Minggu, 13 April 2014

JURUS NGARANG

NULISKEUN AKSARA GEDÉ
Ku: Ki Hasan

 

1. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji dina awal kalimah.
Contona:
- Horéng anjeunna téh midua manah.
- Saha nu can dahar téh?
- Mangga calik!

2. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji dina awal kalimah cutatan langsung.
Contona: 

- Manéhna nanya, ”Ku naon budak téh ceurik?”
- ”Yap ka dieu!” omong lanceukna.
- ”Dinten kamari dongkap téh,” walon manéhna.

3. Aksara gedé dipaké nuliskeun aksara kahiji dina kecap anu aya patalina jeung hal-hal kaagamaan, kitab suci, jeung jenengan Allah (kaasup kecap sulur-Na).

Contona:
- Allah
- Nu Mahakawasa
- Islam
- Qur’an
- Mugi Allah nangtayungan ka umat-Na.
- Mung ka Anjeun abdi sadaya sumembah

4. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji gelar kahormatan, turunan, jeung kaagamaan anu dituturkeun ku ngaran macakal.
Contona: 

- Radén Méméd Sastrahadiprawira
- Haji Hasan Musîapa
- Nabi Muhammad

5. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran kalungguhan (jabatan) jeung pangkat anu dituturkeun ku ngaran macakal.
Contona:
- Gubemur Yogie
- Réktor IKIP Bandung
- Bupati Bogor
- Laksamana R.E. Martadinata

6. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran jalma.
Contona:
- Déwi Sartika
- Oto Iskandardinata
- Hasan Wahyu Atmakusumah

7. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran bangsa, sélér bangsa, jeung basa.
Contona:
- bangsa Indonésia
- urang Sunda
- basa Arab

8. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran taun, bulan, poé, had raya, jeung kajadian sajarah.
Contona:
- taun Hijriah
- bulan Mulud
- poé Jumaah
- poé Lebaran
- Perang Bubat
- Proklamasi Kamerdékaan

9. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran macakal dina géografi.
Contona:
- Gunung Galunggung
- Walungan Cihaliwung
- Selat Sunda
- Laut Aru
- Talaga Paténggang
- Situ Ciburuy
- Pulo Madura

10. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran resmi badan, lembaga pamaréntahan, katatanagaraan, jeung ngaran dokumén resmi.
Contona:
- Departemén Pendidikan dan Kebudayaan
- Karajaan Pajajaran
- Lembaga Basa jeung Sastra Sunda
- Undang-undang Dasar 1945

11. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap-kecap ngaran buku, majalah, surat kabar, jeung judul karangan, iwal kecap partikel (di, ka, ti, pikeun, jeung, anu, jeung sabangsana) anu lain dina posisi awal.
Contona:
- Mun hayang leuwih anteb micinta lemah cai, baca Lalaki di Tegal Pati karya Sayudi.
- Di Luhureun Jukut Reumis kumpulan carpon karangan Yus Rusyana.
- Baruang ka nu Ngarora geus dicitak welasan kali.
- Dina majalah Manglé réa sajak nu haradé.
- Mimiti nulis téh dina koran Sipatahunan.
- Saha anu nulis artikel "Basa Sunda dina Widang Hukum” téh?

12. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun singgetan gelar jeung sesebutan.
Contona:
- Dr. Doktor
- Drs. Doktorandus
- Ir. Insinyur
- S.H. Sarjana Hukum
- M.A. Master of Arts
- Prof. Profésor
- Sdrk. Sadérék
Katerangan:
Singgetan di luhur salawasna dipungkas ku tanda titik (titénan Bab V, Pasal A, Ayat 3).

13. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap anu nuduhkeun pancakaki (saperti bapa, ema, sadérék, kakang, emang, jsté.) anu dipaké pikeun gaganti kecap sulur atawa sesebutan.
Contona:
- Iraha Bapa angkat ka Bogor téh?
Kumaha damang, Ma?
- Mangga calik, Kang!
- Saha carogé Ceu Ucu téh?
- Wartosna Wa Haji Abud badé jarah deui.
- Iraha urang ngalongok Pa Lurah téh?
- Serat Sadérék parantos katampi.

14. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap anu nuduhkeun jujuluk.
Contona:
- Dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét pikaresepeun.
- Saha ari Ki Umbara téh?
- Anu dilélér julukan Si Jalak Harupat téh nya éta Oto Iskandardinata.
- Dayang Sumbi nundung putrana
- Musuh téh gigis ku Sanghiang Borosngora mah.

Palanggeran Ejahan Basa Sunda, 1992, 15-18i

Tidak ada komentar:

Posting Komentar