Bioskop Hégarmanah
Rumaja di kota Tasikmalaya taun '90an mah, pasti geus moal bireuk deui upama ditanya Bioskop Hégarmanah téh. Enya, bioskop nu perenahna di Jalan Yudanegara, harita mah jadi salahsahiji tempat nu biasa dipaké 'kongkow' ku maranéhna, salian ti bioskop-bioskop nu lianna. Bioskop Hégarmanah téh, jaman keur jayana mah remen pisan muterkeun pilem-pilem Mandarin, jeung pilem-pilem Holywood, nu saméméhna kungsi diputer di bioskop Parahyangan. Waktu pamuteran pilemna, mun teu salah mah: Jam 13.00. 15.00. 19.00. 21.00. Harga tikétna Rp. 2.500 - 3.000. Kaitung murah keur saku barudak OSIS waktu harita mah.
Jaman mimiti robah, kaasup kana kabiasaan nongton pilem. 'Virus' Laser Disc jeung VCD mimiti nerekab di taun 2000 an. Balukarna, bioskop di Tasik mimiti kaleungitan panongton. Ceuk babasan mah, bioskop di Tasik dina waktu harita téh, hirup teu neut paéh ogé teu hos. Biaya operasional nu dikaluarkeun geus teu saimbang jeung beubeunangan. Antukna, teu lila ti harita, bisnis bioskop di Tasik teh bener-bener tumpur, euweuh nu bisaeun nahan tina serbuan pilem-pilem dina format cakram. Samalah, wangunan bioskopna kiwari geus loba nu leungit, baganti rupa ku wangunan-wangunan nu jadi simbol jaman modéren. Geura urang tataan hiji-hiji, bioskop-bioskop nu kiwari geus saralin jinis di Tasik: Bioskop Parahyangan di Jalan Yudanegara, minangka bioskop pangonjoyna di Tasik jaman harita, anyar kénéh geus robah wujud jadi Hotel Santika. Bioskop Nusantara di Jalan Gunung Sabeulah, minangka bioskop nu remen muterkeun pilem Bolywood, kiwari gedongna geus 'disulap' jadi gedong Bank Nasional Parahyangan jeung pertokoan. Bioskop Garuda di Jalan dr. Soekardjo, kiwari geus jadi toko. Sedeng bioskop Tasik Theatre di Pasar Karlis, minangka bioskop kelas ékonomi, nepi ka ayeuna diantep kosong. Ceuk sakaol mah, jigana bakal betaheun upama éta gedong urut bioskop Tasik Theatre dijadikeun tempat kunti jeung tuyul balegér. Pon kitu deui bioskop Hegarmanah, tutas dikosongkeun sababaraha taun, ayeuna keur wawanohan jeung 'alat berat'. Geus aya samingguna ditugar. Cenah, rék dijadikeun hotél ngadéngé mah.
Sanajan di Tasik kiwari geus aya bioskop 21 (Twenty One) sabagé gantina pikeun nu resep lalajo pilem, tapi da pangalaman nongton téh moal sarua jeung nongton di jaman harita. Nu matak, sok rada nyeblak mun pareng ngaliwat ka Jalan Yudanegara téh, nempo bioskop nu kungsi jadi saksi, tina saniskara rébuan lalakon rumaja Tasik jaman harita, kaasup lalakon duriat nu nulis ieu tulisan, kiwari keur diruntuhkeun sangkan rata jeung taneuh. Pileuleuyan bioskop Hégarmanah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar