Rabu, 19 Maret 2014

SAJAK SUNDA

SERAT PURA SAGARA

Sajak Godi Suwarna


apan kula nu ngadegkeun ieu pura, trijata!
ratusan windu kalarung, ratusan windu kakangen ka salira
nu diharéwoskeun ku séah ombak janten mantra ngagalura
langgeng ngagerendengkeun asma salira ti purnama ka purnama
nu ngaweuhan satungkebing dingding karang
nu ngaweuhan ka jabaning langit wening

di dieu kula lukutan, trijata!
sapertos karang karancang balas ditandasa lambak
balas ngantos salira kersa lumungsur nitih tarajé cahaya
bet suwung saban purnama, upacara karaos ilang dangiang
sapertos mangpirang dupa nu ditilar dalingdingna, ukur ngelun
dina batu nu rarengat bari hangit digarang panéka waktu

laun-laun raga kula jadi kayon, trijata!
akar nu ngaranggeum karang, areuyna ngadeudeul pura
katresnan teras tumuwuh janten pucuk miwah kembang
ngarandakah satengahing kahariwang jalaran salira suwung
da geuning imut salira mung kacipta tina galindeng gamelan
sateuacan sakur gending dipulut simpéning lamping

ti dieu kula nyakséni, trijata!
pirang-pirang umbul-umbul ngélébét sinareng runtuh
payung nu ngempur mangsa balébat, rangsakna dihuru layung
nu rumingkang pasisiang, dibeuleum wanci lumingsir
naha salira teu kersa rurumpaheun lumungsur ti méga bungur
mulung kembang ‘na liliuh kahéman kayon karamat?

di dieu, geuning kula ngalanglayung, trijata!
guruh lambak ngagalura lir kakangen sareng séah kapeurihna
ngagerihan raheut pura nu teu liput ku dupa sinareng mantra
da geuning ieu kasono tambih rosa sapertos umpalan angin
gumelebug ti sagara, lajeng bencar neumbrag karang
janten sajatining jempling lumanggeng ngarurub lampi
ng

(tanah lot, ’06)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar