Minggu, 13 April 2014

FIKSIMINI

Soldadu Tanggal Lilikuran

Maret katompérnakeun. Nincak tengah peuting nu keur jemplang-jempling, angka lilikuran tina almenak di imah Darma, mindarupa jadi sababaraha urang soldadu. Jlung-jleng. Samakta pakarang. Ningker salaki-pamajikan nu keur guling gasahan. "Serbu...!" komandanna nyorowok bedas naker. Nu boga imah reuwas lain meumeueusan. Méméh pangacianana kumpul, Darma kaburu dibeubeutkeun kana ubin.
Darma. Burial-buncelik. Basa beuheungna dijejek sapatu. Sedeng Suprihatin mah keur kokoséhan, tutas sirahna didagor-dagor kana témbok. Reketek. Awak duanana dibakutet ku tambang. "Ampun, Pa...!" ceuk maranéhna bari rawah-riwih nahan kanyeri. Soldadu nu barangasan téh euweuh nu ngawaro hiji ogé. Peureup, cungur sapatu jeung popor bedil; piligenti ngahanca kana sakujur awak. Lir maung ngamuk gajah meta. Nyiksa bébéakan taya ras-rasan.
Getih cur-cor tina sagala liang. Beungeut geus pejét teu mangrupa. Darma jeung Suprihatin. Ngagalolér teu walakaya. Tutas seubeuh ngakaya, komandanna méré komando. "Mundur...!" Saacan laluncatan deui kana jero almenak, aya saurang soldadu nu napelkeun bom kana dingding.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar