NGAMINIJ BASA JADI CARITA
Yasana: Kang Tatang Sumarsono
1. Pangulinan pangarang aya di antara dua kutub: nyata – rékaan.
Najan carita téh sagemblengna ukur rékaan, tapi angger bakal aya bagian—gedé atawa leutik anu napak dina alam nyata (réalitas).
Realitas dina karangan aya anu témbrés atawa nonggérak, tapi aya deuih anu ukur hawar-hawar, malah ukur dicokot hakékatna wungkul (atawa simbul-simbulna).
2. Masing kalah kumaha ahéngna carita dina karangan, angger bakal aya pakan (benang merah) anu nganteng kana réalitas kahirupan.
Réalitas anu nonggérak, babari katimuna, tur teu hésé nyurahanana. Réalitas anu hawar-hawar mah sabalikna, jeung teu nutup kamungkinan bisa nimbulkeun multi tapsir ti nu maca atawa ngaprésiasina.
3. Katapis pangarang ditangtukeun ku kamampuhna dina ngolah réalitas—béh jauhna sina ngajanggélék jadi karya imajinatif, lantaran dibeungharan atawa dieuyeuban ku pangalaman batin pangarangna.
Hal-hal anu imajinatif téh teu salawasna dijanggélékkeun dina ngahadirkeun tokoh atawa peristiwa, tapi bisa waé ukur sawates dina suasana carita
4. Dina kagemblengan carita anu ditulis téh diwangun ku peristiwa-peristiwa. Peristiwa 1 – peristiwa 2 – peristiwa 3 – jst. laju ngajanggélék jadi jalan carita atawa alur.
Dasar anu ngagerakkeun peristiwa tepi ka jadi jalan carita disebutna plot.
Dina plot aya unsur sabab-akibat, demi anu jadi ukuranana nyaéta logika sastra.
5. Salah sahiji unsur (penting) dina plot nyaéta konflik:
a) internal (palaku) tokoh
b) antara hiji tokoh jeung tokoh lianna: - sajalur
- pajurawet (kompléks)
Konflik kudu puguh alesanana atawa kasang tukangna.
Konflik téh ceuk ungkara basajan mah kira-kira dua hal atawa leuwih anu pateungteung, miboga sipat interelasi, terus silih pangaruhan, tepi ka nimbulkeun masalah.
6. Gunggungan atawa kagemblengan carita téh dina enas-enasna mah kudu ngaréngsékeun konflik, dumasar kana imajinasi.
Ana kitu, ngarang téh dina hakékatna mah: ngolah konflik jeung ngulinkeun imajinasi.
Ditilik tina inténsitasna, aya anu disebut konflik utama, jeung aya konflik pangjangkep.
Ditilik tina jumlahna, aya anu disebut konflik tunggal, jeung konflik jenuk.
7. Konflik tunggal—ilaharna dina carpon, muncul jeung cara ngaréngsékeunana sakaligus.
Konflik jenuk—ilaharna dina novel, muncul jeung cara ngaréngsékeunana aya anu:
a) nungtutan, diréngsékeun sakaligus
b) nungtutan, diréngsékeun nungtutan
c) sakaligus, diréngsékeun nungtutan
8. Réngséna konflik tacan tangtu mangrupa kasimpulan jinek ti pangarang.
a) pungkasan nutup (close ending)
b) pungkasan muka (open ending) bisa waé nyésakeun pertanyaan, anu hal éta sagemblengna dipasrahkeun ka nu maca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar