Afkir
Duk..!
Duk...! Duk...! Sora tina jero lomari. Mimitina mah lalaunan. Mingkin
lila mingkin awor sorana. Braaaakkk...! Pantona jebol. Eusina
ngaburudul. Paheula-heula. "Langab geuning di luar mah!" ceuk daster
batik, bari babatek. "Najiiisss...! Teu kuat ku eungapna, uingah!" Gamis
sutra bibirigidigan. "Geus poho wé, nyonyah téh jigana mah!" Kaos
oblong kukulutus. "Uing sono hayang méjéng deui kawas bihari!" ceuk
calana jin. Cumalimba. "Daaakkk...! Naha urang téh rék kieu waé? Betah
kitu arilaing ngajedog dina lomari sayang cucunguk? Jaba bau hapeuk...!" ceuk jékét buludru, bari tipopolotot jeung tutunjuk. "Kudu kumaha atuh
pikarepeun?" Kabaya beureum nanya. "Cuang lunta ayeuna kénéh, kumaha?"
"Sapuuukkk...!" Saurmanuk.
Ngabring. Keketeyepan. Muru ka luar. Kulutrak. Bray. Panto dibuka.
Sakedapan silih pencrong. Semu nu beurat kudu papisah. "Sapu nyéré pegat
simpay, luuurrr...!" Ceuk samping poléng ka baladna. Geus kitu mah,
kabéhanana tingberebet. Malencar. Diteleg ku mongkléngna peuting.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar