Bubur Ayam Mang Udin.
Dagangna téh isuk-soré. Mun isuk-isuk mah,
dagangna téh hareupeun SD Citapén, di Jalan Tentara Pelajar,
Tasikmalaya. Ngan, mun nu bagéan beurang mah, mangkalna téh hareupeun
Rumah Sakit Bersalin PAMÉLA, béh kiduleun saeutik ti tempat dagang nu
isuk-isuk, jeung mimiti dadasarna téh ti jam 3 soré. Ti jaman keur
sakola di SMP taun '92 an ogé, geus ngalanggan ka éta tukang bubur téh.
Mun kaparengkeun keur bagéan sakola beurang, dina saminggu téh sok aya
3-4 kalina ngabubur di dinya, nu jaman harita mah keur pangaji Rp. 500
samangkokna. Prah jeung bubur buatan Tasik nu lianna, bubur inyana ogé
nya teu jauh jiga karéréanana; bubur beas, cakuéh, suwiran daging hayam,
nu diawuran ku bawangdaun, bawanggoréng, pedes jeung ditambahan bonténg
katut sambel jang nu hayang diladaan mah. Ngan, bubur Mang Udin mah
rada éncér, lian ti éta, luhureun buburna téh ditambahan ku tongcay.
Seungitna pelem kacida. Ceuk pangrasa sorangan, euweuh deui bubur nu
séjén, nu nikmatna bisa nandingan bubur Mang Udin jaman harita. Mun
mekel duit rada loba, sakapeung mah sok mindo jajan bubur téh. Nu
mareuli teu weléh metet; PNS, barudak sakola, pagawé kantoran jeung nu
séjénna, ngantay dariuk luhureun bangku panjang luhureun trotoar,
naranggeuy mangkok nu eusina ngebul kénéh.
Baheula mah, nu dagangna téh tangtuna ku Mang Udin sorangan; saurang lalaki tengah tuwuh, nu tara lésot maké topi laken nu jadi ciri has manéhna. Gaya nyaritana ogé teu weléh jiga ka sobat, remen direumbeuy ku heureuy, mun manéhna keur ngobrol jeung sakabéh jalma nu jarajan buburna. Kurang leuwih taun 2000 an, Mang Udin dipundut ku Nu Maha Kawasa. Saprak harita, nu dagangna téh diganti ku dulurna, nu dibantuan ku hiji budak lalaki. Sok aya paribasa, béda leungeun béda rasa. Enya wé, rasa buburna jadi teu sagurih basa keur dicekel ku Mang Udin, jeung deuih tukang dagangna carang takol. Konsumén mimiti ngurangan, teu saloba jaman keur ku Mang Udin. Beuki ka beulah dieu, bubur teh mingkin ngurangan konsumen, najan aya waé hiji-dua mah nu jarajan.
Geus aya sataunna ti ayeuna, budak lalaki nu sok mantuan téh jadi naék pangkat. Enya, manéhna pisan nu ayeuna dagangna téh. Teuing ka mana Si Akangna nu tiheula mah, da teu kungsi nanyakeun barina ogé. Dina saminggu, sok ngahajakeun sakali waé mah jajan bubur ari mulang ti pagawéan, nu kiwari mah kudu dibeuli ku pangaji Rp. 4.000. Ayeuna mah buburna téh jadi leuwih kentel, jeung rasana mingkin jauh pisan jeung nu aslina baheula. Lian ti éta, 'késingna' ogé jajauheun jeung Mang Udin éta budak lalaki téh; carang takol, jeung unggal dagangna téh teu weléh mamaké calana tréning jeung kaos belél, ditambah mamaké topi nu dibalikeun ka tukang, jauh pisan ka nyari.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar