Sabtu, 29 Maret 2014

ARTIKEL

Fiksi Mini Adaptasi

oleh Endah Dinda Jenura

Jenny Mathis  
W A W A N
 
Manehna keur ngarasa jadi jelema pangsial-sialna saalam dunya. Isuk-isuk keneh geus dicarekan laklak dasar ku nu boga kosan, ditagih geus 3 bulan can mayar. Peuting ieu, motor bututna nu mogok kapaksa ditinggalkeun di bengkel tuluy manehna ngalenghoy balik, leumpang 3 kilo jauhna bari ngajingjing keresek, asa lebar naek angkot lantaran nyaho duit dina loket kari genep rebu deui. Nepi ka kamar, kasampak lauk cocooanana geus ngambang, paeh dina akuarium nu caina butek. Bari ngarahuh gak kana piring rek murak sangu goreng nu geus tiis dina keresek. Gap sendok. Barang am, gurubug tibuburanjat bari kuplak-koplok. Rarasaan mah geus omat-omatan sangu goreng teh ulah diladaan. Duh. Aya-aya wae, pikirna, bari ngarasakeun beuteung nu nya ngurubuk nya ngusial, ngahuleng neuteup sakuriling kamar kost nu rupek, balatak teu kaurus. Rahuh. Ceg kana handphone, mariksa pulsa kari sarebu perak, klik mencet nomer, tuuuuuutt... Tuuuuutt... Tuuuuuuutt... "Wan?" Ceuk nu ngangkat ti ditu.
"Mah," tembalna peura. "Enjing Wawan bade uih, nya?"

M. Stanley Bubien
CEUK NU MABOK 

"Saha nu mabok, Nying?"

 
T I B R A
Elaine Cleveland
Norojol ti jero laut nu motah lambakna, buluna umyang herang, gajleng teh sakadang maung luncat kaluar. Culang-cileung. Gerem. Gerem. Prok dua pasang mata paamprok. Mata manehna nu ceuleuyeu jeung mata maung nu seukeut. Maung ngalenghoy ngadeukeutan, manehna colohok. Brek andiprek dina keusik. 

Naha di laut aya maung? Manehna ngarahuh bari malik nangkeup boneka. Dina impian, maung eta, nu kaluar ti laut tea, nu sihungna ranggeteng, matana seukeut, buntutna panjang, beuki deukeut nyampeurkeun terus nyarita bari diuk gigireunana, "Nita nuju naon? Ngiringan ameng ih."

August Remier
L A P A R 

Anjrit lapar, jabaning euweuh dahareun pisan di imah, kapaksa megat tukang mie tek-tek nu ngaliwat, sahuap langsung beak. Tapi lapar keneh, jadi kapaksa kokorobet neangan naon wae caplukeun saaya-aya. Tapi weleh. Euweuh roti, euweuh mie instan, euweuh sesa deungeuna, euweuh sangu saremeh-remeh acan di tukangeun lomari, jero kulkas, jero panci, kolong korsi, laci, luhureun piring jeung ubin... Euweuh nanaon dimamana.

Tungtungna mah kapaksa ngadahar Harga Diri. Rada liat semu pait dicapekna, hese ditelegna, ampir diutahkeun deui. Tapi ahirna kateleg oge si kasebelan teh. Ngan angger can seubeuh. Beuteung jejeritan nagih eusi... Ras inget kana Kawani, ngeunah sigana lamun dikulub. Prak weh, ngulub Kawani nepika hipu, tuluy digegel. Gustiiii... Leuwih pait tibatan Harga Diri geuning Kawani teh. Ileug-ileugan nelegna, rada pahang, tapi teu burung bisa. Lapar keneh, ngadadar Karunya. Ngeunah nu ieu mah, hipu semu amis. Ledis. Lapar keneh. Halabhab deuih. Culang-cileung. Naon deui atuh nya? Ngahakan Cinta wae kitu? Sigana rangu. Tapi geus lila euweuh Cinta di dieu mah. Percuma kokotetengan ge. Ieu we lah nu aya, Cimata. Leguk. Leguk. Jadol teu matak seubeuh geuning Cimata teh!

Kareret aya Harepan ngagoler dina meja, dibungkus daun cau. Diangseuan teh bau tengi. Mikir sakedapan terus gogodeg. Najan lapar, uing hayang hirup keneh. Lung Harepan dipiceun kana wadah runtah. Rarat-reret deui. Lakadalah aya Kayakinan, geuning, hong siah kapanggih nyempod jero katel! Diasaan teh ngeunah, siga daging, gurih jeung ampeg... 

Eureuleu teurab. Tah geuning. Bari ngusapan beuteung nu bageur teu rungsing deui, uing ngagoler lalajo TV. Peuting ieu geus euweuh nu nyesa. Isukan naon nu kudu didahar? Ah. sabodo teuing. Isuk mah kuma isuk weeee...

 
hilap nu ngarangna saha :D 
G E L U T 

Der weh campuh. Gejrot. Gejrot. Getih mancawura tina irung, tina juru biwir, tina pipi nu soek. Maju ka tengah peuting, mangsa bulan ngahenen katirisan, leuseuh ku cape jeung mabok, duaan nyarande dina tembok, nyanghareupan botol anyar. "Anjing teh, tenjo, leungeun aing bareuh nepika hese nyekek botol-botol acan," ceuk manehna bari nembongkeun buku-buku leungeunna nu katempo lecet, kabulen getih garing. Kuring ngan wasa unggeuk bari nyeuseup bir, muringis basa alkohol ngaliwatan biwir nu jeding. Mata petet. Sirah jejedudan. Ret kana leungeun sorangan nu beresih, hate ngutruk lantaran teunggeulan ka manehna ngeplos teu nenggel hiji-hiji acan...


Tidak ada komentar:

Posting Komentar