Basa Purnama Nganjang
Ngajanteng
hareupeun eunteung. Nyidik-nyidik rupa katut beuleugeunjeur awakna
sorangan nu mimiti rarobah. Ngarahuh, waktu ngusap kulit beungeutna nu
jadi karijut. Purnama nu jadi tangara, karérét saliwat tina jandéla
kamerna nu ngemplong. Ratug jajantungna, basa nyaksian bohak nu mimiti
tingpelentis, dina kulit umyang nu jadi kareueusna salila ieu.
Lieuk kana ranjang pusakana. Ranjang nu salila ieu jadi pamanjang
kageulisanana. Malati ngabarak luhureun sepré kayas nu jadi amparanana.
Segruk. Kumolébat lampah nirca, sapanjang mapayan saniskara cita-citana.
Jam dingding nyada dualas kali. Di langit, purnama geus kateleg ku méga
hideung. "Ka mana heula si bangkawarah téh, nya?" pokna, ngadago-dago
nu rék jajap séba.
Leng. Sirahna lir ditojosan rébuan jarum. Gebru, awakna ngajurahroh.
"Tobat...!" ngocéak, sorana semu ngagerem. Siki panonna dumadak barijil,
beungeutna ogé mingkin pikasieuneun, sedeng bohak dina sakujur awakna
tambah ngalobaan. Bau nanah jeung getih pagaliwota, nyilihkeun seungit
kembang nu ngadalingding saméméhna. Lir cacing kapanasan, manéhna
gogoréntélan, nahan kanyeri nu liwat saking.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar