KLEUP 27
Carpon Budi Mugia Raspati
Layon keur dipulasara. Kahayang manéh geus laksana, Bro. Enya, mati muda téa. Ngan carana lain nu dipikahayang ku manéh.
“Keur naon hirup hayang lana, ari hayoh milampah dosa jeung sangsara mah,” cék manéh hiji mangsa.
“Aing mah modar téh hayang ginding, minculak. Ngarah jiga Jimi Hendrix, Jim Morrison, atawa Kurt Cobain,” angger ari geus nataan pamaén musik téh. Agul.
Enya kituna mah, ngobrol perkara musik jeung manéh mah jiga kokocoran cai. Hésé kandeg, norolang. Tabé uing dina urusan éta mah. Rék klasik, jazz, rock, dangdut tepi ka Ceurik Rahwana, digayem. Hirup manéh mah éta. Antukna jadi cita-cita manéh, impian manéh. Tapi kanyeri ogé lain, Bro?
“Goréng aing mah nasib téh, Bray, lain jelema beunghar,” angger, mun pareng manéh keur rungsing.
Cék manéh, jadi musisi mah kudu beunghar da alatna gé mahal. Arang pamaén musik anu kutud. Surti. Manéh meredih ménta dipangmeulikeun kibor,teu didéngé ku indung manéh. Teu ngarti uing mah, manéh keukeuh ngarasa sangsara, padahal teu pisan-pisan. Kahayangna wé nu teu ngukur ka kujur. Omongan manéh teu kabéh bener. Mun uing balaka kana kabiasaan manéh. Apan loba jelema anu teu beunghar, tapi bisa jadi musisi hadé. Kari tékad éta mah, Bro. Tah manéh mah tékadna ipis lir kulit ari.
“Aing bisa leuwih hébat batan Ahmad Dani, Bray. Bakat aing mah leuwih moncorong, ngan pédah goréng nasib,” cék manéh harita.
Kalan-kalan sok pikaseurieun ngabandunganana. Enya. Manéh mah loba ngimpina batan prakna. Diajar ngagitar teu bisa-bisa. Jajauheun kana maén kibor mah. Ngan uing kudu jujur, sora manéh alus, halimpu. Nyaan, daék medu, Bro. Maén musik mah manéh lapur, belet, euweuh bakat. Bati nyakakak mun nempo manéh maén gitar ku sapu nurutan Ian Antono dina Semut Hitam. Atawa mencétan méja cara David Foster keur ulin ramo na piano. Jiga pisan. Suér!
Nyeniman. Haté manéh sutra. Heueuh karesep manéh kana seni. Apanan seni mah matak nyieun haté urang leuleuy. Sénsitif, kitu cenah, Bro. Hiji waktu manéh ku uing ditanya, katépaan ku saha boga karesep tepi ka jiga kitu? Apal tepi ka bubuk leutikna. Cenah kana musik mah ti emangna nu dosén ITB. Geura sok tanya lagu ieu saha nu nyanyi, lagu éta judulna naon? Grup ieu saha waé personilna? Moal burung dicapék.
Pon kitu deui kana pilem, teu jauh. Ngolotok ti pilem heubeul tepi ka pilem kiwari. Ti jaman Gone With the Wind tepi ka Lord of The Ring. Saha nu maénna? Saha sutradarana? Pilem taun sabaraha? Si anu maén dina pilem naon baé? Ditalar! Basa ditanya ti saha bet bisa kitu? Cenah sok iseng nginjeuman buku jeung kasét DVD uwana nu jadi wartawan majalah hiburan. Hiji deui kabeuki manéh téh, kana maca. Hemingway, Steinbeck, Dumas, Hugo, Chekov, Tolstoy, Pramoedya, Syarif Amin, Ahmad Bakri. Diteleg. Nu ieu mah teu kapangaruhan ku sasaha, duka teuing naha bet bisa resep.
Ngan hanjakal kabéh ukur samet karesep. Kahayang jadi cita-cita mah teu kataékan.
Teuing ku naon, geus guratna meureun. Taya bakat, sué jigana, Bro. Maksa tulas-tulis nyieun carpon, sajak, tara tutas. Ukur tepi ka kertas dijejewét. Hayang jadi musisi mah komo deui, ku pakaya gé teu kauntup. Jadi sutradara atawa aktor pilem, kalimpudan ku kadusun jeung pamalesan. Enya éta goréngna manéh téh, mumul. Antukna hirup jadi weureu ku ngimpi. Ngerem manéh, maca buku, lalajo pilem, ngadangukeun musik, kitu jeung kitu. Nu anéh, perbawa manéh mah teu puguh. Ari ngomong jeung gaya mah lalaki pisan, garihal. Urusan karesep jeung haté mah mélow. Kayas manéh mah, Bro.
Tuluy manéh baluweng. Kabéh jalan geus pugag. Buntu. Dijurung-jurung miluan kontés idol-idolan teu pédé. Hayang kursus kibor, heueuh, ti mana waragadna. Ménta ka dulur-dulur éra. Kana nulis teu jucung-jucung. Hayang jol jiga Godi Suwarna. Jadi artis, beungeut jajar pasar, henteu ari goréng mah. Ngimpi manéh mah, Bro, ngimpi! Pangpangna mah méntal manéh, ripuh. Marudah manéh, Bro!
Teuing kaismeuan ku saha, manéh mimiti dalit jeung Topi Miring, ised saeutik kana Vodka. Hayang Civas mah teu kabedag. Jadi tapis kana ngalinting. Alatan loba teuing ngalamun Pamela Anderson jeung Julia Perez, jadi loba nyingcet ka Gardujati. Keun uing ma’lum, ngaranna gé lalaki. Ngan uing rada kuciwa, sabab maneh mimiti codéka. Témbong remen nipuan kolot. Ngajualan barang nu aya di imah. Manéh geus mimiti ngaco. Ngan cék manéh, gara-gara éta doping, ngalamun jadi beuki asik. Parna manéh, Bro.
Uing geus poho ti iraha urang mimiti layeut. Keun baé. Nu puguh mah, cék batur urang téh solmét. Uing nyaho manéh mah teu loba babaturan. Apan manéh mah rada mahiwal. Loba nu kerung ku kalakuan manéh. Ukur jeung uing bisa klop téh. Ngan ka uing manéh sok balaka. Uing mah nganuhunkeun ka manéh, daék reureujeungan jeung nu tanpadaksa. Teu cara jalma ilaharna. Da batur mah teu cara manéh. Karasa nyaahna manéh ka uing. Moal, uing moal nyangka ngan pédah euweuh batur nu daék nyobat jeung manéh. Uing mah rék hadé sangka, manéh nyaah ka uing, nyobat jeung uing, lantaran haté manéh, Bro.
“Bray, aing rék curhat, tong nyeungseurikeun nya?”
Rada hémeng nempo manéh kitu téh. Teu sasari. Apan manéh mah sakitu ijidna kana cucurhatan. Manéh mah dibulen ku géngsi. Salila ieu paling manéh mah ukur balaka, henteu ari curhat mah.
Keueung aya, hayang seuri aya, mireng curhat manéh mah, Bro.
“Dua kasieun aing di dunya téh, Bray, sangsara jeung modar.”
Paroman manéh serius basa ngomong kitu, sumpah! Nu kahiji mah geus laksana lain, geus ti kudrat cék manéh gé. Najan geus ditarékahan ogé angger manéh sangsara. Sangsara cék sorangan. Heueuh nasib kitu meureun nya. Ah jeung deuih méntal, sakali deui méntal, Bro! Sedih uing mah, kahayang jadi beunghar teu dibarengan ku tékad nu kandel. Teu junun manéh mah. Teu sabaran. Nu kadua, hiji hal nu nyieun hirup manéh ginggiapeun. Sieun maot. Lebah dieu uing reueus. Manéh sieun maot sabab ngarasa hirup can bener, hayang bisa nyenangkeun kolot heula, hayang ngasaan heula kawin (nikah meureun, Bro). Pangpangna mah manéh sieun asup naraka nya, Bro? Alus, geuning ka dinya mah manéh inget.
Ngan kasieun téh éléh ku aral manéh mah, Bro. Lantaran marudah, buntu laku. Haté manéh guligah, laju barontak. Tuluy jiga nu nangtang pati. Sompral, hayang gancang-gancang maot. Nginum, nyiméng, ngobat ngarah OD, angger beleger. Manéh tambah aral.
“Kaya kieu mah modar téh kudu ganti cara, nurutan Simoncelli!” Strés manéh, Bro.
Ngahaja nyemprung kana motor teu dihélem, can waktuna kénéh waé. Luluasan milu balap liar, ukur mawa modal aral. Nepi ka hiji wanci manéh jol ngereles. Poé. Minggu. Bulan. Uing leungiteun, téga manéh ninggalkeun uing. Hiji mangsa, manéh nyieun ibur salembur. Ngurunyung, jeung manéh nu kapahung. Janggotan, disorban, dangdanan jiga anggota ormas anu dina tipi. Ngomong jadi jauh tanah ka langit, semu da’wah ayeuna mah. Halal haram, meunang henteu. Kapir, Zionis, Amerika laknatullah. Ginding manéh, Bro. Uing bungah sakaligus hémeng nempo manéh harita. Tuluy sakabéh koléksi buku, kasét kameumeut, diduruk ku sorangan.
“Jieunan kapitalis, Yahudi, matak leungit iman!” manéh jiga seuneu ngabebela.
Matak nyieun keueung salembur, Bro, ku cara manéh anu ngentab. Harita di lembur, manéh geus jiga sélébritis. Tinekanan kahayang téh, Bro.
“Riya anu kitu ngaranna!” kalah nyégag.
Nyaan geus béda manéh harita. Manéh nu baheula ngan kari késingna. Eusina mah uing teu wawuh.
Lila-lila uing geus biasa, sakapeung manéh lila di lembur, sakapeung ngereles mangbulan-bulan. Ngan hiji nu angger, kanyaah manéh ka uing. Teu laas.
Jadi kasép manéh mah maot téh, Bro. Heueuh sahid téa meureun nya. Sing asup surga wé najan uing nyaho manéh mah ngan Islam KTP. Ngaji ukur bisa alip ba ta sa. Solat mun pédah aya karémpan. Diajak puasa pajar boga maag akut. Batur jumaahan ieu mah kalah ngaguher. Tapi manéh mah budak bageur. Lain tukang korupsi, tukang nelasan jelema, rampog, réntenir, pulisi, tentara, anggota déwan, atawa anggota partéy. Apan jahat cék manéh mah ngan ukur éta lain? Nu lian mah kaci lain? Jeung ayeuna mah apan geus disorban, cirining jalma nu agamis.
“Mending solat tapi korupsi, atawa teu solat tapi teu korupsi?”
“Aing mah teu matak nyangsarakeun batur, teu matak nyieun modar batur! Sangsara ukur keur aing, ngeunah ukur keur aing! Kari nungguan modar ayeuna mah!” Kitu harita, basa can disorban.
Geus cumpon, Bro. Asup Kleup 27. Tadi wanci balébat, manéh datang dijajap ku hiungna sora sirineu. Ngan teu kawas Cobain atawa Simoncelli. Teu nanaon. Uing mah ngan rék ménta hampura ngeunaan hiji perkara. Rumasa dosa, nu cék uing, mangrupadosa hiji-hijina uing ka manéh.
Uing ngampihan sababaraha barang manéh. Hampura uing teu bébéja. Uing éra, teu wani pok, bisi pajarkeun tuturut munding. Padahal mah, uing hayang kawas manéh, resep musik, beuki maca, hobi lalajo pilem. Uing keur ngalalanyahan, Bro. Ngan uing mah moal kawas manéh, lebah tukang ngimpi jeung teu sabaranna mah. Bro, tempokeun nya, sakséni, kahayang manéh bakal laksana, ku uing. Demi manéh Bro. Ukur keur manéh. ***
Rancabolang, 5 September 2013

Tidak ada komentar:
Posting Komentar