Kuring Jeung Manéhna
Bati
tina ngotéktak email manéhna salila ieu. Jadi apal lalakon cintana
saban balabuh. Di Rotterdam kagémbang Si Pirang, Bélinda. Di Boston
bogoh ka Si Donto, Allison. Di Durban kapéngpéongan Si Lenjang, Kéondra.
Sedeng di Shanghai mah kapatri ku Si Jangkung leutik, Fang Yin.
Kahontal ogé cita-citana nu hayang hirup merdéka téh. Hirup nu salawasna
dikuriling ku seungitna kekembangan.
"Ari sia teu timburu?" Haréwos uteuk. Mapanas unggal waktu. Moal, ah!
Naon untungna timburu? Kuring mah surti. Jadi salaki sotéh mun manéhna
keur balik. Cunduk waktuna balayar mah geus lain-lainna deui.
Hatong kapal geus hawar-hawar kapirengna téh. Jirim manéhna nu keur
gugupay ogé mingkin ngaleutikan. Lila-lila saukur nyésakeun titik
hideung di tengah jaladri. Jung baé, Kang! Teu nineung teu sing. Bral,
geura papag éndahna cinta nu sumebar di unggal palabuhan. Teu kudu
hariwang mikiran kuring. Keun baé, aya bapa jeung adi Akang ieuh, nu
satia jadi ubar hanaang salila ieu.