Rabu, 19 Maret 2014

SAJAK SUNDA

GANDRUNG PANANJUNG

Sajak Godi Suwarna

asih kuring ka salira, jungjunan!
langkung ngempur batan gulubur purnama
nalika wengi harita ngahibaran basisir di palih wétan
waktos urang sasarengan ngagalindengkeun ungkara ombak
sagara teras marakbak ngagenclang-genclangkeun bagang
séwu parahu pamayang gumiwang di laut wening
nu mariang dijurung gending kaludeung

anging asihing salira, jungjunan!
karaos teu weléh rintih sapertos haréwos angin
humariring ngagupaykeun mangpirang pucuk katapang
pan salira nu tos ngagelar basisir janten tetelar pamedar tresna
waktos geugeut tambih meueut, katawis laut kareueut
murubmubyar guliwengan leuweung ganggeng
pangreureuhan warna-warni lauk lampar

kahéman salira pisan, jungjunan!
nu parantos ngahiruphuripkeun sagara
ringkang pamayang teu weléh manjang ti usum ka usum
da salira nu ngaréka satangkarak laut kidul janten karajaan lauk
nu ngantengkeun pareng ti taman karang ka sédong sigrong
ti lambak ka bubulakna, ti basisir ka lemburna
pangharepan baranang sabanjarkarang

mugia langgeng asih urang, junggjunan!
saban wanci sasarengan ngaheuyeuk nagri jaladri
ngageburkeun balébatna, ngahurung-hurungkeun layung
ngawurkeun roncé sulintang satengahing impénan para pamayang
nu jalengkar lapat-lapat ngolah laut tug dugi ka sukulangit
asih urang bakal mangkak di sagara, di basisir
dumalingding nyambuang ka alakpa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar