Rabu, 19 Maret 2014

CARPON SUNDA

Kanikir Dipipir Pasir

Kénging Moddi Madiana



Angkrék bulan marakbak bodas mapaés rohangan tengah. Unggal poé ditatap diusap jadi batur ngobrol, tempat miradu mun haté keur sumedeng ringrang. Sok rajeun nyoréang ka tukang, mangsa hirup paduduan, genep taun kaliwat. Nyimas Siti Munigar, anak nunggal  Mama Martadikusumah jeung Ambu Rohani, kembang désa Cidalingding, camperenik.
Sinjang sidamukti dilamban, nyanding kana barukat pulas langit mungkus waruga lémpéréng konéng, raray marahmay, sanggulna kabungkus karémbong bodas. Payus meunang sebutan ratu ti kahyangan; matak geugeut nu deukeut, matak sono nu nempo. Teu saeutik jajaka ti sawatara lembur ngahaja ngalanglang hayang ngabandang. Ti mimiti mandor adeg, mantri pasar, juragan kawung, kaasup barudak nu kakara mangkat begér nepi ka Kawasa Kebon boga tarékah séwang-séwangan pikeun ngadeukeutan Nyimas Siti Munigar.
Ari sikep Mama Martadikusumah, éstuning bijaksana naker. Tara pipilih piminantueun, istuning masrahkeun ka nu jadi anakna baé. Nya ku sikep éta pisan nu ngajadikeun urang lembur Cidalingding ngarasa ajrih. Antukna taya nu wanieun ngaheureuyan Nyimas Siti Munigar.
Kabeneran nu manggih jodo jadi salaki Nyimas Siti Munigar téh Kang Rahmat, bandar kawung, anak kuwu Cijeré. Ti saprak rumah tangga, Nyimas misah imah ti indung bapa, nyicingan imah di lamping Cidalingding belah kalér. Lima taun nyorang lakirabi can kawaris anak. Pacogrégan dina rumah tangga beuki némbongan anu jadi margalantaran Rahmat hayang boga turunan. Layung tara némbongan, angin ti lamping jarang liwat hareupeun, ukur séahna ngajauhan nyusur gunung, nyisir pasir awor jeung guligahna ombak di basisir.
Teu wani nyarék sumawonna ngahulag kana talajakna. Lain teu hayang megatan tapi teu sanggup kudu cékcok komo pabéntar paham mun kaparengan aya di imah. Rahmat jadi jarang balik. Di sagigireun ngiangkeun gula kawung ka dayeuh, ditambahan ku geus ngarasa teu betah di imah. Nyi Mas Siti Munigar ukur bisa ngupahan manéh, nilaman manéh ku rasa sabar.
Wanci moyan hordéng jandéla katebak angin. Angkrék bulan katojo panonpoé nyacas nyaangan rohangan. Bari nilepan samping corak tarungtum Nyimas nyawang sémah nu nyampeurkeun. Beuki deukeut beuki sidik yén nu datang téh Marni, pamajikan nu ngora ti Rahmat; ngais budak umur sataun hanjat ka tepas imah.
Sémah dihiap sina asup bari pok, “Euleuh geuning mani tangginas wayah kieu geus nepi ka dieu. Jam sabaraha ti ditu?”
Nu ditanya gancang ngajawab, “Bada subuh!”
Teugeug. Teuing pédah capé kénéh. Dirérét budak dina aisan, nyeplés beungeut Rahmat.
“Sok écagkeun heula budakna. Ké rinéh wé. Urang nyokot heula cai, lumayan keur nuuskeun capé, bisi hanaang,” cék Nyimas Siti Munigar bari ngoloyong ka tukang.
Marni teu loba carita, ukur rurat-rérétkawas aya nu ditéangan. Basa mencrong poto salakina nu ngagantung dina témbok, kapegat ku pananya Nyimas Siti Munigar, “Tas ti mana Nyai téh, atawa ngahaja ka dieu? Naha bet sosoranganan mangkaning lain lalakon deukeut-deukeut.”
“Puguh ngahaja abdi nepangan Ceuceu di dieu, maksad mah...” teu parat omongan Marni.
“Baruk, aya pamaksudan naon, asa rareuwas teuing?” Nyimas Siti Munigar geus ngarasa curiga yén kadatangan Marni lain sadatang-datangna.
“Numawi tos opat sasih bapana barudak teu aya wangsul ka lembur. Namung punten manawi...” Marni kalah ngaheruk. Nyimas Siti Munigar istigfar dina hatena ngarasa karunya kana nasib Marni ditinggalkeun ku Rahmat bari taya béja carita jeung kudu ngurus budak satilu-tilu.
“Euceu ngarti jeung milu prihatin kana nasib Nyai jeung barudak. Nyai ulah ngarasa curiga ka Euceu, salaki Nyai ti saprak mihukum Nyai geus tara ngulampreng ka dieu. Da geus teu katalian ku kawajiban deui jeung Euceu mah.”
“Kedah kumaha atuh abdi ayeuna, sareng kedah ka mana milarianana?” Marni keukeuh can percaya kana jawaban Nyimas Siti Munigar.
“Haaarrr... nya kudu kumaha atuh? Apan baheula ogé basa Nyai ngajorag ka dieu ménta tanggung jawab Rahmat ku Euceu dijurungkeun sina ngawin Nyai. Naha Euceu kungsi ngajirag ka Nyai salila salaki salingkuh ka Nyai?”
“Bilih Kang Rahmat babalik pikir, badé saha nu ngalereskeun barudak ka payunna?”
“Astagfirullah...” Nyimas kareureuwasan.
Da puguh teu bogaeun niat rék ngabaruntakeun rumah tangga batur, sanajan Rahmat téh kungsi jadi salakina. Asa teu katarimakeun kanyaah dirina, lain teu nyeri haté basa kudu ngijinan salakina kawin deui lamun alesanana lain hayang boga turunan. Rék kumaha deui atuh? Sanajan peurih kana ati, rido pepegatan sangkan manéhna jongjon rumahtangga jeung nu anyar, sangkan tumaninah ngurus turunan. Tapi kunaon atuh sakitu geus boga turunan maké kudu cul-culan ka anak pamajikan?
Marni neuteup budakna dina aisan. Nu diteuteup males melong, teu ngartieun naon anu keur karandapan ku indungna. Beungeut pias kiceup carang. Haté Marni ngajerit ngubek langit, kanyenyerian ditinggalkeun salaki. Teuing di mana, teuing keur naon. Teu rido salaput hulu kudu diduakeun. Nginum asa nguyup tuak bari, maksakeun barangdahar teu mirasa.
Cimata rajol patutur-tutur, dipaksa dipegatan keukeuh bedah teu katahan. Kudu ka mana nyusulna, naha aya di warung nu baheula mimiti amprok atawa di Hotel anu biasa lamun jangji rék patepung? Jauh tina panyagka, hanas keur gawé di pabrik ogé ménta eureun da tadina hayang ngawula ka salaki. Atuh lalaki anu harita geus paheut rék mikahéman ogé dibolaykeun. Dina emprona geus jadi salaki geuning kieu buktina.
Poé geus nyérélék mayung ngulon. Sora turaés beuki tarik semu anu milu ngajerit maturan dua haté awéwé nu keur sarua rajét. Dicarék mulang, tapi Marni keukeuh mangkat. Marni geus teu katémbong, kabulen pepedut nu ngagulung nuruban lembur. Kanikir nu kungsi dipelak dina pipir pasir lembur Cidalingding salapan taun katukang teu katémbong asrina, semplak leungiteun komara. Ngarangrangan ilang dangiang. Gering nangtung ngalanglayung.
Jandéla nu biasa dipaké moyan ku Nyimas Siti Munigar geus nutup. Lampu gantung di tepas imah tinggurilap. Kelir lampuna pancawarna. Kembang angkrék bulan ngahaja dipindahkeun ka kamar pikeun maturan Nyimas Siti Munigar mupu peuting, sakalian ngawawaas éndahna peuting nu pinuh kaasih. Peuting munggaran nyorang hirup laki-rabi, pasrah diri lahir batin meungkeut kageugeut meuseuh kadeudeuh tina haté ka haté, jadi beungkeutan raga jeung rasa.
Angkrék bulan kelir bodas mairan koréjatna rasa. Jajap Nyimas Siti Munigar nyorang alam impian. Raray marahmay, geulis lir putri kahyangan. Rinéh simpé, gurat kamelang ilang ngajirim jadi imut nu geulis nyambung nyimbutan peuting nu jempling.***
Subang, 100710

Tidak ada komentar:

Posting Komentar