Minggu, 13 April 2014

JURUS NGARANG

1. Watesan Kecap
 
Kecap mangrupa wangun basa  bebas pangleutikna anu ngandung
harti. Kecap oge mangrupa bagian kalimah pangleutikna anu sipatna
bebas sarta ngandung harti nu tangtu. Harti dina kecap bisa harti leksikal
bisa harti gramatikal.
Minangka wangun basa bebas pangleutikna, kecap diwangun ku
babagian anu leuwih leutik nya eta morfem, engang, jeung fonem. Kecap
bisa diwangun ku hiji morfem atawa leuwih. Anu dimaksud ku morfem
nya eta wangun basa pangleutikna anu ngandung harti. Contona, kecap
kuring diwangun ku hiji morfem, ari kecap  diajar diwangun ku dua
morfem, nya eta morfem  di- jeung morfem  ajar. Kecap kuring diwangun
ku dua engang (ku- jeung  ring), ari kecap diajar diwangun ku tilu engang
(di-, a-, jeung –jar). Kecap  kuring diwangun ku lima fonem (k,  u, r, i,
jeung ng). Kitu deui, kecap diajar diajar diwangun ku lima fonem (d,  i, a,
j, jeung r).
Minangka bagian kalimah pangleutikna nu sipatna bebas, kecap
bisa madeg mandiri lantaran bisa dikedalkeun sorangan tanpa dibarengan
ku unsur lian. Kecap oge bisa dipisahkeun cicingna atawa disela ku unsur
lian. Contona:  kuring, meuli, buku, kamari, ti,  jeung koperasi, dina
kalimah
Kuring meuli buku kamari ti koperasi.
masing-masing mangrupa kecap lantaran madeg mandiri dina eta
kalimah.

2. Wangun Kecap
Wangun kecap mangrupa papasingan kecap disawang tina
babagian atawa unsur-unsurna. wangun kecap teh aya nu tulen keneh can
diropea, disebutna  kecap asal  (salancar), aya nu geus diropea disebutna
kecap rekaan  (jembar).
Proses ngawangun kecap rekaan tina kecap sejen nu jadi dasarna
ku cara nepung-nepungkeun morfem disebut  tata wangun kecap  (proses
morfologis atawa proses morfemis).  Umumna proses morfologis dina
basa Sunda teh mangrupa:
(1) ngarangkenan (afiksasi) anu hasilna kecap rundayan;
(2) ngarajek (reduplikasi) anu hasilna kecap rundayan; jeung
(3) ngantetkeun (komposisi) anu hasilna kecap kantetan.

a. Kecap Asal
Kecap asal atawa salancar nyaeta kecap anu diwangun ku hiji
morfem bebas, sipatna ekamorfem, tur lain hasil tina proses morfologis.
Disawang tina jumlah engangna, kecap asalbisa diwincik jadi
sababaraha rupa.
(1) Kecap asal saengang:  dur, jung, jeung, teh, pek
(2) Kecap asal dua engang: bae, cape, jahe, uwa, wani
(3) Kecap asal tilu engang: awewe, anjeucleu, olohok, tiasa
(4) Kecap asal opat engang: amburadul, atanapi, kukulutus
(5) Kecap asal lima engang: elekesekeng, murukusunu, nengtereweleng.

b. Kecap Rundayan
Kecap rundayan nya eta kecap rekaan anu diwangun ku cara
ngalarapkeun rarangken (afiks) kana wangun dasarna. Basa Sunda
mibanda rarangken hareup (awalan, prepiks), rarangken tengah (seselan,
infiks), rarangken tukang (ahiran, sufiks), jeung rarangken barung
(barungan, konfiks).

(1) Rarangken Hareup (Awalan, Prefiks)

(a) Rarangken  ba- : badarat, barempug, badami;
(b) Rarangken  barang- : barangbeuli, barangdahar, (c)
Rarangken di- : dibaca, dicalana, dibaju
(d) Rarangken  ka- : kadupak, kahayang, katilu;
(e) Rarangken  N- (alomorfna: m-, ny-, ng-, nga-, nge-): maca,
nulis, nyarita, ngorong, ngawayang, ngecet;
(f) Rarangken  pa- : patani, patanya, padagang;
(g) Rarangken  pada- : padadatang, padananya,
(h) Rarangken  para- : parabupati, paragegeden,
(i) Rarangken  per- : pertilu, perlima;
(j) Rarangken  pi- : pitapak, piindung;
(k) Rarangken  sa- : sameter, sadesa, salila;
(l) Rarangken  sang- : sanghareup, sanghulu;
(m) Rarangken  si- : sideang, sibeungeut;
(n) Rarangken  silih-/pili- : siligenti, silihudag;
(o) Rarangken  ti- : tidagor, tigurawil;
(p) Rarangken  ting-/pating-  : tingharewos, patingkecewis.

(2) Rarangken Tengah (Seselan, Infiks)

(a) Rarangken  –ar-/-al- : barudak, baraca, gareulis,  aralus,
arabus;aramis, racleng, rajlok,  laleuleus, lalucu, lalogor;
(b) Rarangken –in-: pinandita, sinatria, tinulis;
(c) Rarangken –um- : gumeulis, gumading, kumahkar,
umamis; umendog; umaing.

(3) Rarangken Tukang (Ahiran, Sufiks)

(a) Rarangken -an: gantungan, gedean, daekan, duaan;
(b) Rarangken –eun : dahareun, eraeun;
(c) Rarangken –keun : asupkeun, beubeurkeun;
(d) Rarangken –man/-wan/-wati : seniman, wartawan/wartawati;
      seniman/seniwati;
(e) Rarangken –na: indungna, araheunana, duanana;
(f) Rarangken –ning/-ing : bakating, wantuning, kersaning;

(4) Rarangken Barung (Barungan, Konfiks)

(a) Rarangken  ka—an :kaasupan, kapaehan
(b) Rarangken  kapi- :kapimilik, kapibapa
(c) Rarangken pa—anpadataran, pakumbuhan
(d) Rarangken  pang—keun  pangmawakeun, pangnepikeun
(e) Rarangken  pang—na pangalusna, panggedena
(f) Rarangken  pi—an pianakan, pilemburan
(g) Rarangken  pi—eun piimaheun, pimitohaeun
(h) Rarangken  pika-pikameumeut, pikangewa
(i) Rarangken  pika—eun pikagilaeun, pikaiijideun
(j) Rarangken  sa—an sabrehan
(k) Rarangken  sa—eun sajungeun, sapokeun
(l) Rarangken  sa—na sapinterna, sagorengna
(m) Rarangken  ting—ar- tingraringkel, tinggaluher

c. Kecap Rajekan
Kecap rajekan nya eta kecap rekaan anu diwangun ku cara nyebut
dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna,
boh binarung jeung robahna sora katut rarangken boh henteu. Proses
ngawangun kecap rajekan teh disebutna ngarajek (reduplikasi).
Kecap rajekan bisa diwincik jadi tilu, nya eta (1) kecap rajekan
sagemblengna, (2) kecap rajekan sabagian, jeung (3) kecap rajekan
binarung rarangken.
(1) Kecap Rajekan Sagemblengna
Kecap rajekan sagemblengna nyaeta kecap rajekan anu diwangun
ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna boh robah sorana
boh henteu.
Dwilingga nyaeta kecap rajekan sagemblengna anu diwangun ku
cara nyebut dua kali wangun dasarna, boh robah sorana boh henteu.
Dwilingga anu henteu robah sorana disebut  dwilingga murni  (dwimurni)
saperti:
buku ----> buku-buku
kuda ----> kuda-kuda
haji----> haji-haji

Dwilingga anu binarung ku robahna sora basa disebut  dwilingga
reka (dwireka) saperti:
guling ---->  gulang-guling
tulis ---->  tulas-tulis
toel ----> tual-toel

Trilingga nyaeta kecap rajekan sagemblengna anu diwangun ku
cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari dibarengan ku robahna sora
basa. Wangun dasar anu dirajekna umumna kagolong kana kecap
anteuran. Contona:
dor----> dar-der-dor
pek----> pak-pik-pek
pluk ----> plak-plik-pluk

(2) Kecap Rajekan Sabagian
Kecap rajekan sabagian nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku
cara nyebut dua kali sabagian wangun dasarna, boh engang mimiti boh
engang tengahna. Kecap rajekan sabagian nu disebut dua kali engang
mimiti wangun dasarna disebut  dwipurwa saperti:
pacok ---->  papacok
tanya ---->  tatanya

Ari kecap rajekan sabagian anu disebut dua kali engang tengahna
disebut dwimadya saperti:
sabaraha---->  sababaraha

(3) Kecap Rajekan Binarung Rarangken
Kecap rajekan binarung rarangken nyaeta kecap rajekan anu
diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna bari
dibarengan ku rarngken, boh awalan, seselan, ahiran, boh rarangken
barung. Contona:
di-DLM-awut---->  diawut-awut
DP-an + bawa---->  babawaan
sa-DLM-eun+kop----> sakop-kopeun

c. Kecap Kantétan
Kecap kantétan nyaeta kecap-kecap anu diwangun ku cara
ngantetkeun cakal (kecap) sarta ngandung harti mandiri anu beda jeung
harti unsur-unsur pangwangunna. Proses ngawangun kecap kantetan
disebut ngantetkeun atawa komposisi. Contona, kecap kantetan  hampang
birit  ngandung harti mandiri ‘daekan’, anu bedajeung harti unsur-
unsurna, boh unsur  hampang boh unsur  birit.
Kecap kantetan aya bedana jeung kantetan kecap atawa gundukan
kecap anu ilahar disebut frasa. Antarunsur dina kecap kantetan leuwih
dalit ti batan frasa nepi ka mangrupa hiji kecap. Ciri utama kecap
kantetan teh sakurang-kurangna nya eta:
(1) katanseselan, teu bisa diseselan atawa diselapan ku unsur sejen di
antara unsurna, saperti:
kamar mandi ----> *kamar keur mandi (frasa)
(2) katanbalikan, runtuyan unsur-unsur kecap kantetan teu bisa
dibalikkeun atawa dipatukeurkeun lantaran bakal robah hartina atawa
taya hartian pisan, saperti:
goreng sangu --> sangu goreng
‘hasil (sangu beunang ngagoreng)’‘ciri (sabangsa sangu)’
(3) katanjembaran, hartina unsur-unsur kecap kantetan henteuna bisa
dijembaran sewang-sewangan, unsur pangjembarna keuna kana
sakabeh unsurna saperti:
gede hulu----> panggedehuluna
----> *panggedena hulu
Kecap kantetan teh bisa diwincik jadi dua rupa:
(1) Rakitan dalit (kompositum), nyaeta kecap kantetan anu unsur-unsurna
geus awor pisan nepi ka enya-enya mangrupa hiji kecap nu hartina
mandiri tur beda tina harti usnur-unsurna. Contona:
- kacapiring
- parahulu
(2) Rakitan anggang (aneksi), nyaeta kecap kantetan anu usnur-unsurna
acan awor pisan,
hartian oge masih bisa dititenan tina unsur-unsurna. Contona:
- kacang panjang
- sangu koneng

C. RANGKUMAN
Kecap mangrupa unsur basa bebas pangleutikna anu ngandung
harti. Kecap oge mangrupa bagian kalimah pangleutikna. Contona:
kuring, indit, ka,  jeung sakola.
Unggal kecap ngabogaan wangun nu tangtu. Wangun kecap
mangrupa papasingan kecap disawang tina jumlah morfem anu jadi
pangdeudeulna. Kecap anu diwangun ku hiji morfem bebas disebut kecap
asal (salancar). Ari kecap anu diwangun ku dua morfem atawa leuwih
disebut kecap jembar (rekaan). Kecap jembar diwangun tina kecap asal
ngaliwatan proses ngawangun kecap (proses morfologis/morfemis).
Kecap rekaan anu diwangun ku cara ngararangkenan (afiksasi) disebut
kecap rundayan, kecap rekaan anu diwangun ku cara ngarajek
(reduplikasi) disebut kecap rajekan, ari kecap rekaan anu diwangun ku
cara ngantetkeun (komposisi) disebut kecap kantetan.
Kecap asal bisa diwangun ku saengang, dua engang, nepi ka lima
engang. Kecap asal geus mibanda harti leksikal, nya eta harti anu
langsung tumerap dina eta kecap. Contona:  kuring, seuri.
Kecap rundayan diwangun ku cara ngararangkenan. Rarangken
anu ngawangun kecap rundayan aya lima rupa, nya eta rarangken hareup,
rarangken tengah, rarangken tukang, rarangken barung, jeung rarangken
gabung. Contona:  dibaca, gumeulis, eraan, pananyaan,  jeung
dipindahkeun.
Kecap rajekan diwangun ku ngarajek. Aya kecap rajekan
dwipurwa, dwimadya, dwimurni, dwireka, jeung trilingga. Contona:
sasapu, sababaraha, imah-imah, tujang-tajong,  jeung dar-der-dor.
Kecap kantetan diwangun ku ngantetkeun cakal jeung cakal atawa
kecap jeung kecap. Kecap kantetan boga ciri katanluasan, katanseselan,
jeung katanjembaran. Aya kecap rakitan dalit saperti  kacapiring jeung
aya kecap kantetan rakitan anggang saperti  kacang panjang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar