Nu Hayang Panggih
Haténa
rajét. Teu mangrupa. Ti saprak nyaksian ku panonna sorangan, kalakuan
dua jelema nu salila ieu geus dianggap malaikat ku manéhna. Awahing
nandangan kapeurih nu liwat saking, cimatana nepi ka teu nyésa
sakeclak-keclak acan. Teuteupna kosong, lir nu jauh panineungan. Jorojoy
dina haténa, hayang minangsaraya ka matapoé, sobat anyar nu sok remen
diajak ngawangkong saban keur manceran.
Gilig. Lunta ninggalkeun lembur. Berebet. Muru ka wétankeun. Meulah
tapel wates dayeuh. Nyorang pirang-pirang jalan tarahal. "Aing kudu
panggih jeung matapoé...!" Gorowokna saban waktu.
Sabulan. Sataun. Nepi ka sawindu. Masih kénéh lumpat. Sakapeung mah dampal sukuna méh teu napak kana taneuh. Buukna jadi ngarewig, kulitna lestreng bakating kapoé. Geus euweuh kaén nu napel dina awakna. Ngan dina héhérang panonna, aya sumanget nu teu weléh ngagedur. Manéhna ngarasa yakin, hiji waktu pasti bakal amprok jeung matapoé

Tidak ada komentar:
Posting Komentar