Jumat, 09 Mei 2014

CARPON



Purnama di Langit Tasikmalaya 

Carpon Érwin Wahyudi


Jarum érloji karék antel kana angka 7 basa keur nurunan tétécéan gerbong téh. Setatsion Tasik, pagaliwota ku   nu rék mariang, jarajap katut nu marapag penumpang nu karék turun tina karéta.

Ah,  karék ogé  nepi kana palataran setatsion, seungitna angin peuting kota manéh mani  giak ngabagéakeun urang, Sa. Seungit angin nu masih kénéh can robah jeung waktu sataun nu geus kaliwat.

Tukang béca, kenék angkot jeung supir taksi pahibut nanawarkeun kandaraanana supaya kapilih. Tapi, kabéh ogé ku urang mah ditolak, da geus diniatan apan ti awalna ogé, urang mah rék leuleumpangan, hayang mapay-mapay saban juru ieu kota. Enya, kota nu manéh. Urang rék nyeuseup hawa jeung néwakan deui anginna, ngarah kanyeri urang balas kaleungitan manéh teu pati nojosan teuing.

Urang téh keur katiir sono ku manéh, Sa. Ti peuting kamarina    bet rus-ras waé téh. Teu kalis dipangpalérkeun, nu lulumpatan 'na kongkolak panon téh saukur keureutan beungeut manéh nu keur ngumbar imut  kareueut; imut nu salawasna mapaésan rohang hate urang.

Sa, purnama peuting ieu banget pisan ku geulis. Cahyana mirig léngkah suku urang nu keur mapayan trotoar. Ras baheula, mun purnama pareng keur  nganjang di langit Tasik,  manéh geus pasti ngajak nyawang bulan di sabudeureun alun-alun. Moal poho, mimindengna mah pasti  di tukang rotibakar; kadaharan karesep manéh, anu lapakna ngampar luhureun trotoar.

"Manéh mah jiga nu kumaha…, mun keur anteb neuteup purnama téh, Sa."

"Urang mah  teu kacipta, Ay, mun   Nu Maha Suci teu kungsi ngawanohkeun jelema jeung purnama nu sakitu éndahna." 

"Ti kajauhan alus sotéh, da ti kadeukeutan mah karadak bulan téh."

"Teu kitu, Ay! Purnama tetep paling éndah pikeun urang mah. Peuting bakal leuwih poék mun euweuh purnama mah."

"Mun euweuh PLN komo leuwih poék, sok?"

"Mun hiji waktu manéh keur neuteup purnama sosoranganan, anggap wé urang téh keur gugupay ti kajauhan, nya, Ay," ceuk manéh harita, bari panon mah tanggah ka langit.

Sok resep merhatikeunana urang mah. Sabab, manéh mah tara bisa diajak heureuy  mun keur ngabahas purnama téh, éstu teu weléh daria.

Léngkah suku nepi ogé ka parapatan  hareupeun masjid agung. Rada ngalenyap haté téh, basa nempo deui Bunderan Adipura. Ras inget kana kalakuan manéh harita nu rada mahiwal.

"Nanaonan atuh, Sa, euweuh gawé, ih! Tuh, pulisi loba nu nyaleungseurikeun," cekéng, basa harita keur milu acara démo jeung barudak kampus.

"Baé, ah, da urang mah teu éra ieuh! Bisi jaga teu panggih deui, matak kudu daék dipoto di bunderan ieu, nya, Ay," témbal manéh  bari nyéréngéh.

Gap kana hapé. Bray. Teu weléh  nineung ku poto nu hiji ieu mah, Sa. Sabab, cita-cita manéh nu hayang leuwih jangkung ti urang geus laksana,  alatan suku manéh nu nangtung dina témbokan éta bunderan.

Indung suku ngajak nyorang Jalan HZ Mustofa nu marakbak ku lampu, bilboard jeung réklame ti unggal pertokoan nu ngabaris sapanjangna. Jalan nu katelah jajantungna Kota Resik, nu keur meujeuhna pasuliwer ku jelema katut kandaraan nu lalar liwat.  Baheula mah remen pisan wawanohan jeung ieu jalan téh, Sa, jeung manéh tangtuna ogé.

Méngkol ka kénca, mapayan Jalan Pataruman nu rajeg ku mobil nu parkir lebah sisi-sisina. Teu sawatara lila ogé geus nepi deui ka tungtung jalanna. Ngarandeg sajongjonan,  beurat rék tuluy meuntas ka Jalan Rumah Sakit téh, Sa, ketug jajantung urang kalah beuki kerep neunggeulan dada, karék ku nempo lampu setopanana ogé.

Saprak aya lalaki séjén nu ngaganti  posisi almarhum  di imah,  manéh téh jadi lungguh. Unggal ditanya tara ieuh méré jawaban, kalah sok tuluy méngkolkeun caritaan, jiga nu embung urang nyaho. Tapi, beurang harita mah, dina bangku setatsion basa keur jajap urang, manéh karék balaka.

"Urang teu betah saenyana mah di imah téh, Ay, hayang kabur...!"

"Nu benerna aya naon, atuh? Sok béjaan  urang!"

"Saprak indung urang kawin deui, di imah téh asa di naraka.  Indung urang asa kurang merhatikeun ayeuna mah.  Ka bapa téré mah geus puguh cua urang téh, komo ari geus neuteup bari sarangah-séréngéh mun indung urang keur aya di pasar."

"Bogoheun ka manéh jigana mah. Hahaha...!"

"Najis...! Geus, ah, tong dibahas!" témbal manéh bari ngudar kacapanon, nu  kacana tuluy diusap ku kaén leutik pulas oranyeu, meunang metot tina jero kantong.

Hanjakal, obrolan kaburu kapungkas ku datangna karéta. Basa urang keur gugupay  tina jandéla di jero gerbong, awak manéh nu leutik téh katarana asa beuki leutik waé.

Karék ogé tilu poé di imah, sora manéh  nu bari  rawah-riwih ngurunyung 'na telepon.

"Si Mamah jadi nyalahkeun ka urang, geura! Peuting tadi manéhna bener-bener  kapoékan, kalah jiga nu timburu ka urang, Ay...!"

"Ari kitu?"

"Pajarkeun urang sok centil mun hareupeun Si Koplok, cenah! Pasti manéhna geus ngaracunan pikiran indung urang, Ay…"

"Hampuraeun kolot mah, Sa! Geus, lah, répéh! Pagéto urang ogé ka Tasik.  Engké ngobrol di tempat biasa, nya?"

Ceurik manéh kalah mingkin narikan sanajan geus dilelemu ogé. Sataun saprak wawanohan di kantin kampus, karék poé éta urang bisa ngadéngé manéh ceurik.  

"Ay...! Urang sieun...! Ay...!" sora manéh dumadak hariweusweus.

"Ari kitu sieun ku naon, Sa?"

"Ay...! Ay...!"

Klik. Sambungan telepon ujug-ujug pegat. Ditelepon deui ku urang jadi teu bisa; hapé manéh  kalah tuluy pareum, telepon imah manéh ogé ngadak-ngadak teu bisa nyambung. Sapoé-sapeuting urang kasiksa alatan teu ngeunah haté, bati ngadago-dago iber ti manéh nu teu daék jebul waé. Teungteuingeun manéh mah nyiksa téh, Sa, ceuk pikir urang harita.

Pabeubeurang miang ti imah téh, muru ka Tasik pikeun ngabuktikeun kaayaan manéh. Pamandangan ngaremploh nu kajeueung tina jandéla gerbong, harita mah keukeuh  teu bisa nyingkahkeun kahariwang nu nataku. Pikiran urang bener-bener museur ka manéh, Sa, éstu teu mikiran nanaon deui sapanjang muru ka Tasik téh.

Urang  kalah   ngajanteng jiga arca, demi nyaksian garispolisi nu geus ngulibeng sakuriling imah manéh.  Haté galécok sorangan, hémeng kana naon nu sabenerna geus karanapan. Sabot kitu téh,  kapireng   obrolan tatangga-tatangga manéh nu kabeneran keur ngaliwat.

"Bapa téré goblog...!"

"Bener-bener téréh kiamat dunya téh, nya, euy?"

"Jaman édan! Jelemana ogé milu arédan!"

"Hanjakal teu dipodaran mangkelukna saacan pulisi datang téh!"

Asa ngadéngé guludug tengah poé éréng-éréngan. Awak dumadak leuleus taya tangan pangawasa. Suku ogé karasana asa beurat, basa rék ngaléngkah ka rumahsakit nu ngan sababaraha méter ti imah manéh téh.

Dada lir kaheumpikan batu badag, basa nempo waruga manéh nu  keur ngalempréh  teu walakaya dina kaayaan koma. Selang infus jeung oksigén nu pajuranteng, leungeun katuhu di-gips, sirah dibengker perban, katambah beungeut nu gareuneuk. Bener-bener pamandangan horor, teu kuat lila nempona ogé urang mah, Sa.

"Sa... Sa... Ieu urang, Sa...!"  ngaharéwos dina deukeut ceuli, nu boa kadéngé ogé ku manéh mah harita téh

 Deudeuh teuing  nasib manéh nepi ka kieuna, Sa. Singhoréng, manéh téh aya nu keur ngadodoho salila ieu téh. Batin urang milu kingkin, Sa, milu peurih. Samalah, mun bisa nawar mah, urang rido ngaganti manéh nu keur teu walakaya.

Takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa disinglar. Sabot ditinggalkeun ka masigit, Izrail mungkas hirup manéh, Sa...

Langit asa runtuh. Bumi asa oyag. Urang kalah jejeritan jiga nu owah, basa suster keur mukaan selang jeung ngarungkupan beungeut manéh ku samping kebat. Indung manéh mah nepi ka teu éling-éling basa karérét téh.

Hampura, Sa, hampura urang keur euweuh, basa manéh keur tihothat mertahankeun kahormatan nu salila ieu sakitu dipusti-pustina ku manéh.  

Sa..., ayeuna urang bisa bérag kieu sotéh, da tilu bulan saprak ditilar ku manéh mah, urang téh gering nangtung ngalanglayung. Asa hirup asa henteu. Saré teu tibra, dahar ogé teu mirasa. Haté urang can bisa narima, mun manéh kudu indit miheulaan bari ku cara saperti kitu.

Sakapeung mun uteuk keur ngahéab, urang mani hayang mangmaleskeun kanyeri  manéh, Sa. Hayang   megatkeun nyawa jelema nu geus ngabalukarkeun urang kudu kaleungitan manéh pikeun salilana.

Angin tengah peuting tuluy sésélékét neumbragan awak. Abong Tasik mah kota leutik, teu lila ogé geus mimiti jiga nu rék reureuh. Jelema nu lalar-liwat geus teu pati teuing jiga tadi, pon kitu deui patalimargana.

Sa..., najan manéh geus  hamo bisa datang deui. Tapi, ieu kota nu kungsi jadi saksi tina saniskara lalakon urang jeung manéh téh, nepi ka iraha ogé, bakal tuluy nyambuangkeun tapak-tapak panineungan urang.

 Isuk-pagéto, mun urang keur  katiir deui sono ku manéh, urang geus pasti bakal datang deui ka ieu kota; rék mapayan deui  jalanna, rék nyeuseup hawa jeung ngangseu deui seungit angin peutingna, ngarah kanyeri urang balas kaleungitan manéh teu pati nojosan teuing.

"Malam ini kasih ... Teringat aku padamu ... Seakan kau duduk ... Di sini menemaniku..."

Ngagalindeng tina radio tukang rotibakar hareupeun alun-alun, basa urang  keur ngaso bari nyérangkeun purnama nu  ngempray di langit Tasik peuting ieu. Sorangan.







Tidak ada komentar:

Posting Komentar