Rabu, 19 Maret 2014

SAJAK SUNDA

SERAT PAMUNGKAS

Sajak Godi Suwarna


Jungjunan,
wengi ieu ngantos bulan di buruan
sugan mangkak di langit puseur teuteupan
manahoréng mung sakadar belegebeg gumplukan méga
nu mindingan gulubur cahya salira

Jungjunan,
kakangen manggunung-gunung
moal nungtung tepung nanjung da urang teu lawung-lawung
ieu asih mung ukur dina impénan
mangsa anggang teu kadongkang ku lamunan

Jungjunan,
mung ukur dalingding angin
nu baris teras manjangkeun haréwos kakangen urang
tambih anggang manahoréng tambih mangkak
mangpirang kembang érmawar
dina manah nu marudah

Jungjunan,
hawar-hawar aya galindeng kakangen
nu kapireng nyeuitan jejempling peuting
saparantos salira kantun kalangkang
nu ngolébat tina méga kana méga

Jungjunan,
citangis tawis kakangen
bakal manjang nyarengan ringkang awaking

Tidak ada komentar:

Posting Komentar