalangit. Dampal leungeunna ogé remen ngusapan témbok, kusén jandéla, tangga jeung téhelna. "Teu nyangka Akang mah, sugan téh geus moal aya jelema nu mikanyaah ieu wangunan," pokna téh, bangun nu reueus.
Cahya lampu nu reyem-reyem, mingkin ngantebkeun rasa geugeut nu geus lila kakeureut. Musik klasik tina gramofon, ngagalindeng minuhan rohang di lanté 3, nu robah pulas jadi kayas. Paadu teuteup, dina jarak anu padeukeut.
"Nyai...."
"Kang Albers..." ngan sakitu nu kedal, tina sela-sela adegan dangsa nu antaré. Rébuan rasa ngaguruh. Awor. Pagaliwota dina jero dada. Teuing iraha mimitina, cimata bahé dina dadana.
Can cacap namplokkeun kasono nu ampir lukutan, peuting nu paripurna téh mani sajorélat. Saacan balébat nyumirat, nu dipicangcam puluhan taun téh ngarangkul pageuh. Mun kongang, hayang satuluyna nangkod dina rangkulanana. "Nitip ieu gedong nu jadi saksi asih urang, Nyi," pokna, saacan ngiles patutur-tutur.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar